sampurasun,...
abdi bade laporan... perkawis acara seren taun di bogor.
abdi sareng rerencangan tiluan, kaleresan bade ka bandung ti
batawi,... saptu 26 januari 2008... ah,sakantenan ngalangkung ka
bogor,...
tabuh 5 sonten, nembe kaluar tol kota bogor,.. ngadadak di telp ku
rerencangan sma nu domisili di bogor,... jadi weh nganjang heula ka
daerah jl.pajajaran, caket kebun raya bogor.... lumayan, disuguhan
kwetiau sareng gule....
bada isa, menuju lokasi seren taun,... ka daerah CIOMAS.
berhubung tiluanana sanes urang bogor, jadi kukurilingan,.. tanya
sini situ, da petunjukna mung minim, desa pasir eurih; desa budaya
abah maki.
tabuh 10 wengi nembe kapendak eta lokasi teh.
ti jalan ageung, ka lokasi desa budaya na sekitar 1/2 km... melalui
jalan 1 mobil,.. untung nuju teu hujan, pami hujan mah cigana tiasa
slip da jalanna rada leutak sareng batu leueur...
suasana wengi eta lumayan rame ku pengunjung, terutami di area
panggung, nuju aya jaipongan... disekitar panggung eta seueur
imah2... nu ditempatan ku pengunjung (masih dalam kawasan desa
budaya)... teras dipayun aya bangunan panggung leuit,kanggo nyimpen
beas, ngajejer...
abdi menikmati jaipongan sareng bodor sunda ...
teras ngopi ,balanja kaos sareng meser kaen sarung tenun ti urang
baduy luar nu kaleresan sumping ka eta acara,....
tabuh 12 wengi, nu tadina bade teras menuju bandung,... ah rada
menikmati suasana heula, gogoleran di panggung aula, nu lumayan luas
skitar 12 m x 20 m... didinya seueur oge nu gogoleran, malihmah aya
rombongan ti sma bogor sareng guru2na, cigana nu ngisi acara,...
ngobrol sareng dulur didinya,... teu karaos tos adzan subuh,...
tadina mah bade ninggal acara puncakna, dinten minggu siang na,..
mung da kumaha, rerencangan nu nebeng ka abdi, kedah aya di bandung
cenah siang teh...
jadi na weh abdi mung sampe tabuh 6 subuh di eta acara teh....
sakitu, carita perjalanan sim kuring di acara seren taun na abah
maki teh... (sareng tuan rumah na mah teu pendak, da nuju sibuk
anjeuna nyiapkeun acara...)
tanggapan:
acara kasundaan, masih aya..... masih tiasa diayakeun, tapi sangat
tergantung urang2 na,... sapertos abah maki, anjeuna gaduh lahan,
gaduh modal waragad, sareng gaduh niat kasundaan,... janten weh
kalaksana hiji sumbangan ka pelestarian budaya sunda...
mung, kakurangan sareng keterbatasan kawasan budaya eta masih
seueur,.... baik secara sarana-prasarana maupun konsep kawasan
dan 'service' kepada pengunjung,... tapi justru ieu kedah aya pihak
lain anu ngarojong, ngabantu secara langsung maupun tidak langsung
eta kawasan budaya,...
ngadirikeun kasundaan teh beurat,... hese, tapi ku ridho jeung ku
niat lempeng mah,... sumbangan nu sakedik oge tiasa berpengaruh
bagus.
terlepas dari kakurangan sareng kaalusan pelaksanaan ieu acara seren
taun,... abdi pribados ngucap salut ka abah maki nu gaduh gerakan
secara langsung ngalestarikeun budaya sunda....
rampes
=roche=
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/