Sim kuring mah dongkapna dinten ahad siang ngan henteu lami kumargi pun anak maksa ngajak mulang. Sumuhun, mugia aya pangrojong (upamina wae ti Pemda Bogor) kanggo nyaean infrastruktur anu ngarah ka KBS.
Salam, Aschev ----- Original Message ---- From: agus <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Sunday, January 27, 2008 6:26:44 PM Subject: [kisunda] MALAM MINGGU,...DI SEREN TAUN BUMI - BOGOR sampurasun,. .. abdi bade laporan... perkawis acara seren taun di bogor. abdi sareng rerencangan tiluan, kaleresan bade ka bandung ti batawi,... saptu 26 januari 2008... ah,sakantenan ngalangkung ka bogor,... tabuh 5 sonten, nembe kaluar tol kota bogor,.. ngadadak di telp ku rerencangan sma nu domisili di bogor,... jadi weh nganjang heula ka daerah jl.pajajaran, caket kebun raya bogor.... lumayan, disuguhan kwetiau sareng gule.... bada isa, menuju lokasi seren taun,... ka daerah CIOMAS. berhubung tiluanana sanes urang bogor, jadi kukurilingan, .. tanya sini situ, da petunjukna mung minim, desa pasir eurih; desa budaya abah maki. tabuh 10 wengi nembe kapendak eta lokasi teh. ti jalan ageung, ka lokasi desa budaya na sekitar 1/2 km... melalui jalan 1 mobil,.. untung nuju teu hujan, pami hujan mah cigana tiasa slip da jalanna rada leutak sareng batu leueur... suasana wengi eta lumayan rame ku pengunjung, terutami di area panggung, nuju aya jaipongan... disekitar panggung eta seueur imah2... nu ditempatan ku pengunjung (masih dalam kawasan desa budaya)... teras dipayun aya bangunan panggung leuit,kanggo nyimpen beas, ngajejer... abdi menikmati jaipongan sareng bodor sunda ... teras ngopi ,balanja kaos sareng meser kaen sarung tenun ti urang baduy luar nu kaleresan sumping ka eta acara,.... tabuh 12 wengi, nu tadina bade teras menuju bandung,... ah rada menikmati suasana heula, gogoleran di panggung aula, nu lumayan luas skitar 12 m x 20 m... didinya seueur oge nu gogoleran, malihmah aya rombongan ti sma bogor sareng guru2na, cigana nu ngisi acara,... ngobrol sareng dulur didinya,... teu karaos tos adzan subuh,... tadina mah bade ninggal acara puncakna, dinten minggu siang na,.. mung da kumaha, rerencangan nu nebeng ka abdi, kedah aya di bandung cenah siang teh... jadi na weh abdi mung sampe tabuh 6 subuh di eta acara teh.... sakitu, carita perjalanan sim kuring di acara seren taun na abah maki teh... (sareng tuan rumah na mah teu pendak, da nuju sibuk anjeuna nyiapkeun acara...) tanggapan: acara kasundaan, masih aya..... masih tiasa diayakeun, tapi sangat tergantung urang2 na,... sapertos abah maki, anjeuna gaduh lahan, gaduh modal waragad, sareng gaduh niat kasundaan,.. . janten weh kalaksana hiji sumbangan ka pelestarian budaya sunda... mung, kakurangan sareng keterbatasan kawasan budaya eta masih seueur,.... baik secara sarana-prasarana maupun konsep kawasan dan 'service' kepada pengunjung,. .. tapi justru ieu kedah aya pihak lain anu ngarojong, ngabantu secara langsung maupun tidak langsung eta kawasan budaya,... ngadirikeun kasundaan teh beurat,... hese, tapi ku ridho jeung ku niat lempeng mah,... sumbangan nu sakedik oge tiasa berpengaruh bagus. terlepas dari kakurangan sareng kaalusan pelaksanaan ieu acara seren taun,... abdi pribados ngucap salut ka abah maki nu gaduh gerakan secara langsung ngalestarikeun budaya sunda.... rampes =roche= ____________________________________________________________________________________ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
