He, he, he, keun bae atuh Kang Tirta teu kedah kahartos ari tos karaos mah..! Perkawis nami "wijaya' kumaha paniatan anu masihan namina atuh Kang, tapi abdi mah satuju nami teh harapan atanapi do'a ti sepuh urang.
Perkawis Tasik/ Sukapura anu kawitna ti Demak/ Pajang jaman Jaka Tinggkir tea pan sanos Karajaan Pajang teh mung saentragan margi saatos Jaka Tingkir lengser teu aya terasna malih ngawitan ngadegna Mataram, nu matak Kerajaan Pajang dugi kaayeuna henteu populer oge henteu ka susud patilasanana ampir-ampir ditutup ku Jateng atanapi Mataram-na ge. Upami ditengetan urang Urang Tasik mah gaduh cara hirup anu rada benten ti urang sunda sanesna, contona: diwidang perniagaan teras eta ayana "saur sepuh" yen urang Sukapura mah teureuh ti Pajang. Kawitna mah abdi teu ngartos hal ieu, manawi kedah aya panalungtikan anu langkung daria pangaruh Pajang di tatar Sunda khusuna di Sukapura, sabaraha kuren urang pajang anu migrasi ka tatar Sunda harita, sabab musabab urang Pajang ngalih ka Sukapura, kumaha kondisi Sukapura dina waktos harita +/- taun 1500 - 1550 kaitanana sareng penduduk asli didinya, tiasa wae mangsa harita Sukapura daerah sepi/kosong ti pangaruh karajaan-karajaan alit anu ngawengku eta wewengkon. Saleresna upami diklaim yen bupati-bupati di priangan asal-usulna ti Pajang/ Demak mah rada "sensi" atuh tapi nya ari buktosna kitu, urang teu tiasa kukumaha deui atuh da eta mah tos janten sajarah. Sok atuh ayeuna mah di tataan bae bupati mana bae nalikan jaman Pajang// Demak// Mataram anu kawitna ti wetan. wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: Tirta widjaja To: [email protected] Sent: Tuesday, January 29, 2008 12:02 AM Subject: [kisunda] Teureuh Batara Dangiang Guru?? Hatur nuhun kang Dudi.....1000% abdi mah teu ngartos, nu penting mah jalan terus nyukcruk karuhun... Wijaya......Nu ngangge eta nami di kulawargi teh: Tirtawidjaja, Kertawidjaja (saur ema Iyam di Ciomas mah Kartawidjaja), Adiwidjaja, Sastrawidjaja.... Di gigireun kuburan Eyang Tirta teh namina Eyang Matarana da saurna kawitna ti mataram.... Ceuk "Sajarah Sukapura" asal Bopati2 Priangan mah asal usulna ti Pajang/Demak ti Raden Dago, nya tangtos ngawengku Sumedang. Urang teraskeun deui ah Semplak Waja... JP Sim kuring di Jakarta di Kuningan, alamatna? Nu aya kaca patri gambar kujang, daun paku. Dihareup aya tulisan Saung Galah (latin) dihandapna Jalak Pakuan (sunda pegon niron tina tulisan sunda kiriman kang Kumi). Kaleresan (coincidence)??? Duka atuh.... . [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
