jigana mah jurus toong kang dudi rada tijalikeuh. hehehe. energi nu dipancerkeun ngaliwatan kabel siber sakitu legana jeung gudawangna. samarukna "tirta wijaya" ngaran asli, padahal mah sandiasma. (mh)
On 1/29/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > He, he, he, keun bae atuh Kang Tirta teu kedah kahartos ari tos karaos > mah..! > Perkawis nami "wijaya' kumaha paniatan anu masihan namina atuh Kang, tapi > abdi mah satuju nami teh harapan atanapi do'a ti sepuh urang. > > Perkawis Tasik/ Sukapura anu kawitna ti Demak/ Pajang jaman Jaka Tinggkir > tea pan sanos Karajaan Pajang teh mung saentragan margi saatos Jaka Tingkir > lengser teu aya terasna malih ngawitan ngadegna Mataram, nu matak Kerajaan > Pajang dugi kaayeuna henteu populer oge henteu ka susud patilasanana > ampir-ampir ditutup ku Jateng atanapi Mataram-na ge. Upami ditengetan urang > Urang Tasik mah gaduh cara hirup anu rada benten ti urang sunda sanesna, > contona: diwidang perniagaan teras eta ayana "saur sepuh" yen urang Sukapura > mah teureuh ti Pajang. Kawitna mah abdi teu ngartos hal ieu, manawi kedah > aya panalungtikan anu langkung daria pangaruh Pajang di tatar Sunda khusuna > di Sukapura, sabaraha kuren urang pajang anu migrasi ka tatar Sunda harita, > sabab musabab urang Pajang ngalih ka Sukapura, kumaha kondisi Sukapura dina > waktos harita +/- taun 1500 - 1550 kaitanana sareng penduduk asli didinya, > tiasa wae mangsa harita Sukapura daerah sepi/kosong ti pangaruh > karajaan-karajaan alit anu ngawengku eta wewengkon. > > Saleresna upami diklaim yen bupati-bupati di priangan asal-usulna ti > Pajang/ Demak mah rada "sensi" atuh tapi nya ari buktosna kitu, urang teu > tiasa kukumaha deui atuh da eta mah tos janten sajarah. Sok atuh ayeuna mah > di tataan bae bupati mana bae nalikan jaman Pajang// Demak// Mataram anu > kawitna ti wetan. > > wassalam, > dudi_ss > > ----- Original Message ----- > From: Tirta widjaja > To: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com> > Sent: Tuesday, January 29, 2008 12:02 AM > Subject: [kisunda] Teureuh Batara Dangiang Guru?? > > Hatur nuhun kang Dudi.....1000% abdi mah teu ngartos, nu penting mah jalan > terus nyukcruk karuhun... > > Wijaya......Nu ngangge eta nami di kulawargi teh: Tirtawidjaja, > Kertawidjaja (saur ema Iyam di Ciomas mah Kartawidjaja), Adiwidjaja, > Sastrawidjaja.... Di gigireun kuburan Eyang Tirta teh namina Eyang Matarana > da saurna kawitna ti mataram.... Ceuk "Sajarah Sukapura" asal Bopati2 > Priangan mah asal usulna ti Pajang/Demak ti Raden Dago, nya tangtos > ngawengku Sumedang. > > Urang teraskeun deui ah Semplak Waja... > > JP > Sim kuring di Jakarta di Kuningan, alamatna? Nu aya kaca patri gambar > kujang, daun paku. Dihareup aya tulisan Saung Galah (latin) dihandapna Jalak > Pakuan (sunda pegon niron tina tulisan sunda kiriman kang Kumi). > Kaleresan (coincidence)??? Duka atuh.... > > . > > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
