pami urang madura mah, mun aya kapal laut tilelep teh surak...
da eta seuseueurna sodagar beusi

tah upami kasauran ti teun abdi mah
endog bobodasna di kabaturkeun,
beubereumna dileg-leg ku Amerika !
duka naon tah hartosna !

salam,



On Thu, Jun 26, 2008 at 6:16 PM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   eta resep endog porosot 'nolol' teh, aya oge dina resep jamu madura.
> harita aya budak mabok ngapung, teu kuateun naek manuk beusi, ku urang
> madura diubaran ku susu panas campur endog hayam kampung beubeureumna,
> enyaan eta resep teh mujarab, nu mabok gancang seger jeung cenghar
> deui.
>
> salam
> mh
>
>
> On Thu, Jun 26, 2008 at 5:58 PM, Ema Sujalma <[EMAIL 
> PROTECTED]<sujalma%40gmail.com>>
> wrote:
> > Saena mah gula beureumna meunang nyadap sorangan, naheur legen
> > nyalira, nepi ka nitiskeunana. Mmmhhh pedo pisan eta duga dicolek ku
> > beuleum sampeu, jadi wae nostalgia keur budak, pipir hawu Mang Eji,
> > pangebon jeung panyawah pang solehna ceuk pun bapa mah :). Atuh
> > maduna kenging karancagean nyalira, ti mimiti nandaan engang atawa
> > nyiruan anu nuju ngaroris kembang, mangdamelkeun sayangna, teras
> > misah-misahkeun maduna.....hehehe. Ala kuli hal hatur nuhun pisan
> > Ambu. Abdi haqqul yakin kana resep model ti Ambu teh, mung kalan-kalan
> > sok keur seepeun barang.
> >
> > Madu asana aya keneh, kamari basa mulang ti Indramayu nukeuran sabotol
> > di Majalengka. Gula beureum? sigana kudu ngalongok deui Lumbung. Di
> > Pasir Pogor-Lumbung, gula kawungna baradag, sagede-gede piring teh
> > lain bohong. Henteu sagede piring pisan mah, ampir wae. Naon deui nya?
> > oh muhun, endog hayam kampung. Ngan kudu anu karek crut ti surgana
> > saurna Ambu? Leuh ieu anu matak ngalatih kasabaran oge manajemen teh.
> > Kumaha carana sangkan unggal isuk aya anu ngurunyung ngasongkeun endog
> > hayam kampung baru crut tina ...busurna. Aya nu gaduh ideu? mangga
> > sakantenan ulah pameng. diantos pisan.
> >
> > Dina leresan ideu-ideu manajemen sangkan gaduh akses kana endog hayam
> > kampung (kampung mana wae, moal dibeda-beda), abdi sacara khusus
> > ngahaturanan gan Ema, gan Agus, Mh, oge nu sanesna kanggo ulubiung
> > maparin bongbolongan. Mangga dihaturanan.
> >
> > baktos,
> > manAR
> >
> > On Thu, Jun 26, 2008 at 4:16 PM, Ema Sujalma <[EMAIL 
> > PROTECTED]<sujalma%40gmail.com>>
> wrote:
> >>
> >> ke ke ke, hayam kampung, madu, gula kawung, parud koneng,
> >> naha da mike tison ge pami bade tinju jamuna teu kieu kieu teuing, he he
> >> jiga jajamu anu rek tarung ieu mah, rek makalangan,
> >> wahh,
> >> tambihan sapu nyere (jang ngagebug nu baong), meh tiasa NYERE NGEH
> >>
> >>
> >> cobi galih :
> >> endog nembe prol (nambut istilah Ambu)
> >> endog nembe crot tina surga (nambut istilah Kang Oman)
> >> endog nembe nganjuk ti tatangga ( maenya rek ditambut deui..)
> >> saur abdimah endog nembe GOODBYE tina eta.....
> >> eta naon ?
> >> muhun eta !
> >> naon ?
> >> etana hayam...
> >>
> >> tah Kang Oman nu nuju laleuleus, emutkeun "sejarah" eta !
> >> sateuacana salira NGALEUEUT eta ramuan....
> >> der bojo diajak tinju, pan tambih leuleus....
> >> har ituh.....
> >>
> >>
> >>
> >>
> >>
> >>
> >> On Thu, Jun 26, 2008 at 3:08 PM, richadiana kartakusuma
> >> <[EMAIL PROTECTED] <richadianakartakusuma%40yahoo.com>>
> wrote:
> >>>
> >>> tah Kang Oman,
> >>> darah rendah teh...margi kirang istirahat eta teh...sok nyileuk bae
> >>> numawi pami ku endog kampung + koneng + madu.... geura mangga cobian
> >>> atanapi taroskeun ka kang Yaya...leres teu tah resep sim uing....
> >>>
> >>> sadidinten ngabaheum...gula kawung...kituuuu
> >>>
> >>>
> >>>
> >>> ----- Original Message ----
> >>> From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] <omanarah%40gmail.com>>
> >>> To: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
> >>> Sent: Thursday, June 26, 2008 2:35:51 PM
> >>> Subject: Re: [kisunda] Re: komik PS; tos seueur masukan, hatur
> nuhun,...
> >>> 'inti POWER PS
> >>>
> >>> Urusan getih mah abdi kaasup anu kalem wae. Bade mayunan sate sapiring
> >>> atawa neda kadu tilu sirah wae mah sarintakan, no problem, malah
> >>> kaasup darah rendah abdi mah Ambu. Waktu maag abdi kambuh kamari
> >>> bareng jeung darah anu nyirorot dugi ka 90 Ambu, jadi wae baluweng wae
> >>> sok sanaos nyenyepeng amplop (aya amplop honor jadi notulen seminar di
> >>> Bengkulu). Wangsul ka Bandung eusi amplop nyeak ka dokter sareng
> >>> obat-obatan oge ngagaleuh naon wae nu matak ngahibur nu teu damang
> >>> (usulan pun bojo nu akhir mah, sapalih) . Ni'mat na hirup pas-pasan
> >>> hehehe.
> >>>
> >>> manAR
> >>>
> >>> On Thu, Jun 26, 2008 at 2:26 PM, richadiana kartakusuma
> >>> <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> >>> > leres ge bari heureuy, MATIH
> >>> > buktoskeun.. .resep abdi mah teu sagawayah... enyaan
> >>> >
> >>> > atuda Kang Oman sigana teh ngabungbang bae...
> >>> > eta teh padaharanana kaeusian angin... ngan teu diraos
> >>> > antukana kana maag.....lami2 peurih....komo ku kopi mah
> >>> >
> >>> > tapi duka ketang... boa Kang Oman kasawat getih luhur keusik naek
> >>> > ...hehehehh ..darah tinggi..kitu
> >>> >
> >>> > ----- Original Message ----
> >>> > From: mh <[EMAIL PROTECTED] com>
> >>> > To: [EMAIL PROTECTED] .com
> >>> > Sent: Thursday, June 26, 2008 2:03:19 PM
> >>> > Subject: Re: [kisunda] Re: komik PS; tos seueur masukan, hatur
> >>> > nuhun,...
> >>> > 'inti POWER PS
> >>> >
> >>> > On Thu, Jun 26, 2008 at 2:57 PM, richadiana kartakusuma
> >>> > <richadianakartakus u [EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> >>> >> oge kang Oman
> >>> >> poma ulah hilap, unggal dinten kdah ngeureuyeuh ngaleu-euutan Madu
> >>> >> "ASLI"
> >>> >> sareng parud koneng + endog hayam KAMPUNG beu-beureumna. .
> >>> >>
> >>> >> Kdah endog hayam kampung...nu nembe "prol borosot" tina si
> >>> >> burik...antosan
> >>> >> bae...sing sabar...pami aya nu ngingon hayam kampung..wios nu
> tatangga
> >>> >> ge...enggal. ..didodoho. ..tewak pencet beuteungna.. .ngkeh prol
> >>> >> endogna....hayamna uihkeun deui ka tatangga nya.
> >>> >>
> >>> >
> >>> > ambu, mani nyiksa pisan resep teh, telenges kacida teuing, teu aya
> >>> > ras-ras-an peri-kahayaman. hehehe. matih eta resep teh ambu? hehehe.
> >>> >
> >>> > salam,
> >>> > mh
> >>> >
> >>> >
> >>>
> >>
> >>
> >>
> >> --
> >> Ema Sujalma
> >
> >
> > --
> > Ema Sujalma
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke