rampes, haturan...
eta sok ugun agan ka simkuring teh
jiga Ambu wae...


ah henteu gagal,

samalih pami dina konteks bodor mah YOU DID IT !
eta satengah sapuluh wengi nyerengeh wae, meni tariasaan eta kasadayana
ngabagjakeun ka endog porocot,




On Thu, Jun 26, 2008 at 6:22 PM, agus rohaendi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    sampurasun gan ema,...
>
>
>
> simkuring oge rumaos ngartos kana masalah nu ayeuna ku gan ema dihadapi,...
> simkuring mikiran eta masalah endog,...
>
> ku simkuring tos di ubek di google search,... masalah 'endog porocot',...
> weleh weleh,.. malah kana situs ilmu pengetahuan tentang biologi,... beuki
> jauhhh
>
>
>
> tapi simkuring teu putus asa,... nyobian survey ka babakan tarogong, cenah
> aya komunitas pengusaha home industri.
>
>
>
> bada magrib simkuring nepi di babakan tarogong,... langsung ka pa haji
> edi,.. ku abdi teh di wawancara nyiar info ngeunaan 'endog porocot',..
>
> haji edi carita sajarah anjeuna,... lumayan panjang kang,... da dimulaina
> ti jaman walanda,... kumaha anjeuna cumarita keur ngilu ngungsi cenah ka
> jogja,.. dilanjut carita keur naek haji ka mekah, cenah make kapal laut,...
>
> geus lila carita sajarah pa edi,.. ditungguan weh ku simkuring sabar, sugan
> geura kana parsoalan endog,...
>
> pas geus panjaang nguraikeun sajarah, nepi weh kana carita jaman kiwari,
> utamana usaha na haji edi,....  ti ngarintis, nepi ka kiwari jadi
> pangusaha gede,...
>
>
>
> ceuk haji edi, "kurupuk mah nu penting tong terhambat tina distribusi,..
> kudu apik tina ngaracik jeung ngagorengna,.."
>
> harrrr... naha kurupuk? "pa haji, simkuring bade milarian parsoalan endog
> porocot,.. sanes kurupuk"
>
>
>
> "na, ujang,... duka atuh endog mah, da simkuring mah sodagar kurupuk ti
> babakan tarogong,..."
>
>
>
> ah,... salah info, sugan teh sodagar endog,
>
>
>
> belegug si somad mere info salah.
>
> balik tidinya, kuring ngahuleng weh di sisi jalan nyengseret,... bari
> mikiran kumaha neangan info eta endog porocot,...
>
>
>
> keur ngahuleng kitu,.. ngaliwat hayam,... dicukang irung,..
>
> eureun sakeudeung,... terus,... crot weh,...
>
> tah,.. naon nu morocot?
>
>
>
> bedul,... ciga nu nyahoeun eta hayam kana karungsing kuring,... cigana
> manehna ngahaja mrocot di hareupeun kuring,...
>
>
>
> tapi alhamdulillah, simkuring teu emosi, kudu wijaksana ka sasaha wae,
> sekalipun terhadap sang hayam,... pan manehna oge boga hak azasi hayam,...
>
>
>
> kuring ahirna balik,... naek angkot koneng cikudapateuh,...
>
> di imah kuring ngarenung deui,... masih panasaran ku endog porocot,...
>
>
>
> aya haneueul,... dina hate, kumaha kuring ngajawab ka gan ema, mun anjeuna
> nanya perkembangan pencarian abdi ngeunaan info tentang endog porocot,....
>
>
>
> aya haneueul,... na atuh kuring poho, teu nanyakeun nomer hape si hayam nu
> morocot di hareupeun kuring tadi,.... sugan manehna bisa di sms , menta di
> sms balik, mun anjeuna bade porocot endog (lain nu lembek2)
>
>
>
> hampura gan ema,... abdi tos gagal tina misi ..."endog porocot"
>
>
> --- On *Thu, 6/26/08, Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: [kisunda] NDOG POROCOT
> To: [email protected]
> Date: Thursday, June 26, 2008, 4:58 PM
>
>  Saena mah gula beureumna meunang nyadap sorangan, naheur legen
> nyalira, nepi ka nitiskeunana. Mmmhhh pedo pisan eta duga dicolek ku
> beuleum sampeu, jadi wae nostalgia keur budak, pipir hawu Mang Eji,
> pangebon jeung panyawah pang solehna ceuk pun bapa mah :). Atuh
> maduna kenging karancagean nyalira, ti mimiti nandaan engang atawa
> nyiruan anu nuju ngaroris kembang, mangdamelkeun sayangna, teras
> misah-misahkeun maduna.....hehehe. Ala kuli hal hatur nuhun pisan
> Ambu. Abdi haqqul yakin kana resep model ti Ambu teh, mung kalan-kalan
> sok keur seepeun barang.
>
> Madu asana aya keneh, kamari basa mulang ti Indramayu nukeuran sabotol
> di Majalengka. Gula beureum? sigana kudu ngalongok deui Lumbung. Di
> Pasir Pogor-Lumbung, gula kawungna baradag, sagede-gede piring teh
> lain bohong. Henteu sagede piring pisan mah, ampir wae. Naon deui nya?
> oh muhun, endog hayam kampung. Ngan kudu anu karek crut ti surgana
> saurna Ambu? Leuh ieu anu matak ngalatih kasabaran oge manajemen teh.
> Kumaha carana sangkan unggal isuk aya anu ngurunyung ngasongkeun endog
> hayam kampung baru crut tina ...busurna. Aya nu gaduh ideu? mangga
> sakantenan ulah pameng. diantos pisan.
>
> Dina leresan ideu-ideu manajemen sangkan gaduh akses kana endog hayam
> kampung (kampung mana wae, moal dibeda-beda) , abdi sacara khusus
> ngahaturanan gan Ema, gan Agus, Mh, oge nu sanesna kanggo ulubiung
> maparin bongbolongan. Mangga dihaturanan.
>
> baktos,
> manAR
>
> On Thu, Jun 26, 2008 at 4:16 PM, Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED] com<[EMAIL 
> PROTECTED]>>
> wrote:
>
>> ke ke ke, hayam kampung, madu, gula kawung, parud koneng,
>> naha da mike tison ge pami bade tinju jamuna teu kieu kieu teuing, he he
>> jiga jajamu anu rek tarung ieu mah, rek makalangan,
>> wahh,
>> tambihan sapu nyere (jang ngagebug nu baong), meh tiasa NYERE NGEH
>>
>>
>> *cobi galih : *
>> endog nembe prol (nambut istilah Ambu)
>> endog nembe crot tina surga (nambut istilah Kang Oman)
>> endog nembe nganjuk ti tatangga ( maenya rek ditambut deui..)
>> saur abdimah endog nembe GOODBYE tina eta.....
>> eta naon ?
>> muhun eta !
>> naon ?
>> etana hayam...
>>
>> tah Kang Oman nu nuju laleuleus, emutkeun "sejarah" eta !
>> sateuacana salira NGALEUEUT eta ramuan....
>> der bojo diajak tinju, pan tambih leuleus....
>> har ituh.....
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>> On Thu, Jun 26, 2008 at 3:08 PM, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu
>> [EMAIL PROTECTED] com <[EMAIL PROTECTED]>> wrote:
>>
>>>   tah Kang Oman,
>>> darah rendah teh...margi kirang istirahat eta teh...sok nyileuk bae
>>> numawi pami ku endog kampung + koneng + madu.... geura mangga cobian
>>> atanapi taroskeun ka kang Yaya...leres teu tah resep sim uing....
>>>
>>> sadidinten ngabaheum... gula kawung...kituuuu
>>>
>>>
>>>
>>> ----- Original Message ----
>>> From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com <[EMAIL PROTECTED]>>
>>> To: [EMAIL PROTECTED] .com <[email protected]>
>>> Sent: Thursday, June 26, 2008 2:35:51 PM
>>> Subject: Re: [kisunda] Re: komik PS; tos seueur masukan, hatur nuhun,...
>>> 'inti POWER PS
>>>
>>>  Urusan getih mah abdi kaasup anu kalem wae. Bade mayunan sate sapiring
>>> atawa neda kadu tilu sirah wae mah sarintakan, no problem, malah
>>> kaasup darah rendah abdi mah Ambu. Waktu maag abdi kambuh kamari
>>> bareng jeung darah anu nyirorot dugi ka 90 Ambu, jadi wae baluweng wae
>>> sok sanaos nyenyepeng amplop (aya amplop honor jadi notulen seminar di
>>> Bengkulu). Wangsul ka Bandung eusi amplop nyeak ka dokter sareng
>>> obat-obatan oge ngagaleuh naon wae nu matak ngahibur nu teu damang
>>> (usulan pun bojo nu akhir mah, sapalih) . Ni'mat na hirup pas-pasan
>>> hehehe.
>>>
>>> manAR
>>>
>>> On Thu, Jun 26, 2008 at 2:26 PM, richadiana kartakusuma
>>> <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com 
>>> <richadianakartakusuma%40yahoo.com>>
>>> wrote:
>>> > leres ge bari heureuy, MATIH
>>> > buktoskeun.. .resep abdi mah teu sagawayah... enyaan
>>> >
>>> > atuda Kang Oman sigana teh ngabungbang bae...
>>> > eta teh padaharanana kaeusian angin... ngan teu diraos
>>> > antukana kana maag.....lami2 peurih....komo ku kopi mah
>>> >
>>> > tapi duka ketang... boa Kang Oman kasawat getih luhur keusik naek
>>> > ...hehehehh ..darah tinggi..kitu
>>> >
>>> > ----- Original Message ----
>>> > From: mh <[EMAIL PROTECTED] com <khs579%40gmail.com>>
>>> > To: [EMAIL PROTECTED] .com <kisunda%40yahoogroups.com>
>>> > Sent: Thursday, June 26, 2008 2:03:19 PM
>>> > Subject: Re: [kisunda] Re: komik PS; tos seueur masukan, hatur
>>> nuhun,...
>>> > 'inti POWER PS
>>> >
>>> > On Thu, Jun 26, 2008 at 2:57 PM, richadiana kartakusuma
>>> > <richadianakartakus u [EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>>> >> oge kang Oman
>>> >> poma ulah hilap, unggal dinten kdah ngeureuyeuh ngaleu-euutan Madu
>>> "ASLI"
>>> >> sareng parud koneng + endog hayam KAMPUNG beu-beureumna. .
>>> >>
>>> >> Kdah endog hayam kampung...nu nembe "prol borosot" tina si
>>> burik...antosan
>>> >> bae...sing sabar...pami aya nu ngingon hayam kampung..wios nu tatangga
>>> >> ge...enggal. ..didodoho. ..tewak pencet beuteungna.. .ngkeh prol
>>> >> endogna....hayamna uihkeun deui ka tatangga nya.
>>> >>
>>> >
>>> > ambu, mani nyiksa pisan resep teh, telenges kacida teuing, teu aya
>>> > ras-ras-an peri-kahayaman. hehehe. matih eta resep teh ambu? hehehe.
>>> >
>>> > salam,
>>> > mh
>>> >
>>> >
>>>
>>>
>>
>>
>> --
>> Ema Sujalma
>
>
>
>
> --
> Ema Sujalma
>
>
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke