muhun eta teh ku simkuring di waler kieu

wah eta mah jampe anu mulia, saacana ngajampe kudu dituaran heula eta
koruptor-koruptor badag teh, ngan rada susahna teh nu kudu nuaran sareng
kudu dituaran sama-sama kongkalikong, hi hi hi lieur….

ari naklukeun musuh nu nuaran kai mah aya :

kieu saurna aki Eon teh :
ca ci cu hamperuning bayu
bayu leuleus bayu leumpeuh bayu hilang
dat hilang si .........................(titik-titikna di eusian ku jelema
anu ngalakukeun illegal logging tea)
kalawan widi pangeran
(sahadat)

baktos,



On Wed, Jul 2, 2008 at 8:53 PM, Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

>    punten ah ngiringan..
> Kang Ema Nyerat : "*kang..kumaha aya jampe supados leuweung urang awet teu
> dituaran? Pan gening di Kalimantan mah cenah tos seueur leuweung nu
> gundul….aeh di urang oge tah di Sancang Garut garundul.
> *kumaha ?"
>
> Upami jalma asup ka leuweungna make Jampe, tangtu sakuduna mah ulah kalah
> ngaruksak Leuweung, komo dugi ka garundul mah...
>
> Leuweung urang supados awet mah, sanes ngajampean Leuweungna, tapi jelemana
> kudu di jampean (kudu di ruwatna) kulantaran teu cageur, geus wani
> ngaruksak/nuar bari teu melak deui.
>
> heheheh :)
>
>
> ----- Original Message -----
> *From:* Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Wednesday, July 02, 2008 9:45 AM
> *Subject:* [kisunda] jampe
>
>  sababaraha waktos kapengker kuring kopas jampe asup ka leuweung
> dilebetkeun kana blog
>
> "ari ngeusian leuweung sang si mirah jaja
> hurip ing macan sang si wirajayakala
> hurip ing badak sang wirajaya
> hurip ing banteng sang si bajulang
> hurip ing uncal bajabong
> hurip ing mencek sang si rego
> hurip ing celeng sang songeng
> hurip ing peucang sang ceuk
> hurip ing ganggarangan sang cala
> hurip ing oray sang batawa
> hurip ing landak sang loh
> hurip ing langgir sang muluh herang
> hurip ing jalan sang lmah herang
> hurip ing laut sang lmah jati
> hurip ing cadas sag luhur maja
> hirup ing dewa sang lahir
> hurip ing sagala ratu ning jurig sang si kanda
> hurip ing buaya sang jenar
> hurip ing kuya sang si maruga…"
>
> teras aya comment anu lebet kana blog kuring ngeunaan JAMPE ASUP KA
> LEUWEUNG
> pertarosan nana teh :
>
> *kang..kumaha aya jampe supados leuweung urang awet teu dituaran? Pan
> gening di Kalimantan mah cenah tos seueur leuweung nu gundul….aeh di urang
> oge tah di Sancang Garut garundul.*
>
> kumaha ?
>
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke