tah aki Eon teh tos teu aya...
pami digentos ku Kang Dens kumaha ?
ngajampena ngangge software , lebetkeun kana chip otakna koruptor,
teras di pantau ku sensor, pami ka deteksi aya kegiatan illegal logging,
pencet weh tombolna, supaya otakna tiburusut,
he he,
eta jampe mah ngan saukur jampe,
baheula jaman kuring keur leutik...



cobi ditingal pami keyword-na illegal logging di gugle
di dinya aya kirang langkung 1.030.000 kasus atanapi link
(anehna teh illegal logging teh pan basa inggris, tapi link nu muncul
sadayana ti indonesia)
rek sabaraha lila eta ningalian unggal situs ku jumlahna wungkul
terus kasus aslina nu bade diungkap sabaraha lila ?

pengrusakan hutan tos ngalindih hak ulayat masyarakat
namung aya conto / model anu TETEP ku simkuring dipikameumeut teh
nyaeta pola BADUY sareng KANEKESNA.
upaya pencegahan kana penggundulan hutan teh tiasa diterapkeun kalayan NYATA
kulantaran NYEPENG amanat karuhun.
tah seuseueurna di Indonesia suku-suku terasing ge lambat laun
janten heroy ningal Rp atanapi Dollar , teu ngemutkeun ka payuneun
nu antukna maranehna sorangan anu kabagean bencana !

...rada OOT ....
pas ningal debat di tvone, Kang Fadjroel (aktivis lami ti ITB) nyebatkeun
nagara urang
teh 70 persena tos dikuasai ku batur, jadi pami tea mah urang nyicingan bumi
urang ngan kabagean dapur wungkul, sedih moal , rek ngalawan moal ?
da ngalawan mah moal nanaon, ti mimiti Sukarno dugi ka SBY lamun teu
sesuai jeung amanat UU Dasar , aya hak jang ngalawan,
buka deui pasal 33 (punten ka Kang Oca angka ieu mah karamat)

balik deui kana jampe,
justru ku ayana jejer anu sifatna hampang pisan,
bisa ngalahirkeun ideu-ideu anu murudul, teu sakadar jajampean,
ngan di pusatna BADUY JERO, jampe teh sanes sajampe-jampena
tapi DINYATAKAN ku perbuatan, ha ha ha
hidup adalah perbuatan,
sekali berarti... HIDUP TERUS,

puten ah ngacacang,

edana manusa


On Wed, Jul 2, 2008 at 10:05 PM, Kang Dens <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

>    Terasna kumaha tah kang upami jalma anu
> .........................(titik-titikna di eusian ku jelema anu ngalakukeun
> illegal logging tea)
> tos dijampean kitu ........ Naha baris sadar atanapi baris tambih2
> ngalakukeun illegal logging na .....?
> cing rada hoyong terang tah kana manuatna eta jampe aki Eon teh .......
>
> Kang Dens
>
>
> At 21:31 02/07/2008, you wrote:
>
> muhun eta teh ku simkuring di waler kieu
>
> wah eta mah jampe anu mulia, saacana ngajampe kudu dituaran heula eta
> koruptor-koruptor badag teh, ngan rada susahna teh nu kudu nuaran sareng
> kudu dituaran sama-sama kongkalikong, hi hi hi lieur….
>
> ari naklukeun musuh nu nuaran kai mah aya :
>
> kieu saurna aki Eon teh :
> ca ci cu hamperuning bayu
> bayu leuleus bayu leumpeuh bayu hilang
> dat hilang si .........................(titik-titikna di eusian ku jelema
> anu ngalakukeun illegal logging tea)
> kalawan widi pangeran
> (sahadat)
>
> baktos,
>
>
>
> On Wed, Jul 2, 2008 at 8:53 PM, Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
>
>
> punten ah ngiringan..
> Kang Ema Nyerat : "*kang..kumaha aya jampe supados leuweung urang awet teu
> dituaran? Pan gening di Kalimantan mah cenah tos seueur leuweung nu
> gundul….aeh di urang oge tah di Sancang Garut garundul.
> *kumaha ?"
>
> Upami jalma asup ka leuweungna make Jampe, tangtu sakuduna mah ulah kalah
> ngaruksak Leuweung, komo dugi ka garundul mah...
>
> Leuweung urang supados awet mah, sanes ngajampean Leuweungna, tapi jelemana
> kudu di jampean (kudu di ruwatna) kulantaran teu cageur, geus wani
> ngaruksak/nuar bari teu melak deui.
>
> heheheh :)
>
>
> ----- Original Message -----
> *From:* Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Wednesday, July 02, 2008 9:45 AM
> *Subject:* [kisunda] jampe
>
> sababaraha waktos kapengker kuring kopas jampe asup ka leuweung dilebetkeun
> kana blog
>
> "ari ngeusian leuweung sang si mirah jaja
> hurip ing macan sang si wirajayakala
> hurip ing badak sang wirajaya
> hurip ing banteng sang si bajulang
> hurip ing uncal bajabong
> hurip ing mencek sang si rego
> hurip ing celeng sang songeng
> hurip ing peucang sang ceuk
> hurip ing ganggarangan sang cala
> hurip ing oray sang batawa
> hurip ing landak sang loh
> hurip ing langgir sang muluh herang
> hurip ing jalan sang lmah herang
> hurip ing laut sang lmah jati
> hurip ing cadas sag luhur maja
> hirup ing dewa sang lahir
> hurip ing sagala ratu ning jurig sang si kanda
> hurip ing buaya sang jenar
> hurip ing kuya sang si maruga…"
>
> teras aya comment anu lebet kana blog kuring ngeunaan JAMPE ASUP KA
> LEUWEUNG
> pertarosan nana teh :
>
> *kang..kumaha aya jampe supados leuweung urang awet teu dituaran? Pan
> gening di Kalimantan mah cenah tos seueur leuweung nu gundul….aeh di urang
> oge tah di Sancang Garut garundul.*
>
> kumaha ?
>
>
>
>
> --
> Ema Sujalma
>
>
> __________ NOD32 3236 (20080702) Information __________
>
> This message was checked by NOD32 antivirus system.
> http://www.eset.com
>
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke