//---

MJ Nyerat :

Perkara raden jeung sajabana,

Ari dongengna mah, kieu....sugan ieu ge J

.....

"Sistem di Arab mah duka tah. Tapi mun ngaitkeun ka sebutan ka Nabi, tangtu teu 
nyambung jeung urusan feodalisme, sabab Nabi asa teu kasebut raja Arab, sanajan 
beliau oge asana memang jadi pamingpin "nagara" Madinah oge.  Cek nu kungsi 
gawe di arab, urang arab mah teu aya istilah sebutan nu ngaharib-harib ka raden 
atawa sebutan menak.



Habib jeung Sayid 



Habib jeung Sayid, sebut we sesebutan pikeun manusa nu mulya, konteksna lain, 
malah lucu atawa romantis mun nempo hartina langsung. Habib teh asana kabogoh 
atawa nu pikanyaah. Yang tersayang atawa yang tercinta, cara Ya Habibie Ya 
Muhammad- Yang tercinta, (nabi) Muhammad.  Cek nu kungsi jadi TKI di KSA 
(Kingdom of Saudi Arabia, ngaran resmi  arab saudi) Sayid mah rada sarimbag 
jeung Tuan atawa Bapak atawa Mr. Nya sigana aya harti yang terhormat tea mun di 
urang mah."

------//

Nuhun-nuhun, katampi Mang...



Numawi mang Jamal, anu nyebatkeun Sayyid=Raden etateh urang Iran (janten sanes 
simkuring "ngaharib-harib"), turunan kangjeng Nabi SAW, dimana di Iran mah 
atanapi anu nyepeng Madzhab Syi'ah panghurmatan sebatan eta teh diarangge 
keneh. pon Kitu di Arab Saudi oge anu ngamadzhab Syi'ah mah diarangge, pun Bibi 
kawitna TKW teras ditikah ku Urang Arab margi Bojona tos ngantukeun, gelar 
sebatan panghurmatan teh benten-benten, tapi tetep saurnah upami aya 
lulungsur/runtuyan ti Ahlul Baet(Keluarga Nabi)-mah sok disebat Sayyid ku 
panganut Madzhab Syi'ah, boh kaya/miskin eta jalmina teh.



Upami nilik kana sejarah Kanjeng Nabi gumelar lahir ti kulawarga anu sederhana 
pisan tur para Ulama-ulama anu ngaranggo sebatan Sayyid hampir sadayana sanes 
jalmi "Bisnisman"/teu Jegud. Sebatan Sayyid sakaterang simkuring sanes hartos 
Bapak/Mr/Tuan, margi sebatan Bapak/Mr mah aya anu langkung lumrah Abu Tholib, 
Yaa Aba Tholib.



Waktos acara Sillaturahmi (Kempelan Kulawargi), wargi anu ti urang Arab Saudi 
tadi, nyauran ka pun Bapak teh sanes Sayyid Adang/Ya Aba Adang, tapi nyauran ka 
pun Bapak teh : Ya Aba Yusuf :

ari Adang nami pun Bapak (Alm)

ari Yusuf, lanceuk simkuring pang gedena.

Kabiasaan urang Arab Saudi mah tara nyebat nami langsung, tapi nami putra pang 
ageungna, Yaa Aba Yusuf, sedengkeun upami sebatan Sayyid lazimna diteraskeun 
kunamina, Sayyidina Muhammad.

Sayyid diteraskeun ku Nami anu di tujuna.

Abun=Bapak/Tuan/Mr diteraskeun ku Nami Budak pang gedena.



Kuhal sakitu nguping wartos ti Urang Iran yen Sayyid=Raden, simkuring teh asa 
cocok pisan. Upami Sayyid mangrupikeun sebatan nuduhkeun kamulyaan boh dina 
Elmuna/Akhlakna, naha ari sebatan Raden nuduhkeun kamulyaan heunteu??? atanapi 
Warisan wae ti Walana???. Simkuring sapuk pisan sareng kang Jamal (MJ), yen 
Raden teh tina Raha Dian (Getih Suci).



RADEN=Raha Dian (Getih Suci), memang teuaya dina naskah kuno sunda mah..., 
ayana gelar Raden kabeh dieunakeun, margi memeh aya gelar Raden, nami-nami 
karuhun sunda/raja-raja sunda sok nganggo gelar ka Elmuannana, contona 
Sanghiyang (Jalmi anu parantos Mampu Ngahiyang/Tilem) atanapi PRABU SILIWANGI 
(SILIH WANGI), Raja anu parantos ngajarkeun Elmu tur Akhlakna pikeun Silih 
Sengitan jeung papada, teu luhur teu handap pikeun Silih Asah, Silih Asuh, 
Silih Asih. Jalmi anu parantos ngahijikeun sababaraha Karajaan tur nentremkeun 
Rahayatna di pasihan gelar/pada nyarebat Prabu Silih Wangi. aya ling bacaan 
perkawis Siliwangi=Silihwangi 
http://sukapura.wordpress.com/2008/07/01/siliwangisilihwangi/#more-92



Nilik sajarah sunda kabeh dieunakeun, Sajarah Cianjur, Garut, Sukapura, Subang, 
Purwakarta gelar anu dipaparinan/sebatan Raden nyaeta kanggo jalmi anu parantos 
berjuang dina bebeneran (Wani Pati-Batur Bagja) merangan Penjajah, sok sanajan 
teu di tempelkeun ku Karajaan ti Mataram oge, merangan Penjajah anu loba 
nyangsarakeun rahyatna, tangtu Getihna teh Suci alias SYAHID (sebutan pejuang 
Islam mah) ieu panginten anu disebat Raha Dian tea/Getih Suci.



Sebatan Raha Dian (Raden) ieu dilungsurkeun kana ngaran anak incuna, supaya 
dijadikeun du'a pikeun nuluykeun perjuangan luluhurna nyaeta Kudu Wani Pati 
pikeun Kabagjaan Balarea, teu Luhur teu Handap, Teu Jegud teu Miskin. Upami 
ningali sajarah sukapura (Sumber ti Ketua Komisi Sejarah, Yayasan Sukapura), 
dugi ka kiwari hektaran sawah warisan (Wakaf Sukapura), hasil tatanenna di 
pasihkeun ka masyarakat anu kirang mampu di sabudeureun kota/kabupaten 
Tasikmalaya (Khususna).



Timana Hektaran Sawah eta teh??? Naha kenging ngagalehan ku pedah Jegud???

Sanes.., Saurnah kenging ngarampas deui ti Walana anu tos di cepeng, di olah ku 
Walana mangpuluh bahkan ratus tahun.

Kusaha ngawitannana di Sukapura ieu???

Saurnah anu Mimpin berjuang ngusir panjajah teh, Raden Wira Wangsa gelarna Wira 
Adeg Daha I (Wira Dadaha I). pon kitu deui di Cianjur Raden Wiratanudatar jsb.



Upami ningal ti luluhurna Sukapura, Raden Wira Wangsa teh lungsuran ti Eyang 
Padarek (Makamna di Padarek Singaparna) anu mulih deui ka Tatar Sukapura kawit 
ti Mataram milari karuhunna di tatar para hiyangan, Janten Raja Pajajaran+Raja 
Mataram teh upami dijugjugmah adi lanceuk (masih keneh dulur sadarah Sunda). 
Kahartos upami ti Mataram nyematkeun Raden teh, salianti berjuang nyata pikeun 
balarea, katambih ku ikatan kulawarga tea.



Tah...tah...upami ningal kana sajarah eta sareng hartos tina kecap Raden (Raha 
Dian) Getih Suci (Wani Pati Batur Bagja) asa patojaiah upami disebatkeun yen 
sebatan Raden teh warisan Penjajah Walana (pangaruh Peodal). Ieu nu janten 
simkuring ngemut...heheh J



Simkuring sok mikir deui, ti iraha sebatan Raden teh di identikeun sareng Jalmi 
anu Jaregud???, pangaruhna Jalma anu teu Jegud (kabeneran pakayana pas-pasan) 
malah katalangsara tur padahal ku luluhurna ditempelan ngaran Raden, antukna 
diganti kapangadilan supaya dina KTP/Akte kalahirannana ulah ngangge Raden da 
era tea, alias teu Jegud.

...oooh mereun ieu pangaruh tina KAPITALIS tea,nyata ari kitu mah budaya urang 
sunda teh eleh ku paham Kapitalis...anu ngukur sagala rupa teh ku ukuran harta 
banda.



Le-ehna sebatan Sayyid di masyarakat Arab Saudi ayeuan khususna anu sanes 
Madzhab Syi'ah, sebatan pikeun turunan Kanjeng Nabi SAW, ieu teu leupas tina 
burem-na sajarah Islam, tikawit kangjeng Nabi SAW wafat, Incu Kanjeng Nabi 
Sayyid Imam Husain di teuk-teuk mastakana, di arak-arak ngurilingan kota 
Karbala (Iraq), nya kocap singkatnamah dugi ka Iran ayeuna ngungsina, 
susulumputan tur sumebarna turunan ti kanjeng Nabi teh.



Rusiahna tiasa ngadeg dugi kayakaeun Revolusi Islam Iran, tiantawisna mayoritas 
masyarakat leuwih hurmat+Satia ka Sayyid-Sayyid/Para Imamna tinimang ka 
Pamarentahan anu Keji tea. Aya bacaan bubuka perkawis Revolusi Iran  
http://sukapura.wordpress.com/2008/07/01/rahbar-dan-revolusi-islam-iran/#more-105



Eta mah salah sawios hikmah tina ngagunakeun Sayyid di Nagara tatangga anu 
kahartos ku simkuring, tantos benten upami sareng hikmah tina ngagunakeun Raden 
(Raha Dian) Wani Pati pikeun Kabagjaan Balarea di Tatar Nusantara mah....heheh 
:).



Panghurmatan sebatan nami Sayyid ngawitan leeh, diakibatkeun ku Politik 
Kapamimpinan (Kholifah Islam).

Panghurmatan sebatan nami Raden ngawitan leeh, diakibatkeun ku Politik Penjajah 
Adu Domba tea.

Duanana sebatan nami eta, nuduhkeun kana Kamulyaan.



Sakitu heula emutan simkuring teh, hapunten sanes bade wawantunan, mung tadi 
oge aya pasualan anu jadi pamikiran simkuring...

hapunten anu kasuhun

baktos

Agus Wirabudiman



//-----------------

Dupi sejarah sebatan Raden/Juragan teh eta pangaruh Peodalisme??? kumaha asal 
usulna eta sebatan Rade/Juragan teh mangrupikeun pangaruh tina peodal??



ke urang rada ngaler heula, simkuring kenging wartos ti adi ipar, yen anjeuna 
gunem catur sareng salahsawios Sayyid ti Iran, anu nerangkeun sebatan nami 
Sayyid eta teh di tujukeun ka kangjeng Nabi SAW katut turunannana dugi ka 
ayeuna, tawis sebatan ta'dim+satia ka Kanjeng Nabi+turunanana, mung ari dina 
nuju Ibadah mah sapertos maca sholawat dina nalika sholat, teu kenging nganggo 
Sayyid (kitu nu kapendak oge kusimkuring dina Shohih Bukhori). 



Anapon di luar Sholat mah Nabi SAW oge teu tiasa nyarek, margi etamah 
mangrupikeun ekspresi adat Arab dina ngahormat+satia kapamimpinna. Dugi ka 
ayeuna, dimana-mana aya jalmi turunan kangjeng Nabi SAW teu weleh nganggo 
Sayyid. kitu nu ka jadian di Iran boh di Arab Saudina.



Atuh panghurmatan ka tokoh/ulama Islam anu sanes turunan kangjeng Nabi mah sok 
disebat Syaihkul Islam (Syekh), misalna Syekhul Islam Ibnu Taimiyah, Habib dst.



Mungkin di Adat sunda oge kitu, Juraga, Aden teh mangrupikeun panghurmatan 
tawis ta'dim+kasatiann ka pamimpinan (upami dina karajaanmah).

tah anu janten pertarosan simkuring teh naha Sayyid/Habib/Juragan/Aden eta teh 
sami mangrupikeun sebatan pangaruh peodal???

sakitu heula bah..

--------------------// 

Kirim email ke