Soekarno teh hiji pamingpin bangsa, tapi dina ngageuleuyeungna
keur jaman ngora, cnah niron teh dianggap gotong royong,
aya deui kangge calon presiden teh cnah buku wajibna:
1. winston churchil
2. mahatma gandhi
3. menembus batas na jenderal saurip kadi (ceuk gus dur mah )

nu kahiji can gaduh tah, he he
saha kitu anu minat janten presiden endonesa ?
da kuringmah boro raah
mikiran BBM ge, maeroh...

baktos,

On Tue, Jul 8, 2008 at 5:15 PM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Adil mah muara tina sagala kahadean. Rada hese lamun karek calon geus
> kudu adil mah. Jujur tos cekap jadi potensi keur adil. Boga harga diri
> bisa dirumuskeun ku sifat wani dina melaan bebeneran (disingget:
> wani). Cerdik konotasina tangtuna oge positif anu dimaksudna teh,
> kuring nyebutna "pinter" wae. Jadi, saeutikna, calon presiden teh kudu
> mibanda sifat: Jujur, pinter, jeung wani. Hal ieu geus mindeng pisan
> diguar dina postingan ti heula.
>
> Jujur jeung pinter wungkul: sifat peneliti umumna, atawa profesor tea
> memang eta tugasna. Sok sanajan teu saeutik peneliti anu nya pinter,
> nya jujur, nya wani. Model Galileo tea, wani ngabela kayakinana di
> tengah masyarakat, teu sieun ku ngalawan arus, jst, teu saeutik. Tapi,
> urang cindekeun umumna wae. Golongan ieu jelas diperlukeun keur
> penemuan-penemuan, ngaronjatna kualitas elmu, jsb, tapi lain keur
> pamimpin ari teu aya kawani mah.
>
> Jujur jeung wani bae, kurang kapinteran, punten, kelas para penjaga
> keamanan (satpam, punten teu aya maksud ngarendahkeun satpam). Ieu oge
> tetep diperlukeun, ngan lain keur pamimpin.
>
> Wani jeung pinter tanpa jujur: tah ieu mah speckna para koruptor.
> Pinter pisan neangan akal jeung ekolna teh. Jeung wani, malah euweuh
> kaera kasebutna. Nya teu rek disenut euweuh ka era atawa wanian kumaha
> upama geus diangkat sasatna ku rahayat jadi pamanggul pangluhurna
> kaadilan di ieu nagara, hayoh bet tetelopan neangan modal keur bisnis
> permata (teuing bengkel) jeung hiji awewe makelar. Aya oge wakil
> rahayat kasebutna mah, tapi "wanian" pisan nepi ka leuweung lindung
> digundulan.
>
> Pamimpin mah perlu jujur, pinter, jeung wani. Trisula windu tea cenah
> ceuk sepuh mah, kitu manawi.
>
> manAR
>
> On Tue, Jul 8, 2008 at 4:58 PM, Dirgahayu, Rachman
> <[EMAIL PROTECTED] <rachman.dirgahayu%40aig.com>> wrote:
> > Anu penting jujur, adil, cerdik jeung boga harga diri lamun jadi
> pamingpin
> > ....
> > Anu kudu pinter mah professor atuh ....
> > Lamun pamingpinna pinter mah bisa2 nipu rakyatna (jiga soekarno n
> soeharto)
> > ________________________________
> > From: [EMAIL PROTECTED] <urangsunda%40yahoogroups.com> [mailto:
> [EMAIL PROTECTED] <urangsunda%40yahoogroups.com>] On
> > Behalf Of tantan hermansah
> > Sent: Tuesday, July 08, 2008 04:39 PM
> > To: [EMAIL PROTECTED] <urangsunda%40yahoogroups.com>
> > Subject: Re: [Urang Sunda] Saha Calon Presiden RI..........?
> >
> > Kriteria anu hade lah. Ngan hanjakal, nepi ka oray buluan oge, di
> Endonesia
> > mah teu aya. Mun aya oge, can tangtu wani nyalon.
> > Mangga urang titenan:
> >
> > Tah atuh cikan Kriteria Calon Presiden Ideal teh nu kumaha....?
> >
> > 1.Teu nganut sistem Ekonomi Neoliberalisme nu leuwih ngutamakaeun
> > kapentingan perusahaan Multi National Company batan rakyat Indonesia.
> > Cingan naon buktina? perbandingkeun datana. Loba mana? Aya datana nu
> disebut
> > mentingkeun ieu. Ari ngan hiji dua mah sanes mentingkeun atuh. Ngan anu
> > katenjo wungkul.
> >
> > 2.Teu ngajalankeun agenda Neoliberalisme IMF, World Bank, dan WTOnu
> > maksakeun Privatisasi BUMN, Rumah Sakit Pemerintah, jeung PTN, Deregulasi
> > Pamarentah ayeuna geus anggeusan ti IMF. World Bank? Salila sistem
> finansial
> > urang jiga ayeuna, moal bisa. Sabab satiap perak duit urang pakuat pakait
> > sareng duit bangsa sejen. Conto: mun rek meuli laptop make harga dolar.
> > Ngenaan privatisasi BUMN....hmm si kuring resep mun diskusi.
> > Kang, terang teu tingkah laku pausahaan BUMN? meres wungkul kang.
> Dimodalan
> > tapi dijadikeun fasilitas mewah jang maranehna sorangan. Gaji direktur
> BUMN
> > langkung badag batan gaji mentri malah presiden. Teru percanten? Mangga
> > toong sabaraha gaji pertamina, kumaha ketakna. Ulah silo ku bangsa dengen
> > kang. Tapi ulah nutup mata oge ku bangsa sorangan. Kuring mah teu percaya
> > BUMN ayeuna. Kuring percaya swastanisasi tapi kudu bangsa sorangan.
> Contoh
> > sejen: tinggali gawe pertamina....PLN, jeung BUMN sejen. Mana sumbangana
> > jang rahayat. Nu aya mah ngalebokan duit pajeg saya euy.
> > PTN...rupina kang Rahmat UI parantos ngawaler
> >
> > 3.Ngalakukeun Nasionalisasi Perusahaan Tambang atawa paling henteu
> > meunangkeun bagi hasil nu ilahar.
> > Saya satuju nasionalisasi. Tapi ulah dibiken ka BUMN. Pertamina geus
> > nyababkeun urang hese bensin, hese listrik. Jurig wungkul. Kang, terang
> teu
> > sabaraha produksi pertamina 160.000 barel/ poe. Terang sabaraha produksi
> > Exxon mobil? 710.000 barel/poe. Nandakeun naon? Pertamina gararoblog!
> Punten
> > rada amarah kuring mah.
> >
> > 4.Nyadiakeun PTN ku biaya nu bisa kahontal rakyat miskin
> >
> > Kunaon ukuran bet rahayat miskin? ku bangsa Indonesia kitu! ulah
> ngamimiskin
> > jalma anu rejekina sahandapeun urang. Jadi nyadiakeun PTN anu haratis
> jang
> > bangsa Indonesia kitu!
> >
> > 5.Ngabogaan program Berdikari. Sacara mandiri ngolah Kekayaan Alam pikeun
> > kemakmuran rakyat. Teu make kawijaksanaan nu barangmaen nu bergantung ka
> > investor asing.
> >
> > Sigana jawaban ieu sami sareng di luhur
> >
> > 6.Mere patani lahan minimal saluas 2 hektar per KK
> >
> > Satuju. Tapi dumasar kana naon 2 hektar. Keur naon boga tanah, tapi teu
> boga
> > modalna. Keur naon bisa tani, tapi pas ngajual murah malah teu aya
> hargaan.
> > Sabab naon? Sabab urang kota jeung anu 'berpendidikan' teu rido mayar
> mahal
> > jang warga desa. Beas mahal saeutik protes. Ari sapatu naek terus mah
> tara
> > aya anu demo. Ceuk kuring mah, jaminan harga mun panen jeung modal jang
> > produksi jauh leuwih penting....
> >
> > 7.Teu naekeun harga bensinleuwih ti 10% per taunna
> >
> > Tah ieu pamikiran kaum elit kota. Pikiran parsial jang kapentingana.
> Bensin
> > naek ku sabab nurutkeun harga pasar. Teu adil, mun jalma anu kabareda
> meuli
> > mobil, motor, ngadaharan subsidi ageung pisan, juragan. terang teu upami
> > akang gadung kijang krista we, terus sapoena jalan rata-rata 80 km, eta
> dina
> > sabulan geus nuang subsidi bensing Rp 1600.000. Naha ari patani kudu
> harga
> > pasar bae. Teu adil, kang.
> >
> > 8.Teu make kaum Neoliberalis (mis: ex direktur Bank Dunia atawa IMF)
> salaku
> > menteri.
> >
> > Satuju. Ieu kampanye ngenaan bu Ani (Menkeu ayeuna). Tapi naha eta cukup
> > jadi kriteria?
> >
> > Salam
> >
> > Tantan.
> >
> >
> > On Mon, Jul 7, 2008 at 2:07 PM, YADI supriadi wendy <[EMAIL 
> > PROTECTED]<yadi%40wendy.web.id>
> >
> > wrote:
> >>
> >> CALON Presiden RI
> >>
> >>
> >>
> >> Kaingetan ku kamari petugas pendaftar pemilu taun 2009, nu teu bisa
> leupas
> >> tina pamilihan presiden nu rek datang, di handap ieu sakadar uneg-uneg,
> saha
> >> atuh nu pantes pikeun jadi presiden Indonesia nu bakal datang..
> >>
> >>
> >>
> >> System ekonomi neoliberalisme/globalisasi nu mangrupa privatisasi,
> >> kanaekan harga barang (nyabut subsidi), deregulasi, perdagangan bebas,
> jste
> >> tos nyangsarakeun penduduk di sakuliah dunya.
> >>
> >> Upamana bae dina taun 1980, 20% penduduk beunghar panghasilanana 45 kali
> >> lipet tina 20% penduduk nu pangmiskinna, dina taun 2000 ngalipet jadi 75
> >> kali. 1,3 milyar penduduk nu penghasilanana di hadapeun US$1/poe. Leuwih
> ti
> >> 80 nagara taun 1999 income per kapitana leuwih handap batan taun 1989
> >> (sumber Tabb, William K, "globalization", MicrosoftÂ(R) EncartaÂ(R)
> 2006).
> >> Bedana antara beunghar jeung miskin leuwih jauh. Itu teh akibat tina
> system
> >> ekonomi neoliberalisme. Hanjakalna kaum neoliberalisme ayeuna tos
> nguasaan
> >> cabinet jeung dpr!
> >>
> >> Ku modal dana nu gede, kaum neoliberalisme bisa nangtukeun calon
> presiden
> >> Indonesia nu bisa kapilih nyaeta calon nu bisa ditarima ku pasar.
> Hartina
> >> daek ngajalankeun program neoliberalisme.
> >>
> >> Kulantaran eta kajadian kanaekan harga barang saperti bbm nu nuturkeun
> >> harga pasar dunya leuwih diutamakeun batan kamampuan rahayat pikeun
> meuli.
> >> Kusabab eta bbm ti taun 2005 tug nepi ka taun 2008 tos naek 3 kali lipet
> >>
> >> Ku kanaekan eta, hartina ti taun 2005 nepi ka taun 2008 premium naek ti
> rp
> >> 1.810,- jadi rp. 6.000,- atawa naek 231% ngan dina tempo 3 taun wae.
> Ongkos
> >> angkutan umum naek ti rp. 1.000,- jadi rp. 2.500,-. Harga bako oge naek
> >> lumayan netek, saperti beas ti rp. 3.000,- jadi rp. 6.000,- per kilona.
> >>
> >> Barang Harga 2005 Harga 2008 Kanaekan
> >> Premium 1.810 6.000
> >> 231%
> >> Beras 3.000 6.000
> >> 100%
> >> Angkutan Umum 1.000 2.500 150%
> >> Minyak Goreng 4.500 13.000 189%
> >> UMR 635.000 972.000
> >> 53%
> >>
> >> Dina tempo 3 taun gedena kanaekan barang rata-rata 168%. Ieu
> ngabeuratkeun
> >> pisan rahayat, kulantaran UMR ti taun 2005 nepi ka 2008 ngan ukur naek
> ti
> >> rp. 635.000,- jadi rp. 972.000,- Ngan ukur 53%! Itu oge loba pagawe nu
> teu
> >> milu ngasaan upah UMR, misalna bae guru sakola swasta [utamana sd & tk),
> >> pramuniaga di toko-toko atawa pelayan di warung makan. Patani oge susah,
> >> kulantaran sanajan harga beas di pasar naek, tapi harga beuli gabah ti
> >> patani mah tetep bae handap. Para nalayan jeung supir angkot oge
> kateunggeul
> >> kulantaran maranehna loba make bbm. Di media masa dibewarakeun loba
> nalayan
> >> embung ngalaut saentas kanaekan bbm.
> >> Jadina proses pemiskinan masal kulantaran rata-rata kenaikan harga
> barang
> >> 3 kali lipat leuwih geda batan kanaekan panghasilan rahayat.
> >>
> >> Saentas kanaekan bbm katilu kalian nu dilakukeun ku rejim SBY-MJK dina 3
> >> taun kalayan noron, beurat rasana pikeun milih pasangan eta (atawa salah
> >> sahiji ti eta) pikeun jadi presiden. Malahan Amien Rais mah, geus
> >> terang-terangan yen SBY teu pantes jadi presiden deui.
> >>
> >>
> >> Kamajuan ekonomi nu bejana 6% teu sajalan jeung turunna nilai rupia ka
> >> dolar (ti rp. 8.000,- ka rp. 9.000,- per dolarna), jeung lobana
> penderita
> >> kurang gizi/ gizi goreng nu nepi ka angka 5 juta jiwa kulataran
> kalaparan.
> >> Ti Aceh, NTT, Sulawesi dugi ka Papua rakyat tiwas kalaparan. Naha masih
> bisa
> >> rahayat kuat nahan lamun SBY-MJK dipilih deui?
> >>
> >> Rejim SBY-MJK sigana kapangaruhan pisan ku ekonom neoliberalisme nu
> leuwih
> >> mentingkeun kaperluan kapitalis/pangusaha batan mayoritas rahayat
> Indonesia.
> >> Leuwih ti 90% sumber kabeungharan alam Indonesia, saperti minyak, gas,
> emas,
> >> perak jste dikuasaan ku pangusaha-pangusaha deungeun saperti Exxon
> mobil,
> >> chevron, bp, Freeport jste.
> >>
> >> Sanajan bejana Indonesia tos leupas ti IMF, tapi kanyataanna mantan
> >> Direktur IMF jadi Menko Perekonomian dina cabinet SBY. Program2 IMF
> saperti
> >> privatisasi BUMN, panghapusan subsidi bbm, privatisasi PTN terus jalan
> teu
> >> aya eureunna.
> >>
> >> Kelompok ekonom neoliberalisme usaha satekah polah pikeun ngalakukeun
> >> privatisasi BUMN. Maranehna upaya ngaleungitkeun pelayanan masyarakat nu
> >> biasa dibikeun ku pamarentah bari oge ngupayakeun ngurangan pajak nu
> kudu
> >> dibayar oleh pangusaha beunghar/spekulan pasar. Contona bae, pami barang
> >> sapopoe nu dibeuli ku rahayat gedena PPN 10%, tapi keur barang nu bisa
> >> dimaenkeun ku para spekulan pasar saperti saham, pajakna ngan 0,1% wae.
> >> Pajak barang mewah saperti mobil mewah oge turun nyirorot!
> >>
> >> Panegakkan hukum oge sanajan katingalna ngagumbirakeun tapi skalana
> masih
> >> kelas cetek. Anu kelas milyaran, trilyunan mah teu acan. Teu acan oge
> >> pamulangan harta hasil korupsi hampir teu aya. Contona bae kasus
> >> dirugikeunana nagara dugi ka rp 600 trilyun dina kasus BLBI/KLBI dugi ka
> >> ayeuna tacan bisa dipulangkeun satengahna satengahna acan.
> >>
> >> Tah atuh cikan Kriteria Calon Presiden Ideal teh nu kumaha....?
> >>
> >> 1.Teu nganut sistem Ekonomi Neoliberalisme nu leuwih ngutamakaeun
> >> kapentingan perusahaan Multi National Company batan rakyat Indonesia
> >> 2.Teu ngajalankeun agenda Neoliberalisme IMF, World Bank, dan WTOnu
> >> maksakeun Privatisasi BUMN, Rumah Sakit Pemerintah, jeung PTN,
> Deregulasi
> >> 3.Ngalakukeun Nasionalisasi Perusahaan Tambang atawa paling henteu
> >> meunangkeun bagi hasil nu ilahar.
> >>
> >> 4.Nyadiakeun PTN ku biaya nu bisa kahontal rakyat miskin
> >> 5.Ngabogaan program Berdikari. Sacara mandiri ngolah Kekayaan Alam
> pikeun
> >> kemakmuran rakyat. Teu make kawijaksanaan nu barangmaen nu bergantung ka
> >> investor asing
> >>
> >> 6.Mere patani lahan minimal saluas 2 hektar per KK
> >> 7.Teu naekeun harga bensinleuwih ti 10% per taunna
> >>
> >> 8.Teu make kaum Neoliberalis (mis: ex direktur Bank Dunia atawa IMF)
> >> salaku menteri.
> >>
> >> 9. ...........
> >>
> >> 10. ..................
> >>
> >> Jadi, saha atuh nu pantes jadi
> >> presiden.....................???????????????????????????
> >>
> >>
> >
> >
> > --
> > tantan hermansah | SM 1270
> >
> > IMPORTANT NOTICE:
> > The information in this email (and any attachments) is confidential. If
> you
> > are not the intended recipient, you must not use or disseminate the
> > information. If you have received this email in error, please immediately
> > notify me by "Reply" command and permanently delete the original and any
> > copies or printouts thereof. Although this email and any attachments are
> > believed to be free of any virus or other defect that might affect any
> > computer system into which it is received and opened, it is the
> > responsibility of the recipient to ensure that it is virus free and no
> > responsibility is accepted by American International Group, Inc. or its
> > subsidiaries or affiliates either jointly or severally, for any loss or
> > damage arising in any way from its use.
> >
> >
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke