kg Eminx...... calon Presiden mah gampaaaaang pisan cek uin mah... anu BENER beeee.... teu kudu pinter... teu kudu cageur... teu kudu bageur... teu kudu nyantri... teu kudu nyakola... pokona anu bisa ngaJAJAR keun... BENERna BEBENER dina KABENERRRRR... gampang toch? he99x! rampeeeez men! .....oca tea...
--- On Tue, 7/8/08, Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Saha Calon Presiden RI..........? To: [email protected] Date: Tuesday, July 8, 2008, 8:45 PM Soekarno teh hiji pamingpin bangsa, tapi dina ngageuleuyeungna keur jaman ngora, cnah niron teh dianggap gotong royong, aya deui kangge calon presiden teh cnah buku wajibna: 1. winston churchil 2. mahatma gandhi 3. menembus batas na jenderal saurip kadi (ceuk gus dur mah ) nu kahiji can gaduh tah, he he saha kitu anu minat janten presiden endonesa ? da kuringmah boro raah mikiran BBM ge, maeroh... baktos, On Tue, Jul 8, 2008 at 5:15 PM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Adil mah muara tina sagala kahadean. Rada hese lamun karek calon geus kudu adil mah. Jujur tos cekap jadi potensi keur adil. Boga harga diri bisa dirumuskeun ku sifat wani dina melaan bebeneran (disingget: wani). Cerdik konotasina tangtuna oge positif anu dimaksudna teh, kuring nyebutna "pinter" wae. Jadi, saeutikna, calon presiden teh kudu mibanda sifat: Jujur, pinter, jeung wani. Hal ieu geus mindeng pisan diguar dina postingan ti heula. Jujur jeung pinter wungkul: sifat peneliti umumna, atawa profesor tea memang eta tugasna. Sok sanajan teu saeutik peneliti anu nya pinter, nya jujur, nya wani. Model Galileo tea, wani ngabela kayakinana di tengah masyarakat, teu sieun ku ngalawan arus, jst, teu saeutik. Tapi, urang cindekeun umumna wae. Golongan ieu jelas diperlukeun keur penemuan-penemuan, ngaronjatna kualitas elmu, jsb, tapi lain keur pamimpin ari teu aya kawani mah. Jujur jeung wani bae, kurang kapinteran, punten, kelas para penjaga keamanan (satpam, punten teu aya maksud ngarendahkeun satpam). Ieu oge tetep diperlukeun, ngan lain keur pamimpin. Wani jeung pinter tanpa jujur: tah ieu mah speckna para koruptor. Pinter pisan neangan akal jeung ekolna teh. Jeung wani, malah euweuh kaera kasebutna. Nya teu rek disenut euweuh ka era atawa wanian kumaha upama geus diangkat sasatna ku rahayat jadi pamanggul pangluhurna kaadilan di ieu nagara, hayoh bet tetelopan neangan modal keur bisnis permata (teuing bengkel) jeung hiji awewe makelar. Aya oge wakil rahayat kasebutna mah, tapi "wanian" pisan nepi ka leuweung lindung digundulan. Pamimpin mah perlu jujur, pinter, jeung wani. Trisula windu tea cenah ceuk sepuh mah, kitu manawi. manAR On Tue, Jul 8, 2008 at 4:58 PM, Dirgahayu, Rachman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Anu penting jujur, adil, cerdik jeung boga harga diri lamun jadi pamingpin > .... > Anu kudu pinter mah professor atuh .... > Lamun pamingpinna pinter mah bisa2 nipu rakyatna (jiga soekarno n soeharto) > ________________________________ > From: [EMAIL PROTECTED] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On > Behalf Of tantan hermansah > Sent: Tuesday, July 08, 2008 04:39 PM > To: [EMAIL PROTECTED] > Subject: Re: [Urang Sunda] Saha Calon Presiden RI..........? > > Kriteria anu hade lah. Ngan hanjakal, nepi ka oray buluan oge, di Endonesia > mah teu aya. Mun aya oge, can tangtu wani nyalon. > Mangga urang titenan: > > Tah atuh cikan Kriteria Calon Presiden Ideal teh nu kumaha....? > > 1.Teu nganut sistem Ekonomi Neoliberalisme nu leuwih ngutamakaeun > kapentingan perusahaan Multi National Company batan rakyat Indonesia. > Cingan naon buktina? perbandingkeun datana. Loba mana? Aya datana nu disebut > mentingkeun ieu. Ari ngan hiji dua mah sanes mentingkeun atuh. Ngan anu > katenjo wungkul. > > 2.Teu ngajalankeun agenda Neoliberalisme IMF, World Bank, dan WTOnu > maksakeun Privatisasi BUMN, Rumah Sakit Pemerintah, jeung PTN, Deregulasi > Pamarentah ayeuna geus anggeusan ti IMF. World Bank? Salila sistem finansial > urang jiga ayeuna, moal bisa. Sabab satiap perak duit urang pakuat pakait > sareng duit bangsa sejen. Conto: mun rek meuli laptop make harga dolar. > Ngenaan privatisasi BUMN....hmm si kuring resep mun diskusi. > Kang, terang teu tingkah laku pausahaan BUMN? meres wungkul kang. Dimodalan > tapi dijadikeun fasilitas mewah jang maranehna sorangan. Gaji direktur BUMN > langkung badag batan gaji mentri malah presiden. Teru percanten? Mangga > toong sabaraha gaji pertamina, kumaha ketakna. Ulah silo ku bangsa dengen > kang. Tapi ulah nutup mata oge ku bangsa sorangan. Kuring mah teu percaya > BUMN ayeuna. Kuring percaya swastanisasi tapi kudu bangsa sorangan. Contoh > sejen: tinggali gawe pertamina....PLN, jeung BUMN sejen. Mana sumbangana > jang rahayat. Nu aya mah ngalebokan duit pajeg saya euy. > PTN...rupina kang Rahmat UI parantos ngawaler > > 3.Ngalakukeun Nasionalisasi Perusahaan Tambang atawa paling henteu > meunangkeun bagi hasil nu ilahar. > Saya satuju nasionalisasi. Tapi ulah dibiken ka BUMN. Pertamina geus > nyababkeun urang hese bensin, hese listrik. Jurig wungkul. Kang, terang teu > sabaraha produksi pertamina 160.000 barel/ poe. Terang sabaraha produksi > Exxon mobil? 710.000 barel/poe. Nandakeun naon? Pertamina gararoblog! Punten > rada amarah kuring mah. > > 4.Nyadiakeun PTN ku biaya nu bisa kahontal rakyat miskin > > Kunaon ukuran bet rahayat miskin? ku bangsa Indonesia kitu! ulah ngamimiskin > jalma anu rejekina sahandapeun urang. Jadi nyadiakeun PTN anu haratis jang > bangsa Indonesia kitu! > > 5.Ngabogaan program Berdikari. Sacara mandiri ngolah Kekayaan Alam pikeun > kemakmuran rakyat. Teu make kawijaksanaan nu barangmaen nu bergantung ka > investor asing. > > Sigana jawaban ieu sami sareng di luhur > > 6.Mere patani lahan minimal saluas 2 hektar per KK > > Satuju. Tapi dumasar kana naon 2 hektar. Keur naon boga tanah, tapi teu boga > modalna. Keur naon bisa tani, tapi pas ngajual murah malah teu aya hargaan. > Sabab naon? Sabab urang kota jeung anu 'berpendidikan' teu rido mayar mahal > jang warga desa. Beas mahal saeutik protes. Ari sapatu naek terus mah tara > aya anu demo. Ceuk kuring mah, jaminan harga mun panen jeung modal jang > produksi jauh leuwih penting.... > > 7.Teu naekeun harga bensinleuwih ti 10% per taunna > > Tah ieu pamikiran kaum elit kota. Pikiran parsial jang kapentingana. Bensin > naek ku sabab nurutkeun harga pasar. Teu adil, mun jalma anu kabareda meuli > mobil, motor, ngadaharan subsidi ageung pisan, juragan. terang teu upami > akang gadung kijang krista we, terus sapoena jalan rata-rata 80 km, eta dina > sabulan geus nuang subsidi bensing Rp 1600.000. Naha ari patani kudu harga > pasar bae. Teu adil, kang. > > 8.Teu make kaum Neoliberalis (mis: ex direktur Bank Dunia atawa IMF) salaku > menteri. > > Satuju. Ieu kampanye ngenaan bu Ani (Menkeu ayeuna). Tapi naha eta cukup > jadi kriteria? > > Salam > > Tantan. > > > On Mon, Jul 7, 2008 at 2:07 PM, YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: >> >> CALON Presiden RI >> >> >> >> Kaingetan ku kamari petugas pendaftar pemilu taun 2009, nu teu bisa leupas >> tina pamilihan presiden nu rek datang, di handap ieu sakadar uneg-uneg, saha >> atuh nu pantes pikeun jadi presiden Indonesia nu bakal datang.. >> >> >> >> System ekonomi neoliberalisme/globalisasi nu mangrupa privatisasi, >> kanaekan harga barang (nyabut subsidi), deregulasi, perdagangan bebas, jste >> tos nyangsarakeun penduduk di sakuliah dunya. >> >> Upamana bae dina taun 1980, 20% penduduk beunghar panghasilanana 45 kali >> lipet tina 20% penduduk nu pangmiskinna, dina taun 2000 ngalipet jadi 75 >> kali. 1,3 milyar penduduk nu penghasilanana di hadapeun US$1/poe. Leuwih ti >> 80 nagara taun 1999 income per kapitana leuwih handap batan taun 1989 >> (sumber Tabb, William K, "globalization", MicrosoftÂ(R) EncartaÂ(R) 2006). >> Bedana antara beunghar jeung miskin leuwih jauh. Itu teh akibat tina system >> ekonomi neoliberalisme. Hanjakalna kaum neoliberalisme ayeuna tos nguasaan >> cabinet jeung dpr! >> >> Ku modal dana nu gede, kaum neoliberalisme bisa nangtukeun calon presiden >> Indonesia nu bisa kapilih nyaeta calon nu bisa ditarima ku pasar. Hartina >> daek ngajalankeun program neoliberalisme. >> >> Kulantaran eta kajadian kanaekan harga barang saperti bbm nu nuturkeun >> harga pasar dunya leuwih diutamakeun batan kamampuan rahayat pikeun meuli. >> Kusabab eta bbm ti taun 2005 tug nepi ka taun 2008 tos naek 3 kali lipet >> >> Ku kanaekan eta, hartina ti taun 2005 nepi ka taun 2008 premium naek ti rp >> 1.810,- jadi rp. 6.000,- atawa naek 231% ngan dina tempo 3 taun wae. Ongkos >> angkutan umum naek ti rp. 1.000,- jadi rp. 2.500,-. Harga bako oge naek >> lumayan netek, saperti beas ti rp. 3.000,- jadi rp. 6.000,- per kilona. >> >> Barang Harga 2005 Harga 2008 Kanaekan >> Premium 1.810 6.000 >> 231% >> Beras 3.000 6.000 >> 100% >> Angkutan Umum 1.000 2.500 150% >> Minyak Goreng 4.500 13.000 189% >> UMR 635.000 972.000 >> 53% >> >> Dina tempo 3 taun gedena kanaekan barang rata-rata 168%. Ieu ngabeuratkeun >> pisan rahayat, kulantaran UMR ti taun 2005 nepi ka 2008 ngan ukur naek ti >> rp. 635.000,- jadi rp. 972.000,- Ngan ukur 53%! Itu oge loba pagawe nu teu >> milu ngasaan upah UMR, misalna bae guru sakola swasta [utamana sd & tk), >> pramuniaga di toko-toko atawa pelayan di warung makan. Patani oge susah, >> kulantaran sanajan harga beas di pasar naek, tapi harga beuli gabah ti >> patani mah tetep bae handap. Para nalayan jeung supir angkot oge kateunggeul >> kulantaran maranehna loba make bbm. Di media masa dibewarakeun loba nalayan >> embung ngalaut saentas kanaekan bbm. >> Jadina proses pemiskinan masal kulantaran rata-rata kenaikan harga barang >> 3 kali lipat leuwih geda batan kanaekan panghasilan rahayat. >> >> Saentas kanaekan bbm katilu kalian nu dilakukeun ku rejim SBY-MJK dina 3 >> taun kalayan noron, beurat rasana pikeun milih pasangan eta (atawa salah >> sahiji ti eta) pikeun jadi presiden. Malahan Amien Rais mah, geus >> terang-terangan yen SBY teu pantes jadi presiden deui. >> >> >> Kamajuan ekonomi nu bejana 6% teu sajalan jeung turunna nilai rupia ka >> dolar (ti rp. 8.000,- ka rp. 9.000,- per dolarna), jeung lobana penderita >> kurang gizi/ gizi goreng nu nepi ka angka 5 juta jiwa kulataran kalaparan. >> Ti Aceh, NTT, Sulawesi dugi ka Papua rakyat tiwas kalaparan. Naha masih bisa >> rahayat kuat nahan lamun SBY-MJK dipilih deui? >> >> Rejim SBY-MJK sigana kapangaruhan pisan ku ekonom neoliberalisme nu leuwih >> mentingkeun kaperluan kapitalis/pangusaha batan mayoritas rahayat Indonesia. >> Leuwih ti 90% sumber kabeungharan alam Indonesia, saperti minyak, gas, emas, >> perak jste dikuasaan ku pangusaha-pangusaha deungeun saperti Exxon mobil, >> chevron, bp, Freeport jste. >> >> Sanajan bejana Indonesia tos leupas ti IMF, tapi kanyataanna mantan >> Direktur IMF jadi Menko Perekonomian dina cabinet SBY. Program2 IMF saperti >> privatisasi BUMN, panghapusan subsidi bbm, privatisasi PTN terus jalan teu >> aya eureunna. >> >> Kelompok ekonom neoliberalisme usaha satekah polah pikeun ngalakukeun >> privatisasi BUMN. Maranehna upaya ngaleungitkeun pelayanan masyarakat nu >> biasa dibikeun ku pamarentah bari oge ngupayakeun ngurangan pajak nu kudu >> dibayar oleh pangusaha beunghar/spekulan pasar. Contona bae, pami barang >> sapopoe nu dibeuli ku rahayat gedena PPN 10%, tapi keur barang nu bisa >> dimaenkeun ku para spekulan pasar saperti saham, pajakna ngan 0,1% wae. >> Pajak barang mewah saperti mobil mewah oge turun nyirorot! >> >> Panegakkan hukum oge sanajan katingalna ngagumbirakeun tapi skalana masih >> kelas cetek. Anu kelas milyaran, trilyunan mah teu acan. Teu acan oge >> pamulangan harta hasil korupsi hampir teu aya. Contona bae kasus >> dirugikeunana nagara dugi ka rp 600 trilyun dina kasus BLBI/KLBI dugi ka >> ayeuna tacan bisa dipulangkeun satengahna satengahna acan. >> >> Tah atuh cikan Kriteria Calon Presiden Ideal teh nu kumaha....? >> >> 1.Teu nganut sistem Ekonomi Neoliberalisme nu leuwih ngutamakaeun >> kapentingan perusahaan Multi National Company batan rakyat Indonesia >> 2.Teu ngajalankeun agenda Neoliberalisme IMF, World Bank, dan WTOnu >> maksakeun Privatisasi BUMN, Rumah Sakit Pemerintah, jeung PTN, Deregulasi >> 3.Ngalakukeun Nasionalisasi Perusahaan Tambang atawa paling henteu >> meunangkeun bagi hasil nu ilahar. >> >> 4.Nyadiakeun PTN ku biaya nu bisa kahontal rakyat miskin >> 5.Ngabogaan program Berdikari. Sacara mandiri ngolah Kekayaan Alam pikeun >> kemakmuran rakyat. Teu make kawijaksanaan nu barangmaen nu bergantung ka >> investor asing >> >> 6.Mere patani lahan minimal saluas 2 hektar per KK >> 7.Teu naekeun harga bensinleuwih ti 10% per taunna >> >> 8.Teu make kaum Neoliberalis (mis: ex direktur Bank Dunia atawa IMF) >> salaku menteri. >> >> 9. ........... >> >> 10. .................. >> >> Jadi, saha atuh nu pantes jadi >> presiden.....................??????????????????????????? >> >> > > > -- > tantan hermansah | SM 1270 > > IMPORTANT NOTICE: > The information in this email (and any attachments) is confidential. If you > are not the intended recipient, you must not use or disseminate the > information. If you have received this email in error, please immediately > notify me by "Reply" command and permanently delete the original and any > copies or printouts thereof. Although this email and any attachments are > believed to be free of any virus or other defect that might affect any > computer system into which it is received and opened, it is the > responsibility of the recipient to ensure that it is virus free and no > responsibility is accepted by American International Group, Inc. or its > subsidiaries or affiliates either jointly or severally, for any loss or > damage arising in any way from its use. > > -- Ema Sujalma
