sok "alegori' keun bae atuh nyumput ge da sanes nyumput boa..."nonggerak" > noongan gerak "invisible" ...anjeuna hoyongna kitu nya kitu bae atuh can hoyongan katingal....ngke ge ngumumkeun ku anjeun. Sewang2 jalmi teh pan gaduh privasi masing2, nu jelas mah "being" nya aya.
Ambu ----- Original Message ---- From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> To: [EMAIL PROTECTED] Cc: kisunda <[email protected]>; [EMAIL PROTECTED] Sent: Monday, July 21, 2008 7:40:04 AM Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] NUMAWI vs MANAWI Dina paguneman sapopoe, kalan-kalan anu diajak atawa layan ngobrol teh surti upama anu nyarita atawa anu nembalan caritaan teh ukur nembalan ku kecap "numawi...": Pa Rurah: "Leuh, ku sagala mararahal nya jaman ayeuna?" Pa RT: "Numawi..." Tah, ku ngucapkeun sapotong "numawi", bari jeung lentongna anu pas, anu jadi lawan ngobrol teh (dina paguneman di luhur: pa Rurah) geus surti alias geus paham. Aya deui, ngeunaan numatak jeung numawi, aya margaluyu kieu jeroning masyarakat, siga kieu: "Numatak numawi, hulu butak katinggang awi" (punten ka nu sirahna nuju butak, sanes nyindiran atawa ngahina). Eta mah kenging nyutat ti si cepot. Anapon "manawi', eta mah kecap anu teu bisa henteu kudu disambungkeun jeung kecap sejenna. Haritna, kecap anu teu boga harti nanaon lamun hadirna tunggal manehna sorangan: "Manawi terang, dupi jalan ka Sukajdi teh ka palih mana nya?" Sakumaha ceuk Mh oge, ceuk KBS, kalan-kalan kecap "manawi" hadir dina wangun turunanana: "mamanawian" : "Si ujang milu test ka unpad teh mamanawian wae katampi" manAR On Sun, Jul 20, 2008 at 9:31 PM, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > Lamun nengetan serelek di ieu forum sok sering mucunghul tulisan nu > migunakeun kecap 'numawi'. Ngan uing sok rada 'getek' macana, sabab > ngalarapkeun eta kecap teh sok pahili wae jeung kecap 'manawi'. Hayu > urang toong geura dina buku Rusdina, naon harti eta kecap teh. > > 1. NUMAWI > KUBS: > matak, nu matak, nu mawi (lemes), sababna mah ... > Kunaon Ki Nonggerak nyumput? Nu matak borangan jigana manehna teh. > > KBS: > matak, nu matak, numawi (lemes), lantaranana. > Kumaha nu matak kitu? > > 2. MANAWI > KUBS: > manawa, manawi (lemes), sugan. > Sugan aya nu apal, saha ari Ki Nonggerak teh? > Wanawi aya nu apal, saha ari Ki Nonggerak teh? > > KBS: > manawa, manawi (lemes), sugan, mamanawaan, susuganan. > > salam, > mh > >
