sok "pilih kasih", hehehe. ari uing hayoh diudag-udag, salam, mh
On Mon, Jul 21, 2008 at 10:04 AM, richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > sok "alegori' > > keun bae atuh nyumput ge da sanes nyumput boa..."nonggerak" > noongan gerak > "invisible" ...anjeuna hoyongna kitu nya kitu bae atuh can hoyongan > katingal....ngke ge ngumumkeun ku anjeun. Sewang2 jalmi teh pan gaduh > privasi masing2, nu jelas mah "being" nya aya. > > > Ambu > > > > ----- Original Message ---- > From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> > To: [EMAIL PROTECTED] > Cc: kisunda <[email protected]>; [EMAIL PROTECTED] > Sent: Monday, July 21, 2008 7:40:04 AM > Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] NUMAWI vs MANAWI > > Dina paguneman sapopoe, kalan-kalan anu diajak atawa layan ngobrol teh > surti upama anu nyarita atawa anu nembalan caritaan teh ukur nembalan > ku kecap "numawi...": > Pa Rurah: "Leuh, ku sagala mararahal nya jaman ayeuna?" > Pa RT: "Numawi..." > > Tah, ku ngucapkeun sapotong "numawi", bari jeung lentongna anu pas, > anu jadi lawan ngobrol teh (dina paguneman di luhur: pa Rurah) geus > surti alias geus paham. > > Aya deui, ngeunaan numatak jeung numawi, aya margaluyu kieu jeroning > masyarakat, siga kieu: > > "Numatak numawi, hulu butak katinggang awi" (punten ka nu sirahna nuju > butak, sanes nyindiran atawa ngahina). Eta mah kenging nyutat ti si > cepot. > > Anapon "manawi', eta mah kecap anu teu bisa henteu kudu disambungkeun > jeung kecap sejenna. Haritna, kecap anu teu boga harti nanaon lamun > hadirna tunggal manehna sorangan: > "Manawi terang, dupi jalan ka Sukajdi teh ka palih mana nya?" > > Sakumaha ceuk Mh oge, ceuk KBS, kalan-kalan kecap "manawi" hadir dina > wangun turunanana: "mamanawian" : "Si ujang milu test ka unpad teh > mamanawian wae katampi" > > manAR > On Sun, Jul 20, 2008 at 9:31 PM, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: >> Lamun nengetan serelek di ieu forum sok sering mucunghul tulisan nu >> migunakeun kecap 'numawi'. Ngan uing sok rada 'getek' macana, sabab >> ngalarapkeun eta kecap teh sok pahili wae jeung kecap 'manawi'. Hayu >> urang toong geura dina buku Rusdina, naon harti eta kecap teh. >> >> 1. NUMAWI >> KUBS: >> matak, nu matak, nu mawi (lemes), sababna mah ... >> Kunaon Ki Nonggerak nyumput? Nu matak borangan jigana manehna teh. >> >> KBS: >> matak, nu matak, numawi (lemes), lantaranana. >> Kumaha nu matak kitu? >> >> 2. MANAWI >> KUBS: >> manawa, manawi (lemes), sugan. >> Sugan aya nu apal, saha ari Ki Nonggerak teh? >> Wanawi aya nu apal, saha ari Ki Nonggerak teh? >> >> KBS: >> manawa, manawi (lemes), sugan, mamanawaan, susuganan. >> >> salam, >> mh >> >> > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
