Haturan kang Dudi,
Leres, margaluyu nu sabenerna mah anu ditataan ku Kang Dudi. Eta
perkara "numatak numawi...jst ku abdu disebut margaluyu teh bakat ku
bingung wae. Rek disebut sisindiran, da asa teu pas jeung aturan
sisindiran. Disebut wawangsalan, da teu aya anu kudu diteguh dina eta
kalimah mah. Mangga, sugan aya anu terang model anu kitu disebut naon?
Aya deui contona: "Tah kukituna, daging munding panghipuna"
manAR
On Mon, Jul 21, 2008 at 9:05 AM, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> haturan mang oman. biasa sikuring mah bade ngarewong. nyocogkeun kanyaho
> heuheu. sakaterang margaluyu mah wangun rumpaka di mana kecap/engang
> tungtung hiji padalisan dijadikeun kecap/engang awal padalisan satuluyna.
> margaluyu nu sikuring terang nyaeta:
>
> 1. punten mangga
> ari ga gatotkaca
> ari ca cau ambon
> jst...
>
> 2. ayang ayang gung
> gung goongna rame
> menak ki mastanu
> jst.
>
> 3. bang kalima lima gobang bang
> bangkong di tengah sawah wah
> wahai tukang bajigur gur
> jst.
>
> tah perkawis "nu matak nu mawi, hulu butak katinggang awi" nembe ayeuna
> terang yen eta teh margaluyu oge. sakitu, punten tos wawanianan
> nyanyahoanan... bari jiga hayang katangar haha
>
> nuhun
>
> ua dudi qsep
>
> On Mon, Jul 21, 2008 at 7:40 AM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> Aya deui, ngeunaan numatak jeung numawi, aya margaluyu kieu jeroning
>> masyarakat, siga kieu:
>>
>> "Numatak numawi, hulu butak katinggang awi" (punten ka nu sirahna nuju
>> butak, sanes nyindiran atawa ngahina). Eta mah kenging nyutat ti si
>> cepot.
>>
>> ,___
>
> ------------------------------------------------------------------------
> --
> d-: dudi herlianto :-b
> ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
>
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/