teu ngarti....
teunggar teunggar kana peti

On Mon, Jul 21, 2008 at 9:32 AM, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   haduh... kumaha lamun asalluyu heuheu
>
> On Mon, Jul 21, 2008 at 9:19 AM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
>
>>   Haturan kang Dudi,
>>
>> Leres, margaluyu nu sabenerna mah anu ditataan ku Kang Dudi. Eta
>> perkara "numatak numawi...jst ku abdu disebut margaluyu teh bakat ku
>> bingung wae. Rek disebut sisindiran, da asa teu pas jeung aturan
>> sisindiran. Disebut wawangsalan, da teu aya anu kudu diteguh dina eta
>> kalimah mah. Mangga, sugan aya anu terang model anu kitu disebut naon?
>> Aya deui contona: "Tah kukituna, daging munding panghipuna"
>>
>> manAR
>>
>>
>> On Mon, Jul 21, 2008 at 9:05 AM, ua duq <[EMAIL 
>> PROTECTED]<dudi.herlianto%40gmail.com>>
>> wrote:
>> > haturan mang oman. biasa sikuring mah bade ngarewong. nyocogkeun kanyaho
>> > heuheu. sakaterang margaluyu mah wangun rumpaka di mana kecap/engang
>> > tungtung hiji padalisan dijadikeun kecap/engang awal padalisan
>> satuluyna.
>> > margaluyu nu sikuring terang nyaeta:
>> >
>> > 1. punten mangga
>> > ari ga gatotkaca
>> > ari ca cau ambon
>> > jst...
>> >
>> > 2. ayang ayang gung
>> > gung goongna rame
>> > menak ki mastanu
>> > jst.
>> >
>> > 3. bang kalima lima gobang bang
>> > bangkong di tengah sawah wah
>> > wahai tukang bajigur gur
>> > jst.
>> >
>> > tah perkawis "nu matak nu mawi, hulu butak katinggang awi" nembe ayeuna
>> > terang yen eta teh margaluyu oge. sakitu, punten tos wawanianan
>> > nyanyahoanan... bari jiga hayang katangar haha
>> >
>> > nuhun
>> >
>> > ua dudi qsep
>> >
>> > On Mon, Jul 21, 2008 at 7:40 AM, oman abdurahman <[EMAIL 
>> > PROTECTED]<omanarah%40gmail.com>>
>> wrote:
>> >>
>> >> Aya deui, ngeunaan numatak jeung numawi, aya margaluyu kieu jeroning
>> >> masyarakat, siga kieu:
>> >>
>> >> "Numatak numawi, hulu butak katinggang awi" (punten ka nu sirahna nuju
>> >> butak, sanes nyindiran atawa ngahina). Eta mah kenging nyutat ti si
>> >> cepot.
>> >>
>> >> ,___
>> >
>> > ----------------------------------------------------------
>> > --
>> > d-: dudi herlianto :-b
>> > ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
>> >
>> >
>>  _,___
>>
>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-b
> ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke