Ageman Sri Baduga Maharaja_1.
Sri
Baduga Maharaja raja sunda nu ngawasa,nu katelah sarua jeung Hyang
Dewata,sakti mandraguna,pageuh nyekel kayakinan lila,kayakinan ka Hyang
Widi. Saha nu nyangka aya guratan
beda,robah ngagem nu leuwih misti. Hiji mangsa nu geus pisan
lila,hawar-hawar ngadenge beja,aya pamingpin di hiji nagara nyekel elmu
luhung tur wicaksana jeung pageuh kuat nyekel agama. Jorojoy aya hate
suka,suka kana beja jeung kawentaranana,sugan bisa meunang batur nu
sawawa.
Hiji mangsa tumiba kana
takdirna,Baduga tepung jeung nu sawawa,pamingpin Nagara Kalifah ngarana,mere
beja nu teu disangka.
Lain ngadu lain balitungan
tungtungna,Baduga kalah kaburu rempag omongana,ucap jeung laku lampah nu
lempeng aturan,kajeun boga kawasa nu sakitu gedena Baduga raja nu
wicaksana,ngaku tina jero dasar manahna : Ieu geuning nu diteangan
kamana-mana,ajaran
jang ngajawab kahirupan anu fana.
Ku rohmatNa Hyang Wenang
Sajati,Baduga nenjo kalawaning bukti,ajaran nu geus jadi misti,asa lewang bisi
kaburu pinanggih jeung pati. Baduga nanya ka eta ‘jalma’,timana meunang
kasaktian jeung elmuna,eta ‘jalma’ ngan ukur ngasongkeun wasta,Kitab Suci
Qur’an ti Nu Kawasa. Istuning ku kanyaah MantenNa,bathin Baduga ngudupruk
euweuh tangan pangawasa,sakabeh kasakten karasa euweuh gunana,kalimpas ku
jajaran papatah nu netra nyata.