sampurasuuuun kg Nong, muga anjeun aya dina kasampurnaan, batin lan lahir....emh,.....ki dulur, kg enong, parantos nonggerak/walatra ayeuna mah, eces, jentre lan ebreh,eta tangtungan anjeun teh, nuhun kana sagala katerangna, sugan mawa 'terang' ka sadaya...ngan hampura,uin mah geus boga 'terang' sorangan, anu mo bisa kabawa ku sakaba-kaba, nyanggakeun,....lakuum diennukum, waliyaddien!...anggapan anjeun kitu ka eyang prabu ngeunaan pindahna ka ageman sejen, (nepi ka teu bisa nyabut iteuk bagenda ali???) sumangga teh teuing, hormat kuring ka tangtungan anjeun.....tapi keur sadirieun/sakuringeun mah,....hanteu...!... eyang prabu/sri baduga ngahormat ka sakabeh ageman ti hindu, buda ,karesten, jsbna tug nepi ka islam, sakabehna diloyogan, dimumule, (saur ambu mah sakadar 'raksukan.'.) tapi jeroanana mah, tetep ka.... NU-NGERSA-KEUN, with no name.! sabab, sadar sa-sadar2na, mun diaranan ku masing2 implengan/interpretasi manusa, lolobana malah 'pipaseaeun'!!!....padahal 'dat' na eta keneh.cag!.rampes!(rampa salira) mung sakitu heula bae, dina raraga silih asah, silih simbeuhan ti uin....hampura isun .......oca tea.....
--- On Sun, 7/27/08, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] (Serat :15)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Ageman Sri Baduga Maharaja. To: "urangsunda" <[EMAIL PROTECTED]>, "baraya_sunda" <[EMAIL PROTECTED]>, "kisunda" <[email protected]> Date: Sunday, July 27, 2008, 6:56 AM Ageman Sri Baduga Maharaja_1. Sri Baduga Maharaja raja sunda nu ngawasa,nu katelah sarua jeung Hyang Dewata,sakti mandraguna,pageuh nyekel kayakinan lila,kayakinan ka Hyang Widi. Saha nu nyangka aya guratan beda,robah ngagem nu leuwih misti. Hiji mangsa nu geus pisan lila,hawar-hawar ngadenge beja,aya pamingpin di hiji nagara nyekel elmu luhung tur wicaksana jeung pageuh kuat nyekel agama. Jorojoy aya hate suka,suka kana beja jeung kawentaranana,sugan bisa meunang batur nu sawawa. Hiji mangsa tumiba kana takdirna,Baduga tepung jeung nu sawawa,pamingpin Nagara Kalifah ngarana,mere beja nu teu disangka. Lain ngadu lain balitungan tungtungna,Baduga kalah kaburu rempag omongana,ucap jeung laku lampah nu lempeng aturan,kajeun boga kawasa nu sakitu gedena Baduga raja nu wicaksana,ngaku tina jero dasar manahna : Ieu geuning nu diteangan kamana-mana,ajaran jang ngajawab kahirupan anu fana. Ku rohmatNa Hyang Wenang Sajati,Baduga nenjo kalawaning bukti,ajaran nu geus jadi misti,asa lewang bisi kaburu pinanggih jeung pati. Baduga nanya ka eta ‘jalma’,timana meunang kasaktian jeung elmuna,eta ‘jalma’ ngan ukur ngasongkeun wasta,Kitab Suci Qur’an ti Nu Kawasa. Istuning ku kanyaah MantenNa,bathin Baduga ngudupruk euweuh tangan pangawasa,sakabeh kasakten karasa euweuh gunana,kalimpas ku jajaran papatah nu netra nyata.
