Tah geuning dugi oge kana opsi kahiji topik nu diusulkeun. Para wargi mangga 
atuh kapan tos digoongan ku Ambu, diskusi ulah sieun2 ulah "hard feeling". 
Urang ngobrolkeun masa lalu "as is".
Tips ti sim kuring, sakumaha sasensitif2na masalah dibahas emut we lah kana 
"three men and an elephant".
Haturan (he...he...punten sanes moderator nya)
JP
 



----- Original Message ----
From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, July 28, 2008 10:30:59
Subject: Re: [kisunda] Re: (Serat :15)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Ageman Sri Badu 
ga Maharaja


eta versi naskah oge tradisi lisan, 

naskah oge tradiosi lisan teh dicarioskeun turun tumurun, tiap mangsa aya 
subyektifna
janen kdah ditimngali heula sumberna anu leres, terasdiuji heula dibandingkeun 
sareng 
naskah2 perkawis Sri Baduga, kempelkeun sa-seu-eur2na ditingali jejerkeun - 
bandingkeun ku oposisi binari, kaluarkeun variant sareg variabel tiap2naskah 
atanapi arita lisan nu beredar di masyarakat tina tiap2 periode > ieu metode na 
nyaeta Filologi tea.

leres memang Subanglarang teg Islam ditikah harita ku Sri baduga, ngan 
nyuhunkeun sarat supados anjeuna (subanglarang) tetep ngagem Islam.....mung Sri 
Baduga na mah tetep agama Sunda ! Teu pisan2 ngalih ka Islam...teu aya buktosna.

Pami leres Sri Baduga lebet Islam, naha atuh incuna make ngudag2, naha atuh 
incuna nu ti Cirebon bet ngawangun sekutu sareng Dmak, Banten ngan ku sabab 
merangan anu "KAFIR"
 
Mun leres Sri Baduga lebet Islam, naha atuh bet ngaluarkeun PITEKET anu 
ngokolakeun KABUYUTAN2 di sabudeureun Tatar Sunda harita,  oge jetre 
diterangkeun en eta KABUYUTAN  teh PIGEUSANEUN KAMI PARA RATU - SAHA2 ANU WANI 
NGAGUNASIKA KU AING DITITAH DIPAEHAN.... mangga aos ku anjeun prasastina - aya 
keneh ngabelegedeg dugi ka ayeuna di Museum Nasional

Mun leres Sri Baduga Islam, naha atuh bet ngawangun KABUYUTAN BATUTULIS  
(totonden na mangrupi prasasti anu dikaluarkeun ku putrana) > situsna nu ayeuna 
mung ukur sesa tapi nu leres mah langkung luas ti ayeuna tutugna dugi ka Lawang 
Gintung

Mun leres Sri Baduga Islam, naha atuh bet disebatkeun MOKSA  di sawah tampian 
dalem naha atuh teu disebat wafat atau berpulang teras ku aksara Arab (pa 
harita Islam tos sumebar di Tatar Sunda) naha teu kitu? cing punten waler! 

Dina prasasti BATUTULIS gelar lengkap - resmi sri baduga teh SRI BADUGA 
MAHARAJA SRI SANG RATU DEWATA RATU HAJI DI PAKWAN PAJAJARAN 

punten tingali haji didinya hartosna HAJI ku hartos ayeuna nyaeta HAJI NU KA 
MEKAH ..... tapi hartosna sebutan kata RAJA  dalam pengertian harfiah

HAJI dalam pengertian harfiah oge disebat
- dina prasasti Kebon kopi dua (654 = revisi angka tahun atas pembacaan ulang) 
anu harita ISLAM teu acan aya di Tatar Sunda > Rakryan Juru Pangambat
- oge dina prasasti Sanghiyang tapak (1032) > Jayabhupati 

Janten jelas HAJI dina prasasti2 kalebet oge HAJI dina prasasti Batutulis (Sri 
Baduga) sanes hartosna HAJI anu ditakbirkeun di mekah (ARAB) tapi HAJI = RAJA

Mangga diantos waleranana.. .urang sarreng diskusi terbuka didieu...ayeuna 
keneh. 

Tabe pun
Ambu Wirumananggay 



----- Original Message ----
From: ednugraha <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Monday, July 28, 2008 12:59:22 PM
Subject: [kisunda] Re: (Serat :15)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Ageman Sri Badu ga 
Maharaja



He..he.. Mang H...sanes kitu ah...ieu dongeng Kang Nonggerak teu acan
tamat....

upami numutkeun versi yen Sri baduga teh jaya dewata nu nikah ka
Subang larang nu cenah tos muslimat. logika Sri baduga lebet islam
bisa jadi leres/lepat margi dina hukum islam pan teu kenging muslimat
nikah ka non muslim. 

Sareng deui dongeng terakhir Kang Nonggerak teu acan sacara langsung
nyebat Sri baduga lebet islam. nembe 'kataji'. janten terlalu 'dini'
menyimpulkan.

punten pisan upami 'kesanna' abdi ngabela tatamu.

baktosna
eddy Nugraha

--- In [EMAIL PROTECTED] .com, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> hahaha, hanas ambu, juragan edi nugraha molotan uing, tah ieu
geuning hasilna.
> wilujeng.
> 
> salam,
> mh
> 
> On Mon, Jul 28, 2008 at 11:54 AM, ua duq <dudi.herlianto@ ...> wrote:
> > tah geuning, embah nong aya nu ngayonan. hayu atuh mbah kaluarkeun
eusi
> > kanjutkundangna. timana embah bisa nyimpulkeun baduga teh nepi ka
ngudupruk?
> > bisi jiga inum elizabet tampa cendol haha...
> >
> > On Mon, Jul 28, 2008 at 10:44 AM, richadiana kartakusuma
> > <richadianakartakus [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >>
> >> upami hoyong uninga atanapi ngobrol sajarah oge KARUHUN SUNDA,
dengan izin
> >> dan atas nama milist KISUNDA.... hayu ka abdi, palay naon bae moal
> >> dipeditkeun satungtung ka Urang Sunda mah....tapi omat ulah ngarang
> >> sorangan, abdi ge teu wantun ngarang pangalaman karuhun mah...malaur
> >> tideuhak !!!!!!!!!!!! !!
> >>
> >> AMBU Wirumananggay
> >>
> >> ----- Original Message ----
> >> From: "Dirgahayu, Rachman" <rachman.dirgahayu@ ...>
> >> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> >> Sent: Monday, July 28, 2008 8:52:14 AM
> >> Subject: RE: [kisunda] (Serat :15)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Ageman
Sri Badu
> >> ga Maharaja.
> >>
> >> Aya naon Ambu ???? Neuning nyeratna ngago huruf kapital sadayana
> >> Ambek kasaha ?
> >> ._,___
> >
> >
> > --
> > d-: dudi herlianto :-b
> > ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
> >
>


 

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke