Para wargi, utamina ka Ambu....

sateuacana abdi peryogi 'klarifikasi' yen sareng kang nonggerak sim
abdi anyar (bari teu acan) pinanggih. kangg sim abdi kang nonggerak
tatamu nu 'gaib' keneh sami sareng hampir ka sadayana wargi ki sunda.
sim abdi ngiring mairan 'rada di sisi' tatamu estu  hoyong obrolan
kisunda janten 'diskusi' 'fair'sareng sehat. he..he.. kedahna mah kang
nonggerak ngiring 'ngabela maneh' ngan katingalna mah versi kirimana 
saukur nyandak ti seratan batur.

sim abdi teu nyebatkeun sri baduga tos islam dina ageman sareat
muhammad. tapi lamun aya nu nyangka tos islam ajeuna teu 'gagabah'
hartosna gaduh argumen tapi teu acan tangtos argumena leres.

kitu oge upami ambu nyebat:

leres memang Subanglarang teg Islam ditikah harita ku Sri baduga, ngan
nyuhunkeun sarat supados anjeuna (subanglarang) tetep ngagem
Islam.....mung Sri Baduga na mah tetep agama Sunda ! Teu pisan2 ngalih
ka Islam...teu aya buktosna

argumena can tangtos leres.

tiasa wae tos lebet islam tapi da dihyangkeun mah ku batur (putrana).
ari nu tos pupus mah nya kumaha nu hirup wae.

nurutkeun urang islam mun aya isteri nikah ka agama sanes islam haram
hukumna.


samentawis- ieu e-mail sim abdi taunan kapengker tina salah sahiji versi.

--- In [email protected], richadiana kartakusuma
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> eta versi naskah oge tradisi lisan, 
> 
> naskah oge tradiosi lisan teh dicarioskeun turun tumurun, tiap
mangsa aya subyektifna
> janen kdah ditimngali heula sumberna anu leres, terasdiuji heula
dibandingkeun sareng 

> naskah2 perkawis Sri Baduga, kempelkeun sa-seu-eur2na ditingali 
jejerkeun - bandingkeun ku oposisi binari, kaluarkeun variant sareg
variabel tiap2naskah atanapi arita lisan nu beredar di masyarakat tina
tiap2 periode > ieu metode na nyaeta Filologi tea.
> 
> .
> 
> Pami leres Sri Baduga lebet Islam, naha atuh incuna make ngudag2,
naha atuh incuna nu ti Cirebon bet ngawangun sekutu sareng Dmak,
Banten ngan ku sabab merangan anu "KAFIR"

masih versi da pan saurna nurutkeun versi sanes (sejarah jawa barat
Josep iskandar) nuju sri baduga mah aya 'perdamaian'. 

  
> Mun leres Sri Baduga lebet Islam, naha atuh bet ngaluarkeun PITEKET
anu ngokolakeun KABUYUTAN2 di sabudeureun Tatar Sunda harita,  oge
jetre diterangkeun en eta KABUYUTAN  teh PIGEUSANEUN KAMI PARA RATU -
SAHA2 ANU WANI NGAGUNASIKA KU AING DITITAH DIPAEHAN.... mangga aos ku
anjeun prasastina - aya keneh ngabelegedeg dugi ka ayeuna di Museum
Nasional
> 
> Mun leres Sri Baduga Islam, naha atuh bet ngawangun KABUYUTAN
BATUTULIS  (totonden na mangrupi prasasti anu dikaluarkeun ku putrana)
> situsna nu ayeuna mung ukur sesa tapi nu leres mah langkung luas ti
ayeuna tutugna dugi ka Lawang Gintung
> 
> Mun leres Sri Baduga Islam, naha atuh bet disebatkeun MOKSA  di
sawah tampian dalem naha atuh teu disebat wafat atau berpulang teras
ku aksara Arab (pa harita Islam tos sumebar di Tatar Sunda) naha teu
kitu? cing punten waler! 
> 
> Dina prasasti BATUTULIS gelar lengkap - resmi sri baduga teh SRI
BADUGA MAHARAJA SRI SANG RATU DEWATA RATU HAJI DI PAKWAN PAJAJARAN 
> 
> punten tingali haji didinya hartosna HAJI ku hartos ayeuna nyaeta
HAJI NU KA MEKAH ..... tapi hartosna sebutan kata RAJA  dalam
pengertian harfiah
> 
> HAJI dalam pengertian harfiah oge disebat
> - dina prasasti Kebon kopi dua (654 = revisi angka tahun atas
pembacaan ulang) anu harita ISLAM teu acan aya di Tatar Sunda >
Rakryan Juru Pangambat
> - oge dina prasasti Sanghiyang tapak (1032) > Jayabhupati 
> 
> Janten jelas HAJI dina prasasti2 kalebet oge HAJI dina prasasti
Batutulis (Sri Baduga) sanes hartosna HAJI anu ditakbirkeun di mekah
(ARAB) tapi HAJI = RAJA
> 
> Mangga diantos waleranana...urang sarreng diskusi terbuka
didieu...ayeuna keneh. 
> 
> Tabe pun
> Ambu Wirumananggay 
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: ednugraha <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Monday, July 28, 2008 12:59:22 PM
> Subject: [kisunda] Re: (Serat :15)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Ageman
Sri Badu ga Maharaja
> 
> 
> 
> He..he.. Mang H...sanes kitu ah...ieu dongeng Kang Nonggerak teu acan
> tamat....
> 
> upami numutkeun versi  yen Sri baduga teh jaya dewata nu nikah ka
> Subang larang nu cenah tos muslimat. logika Sri baduga lebet islam
> bisa jadi leres/lepat margi dina hukum islam pan teu kenging muslimat
> nikah ka non muslim. 
> 
> Sareng deui dongeng terakhir Kang Nonggerak teu acan sacara langsung
> nyebat Sri baduga lebet islam. nembe 'kataji'. janten terlalu 'dini'
> menyimpulkan.
> 
> punten pisan upami 'kesanna' abdi ngabela tatamu.
> 
> baktosna
> eddy Nugraha
> 
> --- In [EMAIL PROTECTED] .com, mh <khs579@> wrote:
> >
> > hahaha, hanas ambu, juragan edi nugraha molotan uing, tah ieu
> geuning hasilna.
> > wilujeng.
> > 
> > salam,
> > mh
> > 
> > On Mon, Jul 28, 2008 at 11:54 AM, ua duq <dudi.herlianto@ ...> wrote:
> > > tah geuning, embah nong aya nu ngayonan. hayu atuh mbah kaluarkeun
> eusi
> > > kanjutkundangna. timana embah bisa nyimpulkeun baduga teh nepi ka
> ngudupruk?
> > > bisi jiga inum elizabet tampa cendol haha...
> > >
> > > On Mon, Jul 28, 2008 at 10:44 AM, richadiana kartakusuma
> > > <richadianakartakus uma@> wrote:
> > >>
> > >> upami hoyong uninga atanapi ngobrol sajarah oge KARUHUN SUNDA,
> dengan izin
> > >> dan atas nama milist KISUNDA.... hayu ka abdi, palay naon bae moal
> > >> dipeditkeun satungtung ka Urang Sunda mah....tapi omat ulah ngarang
> > >> sorangan, abdi ge teu wantun ngarang pangalaman karuhun
mah...malaur
> > >> tideuhak  !!!!!!!!!!!! !!
> > >>
> > >> AMBU Wirumananggay
> > >>
> > >> ----- Original Message ----
> > >> From: "Dirgahayu, Rachman" <rachman.dirgahayu@ ...>
> > >> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> > >> Sent: Monday, July 28, 2008 8:52:14 AM
> > >> Subject: RE: [kisunda] (Serat :15)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Ageman
> Sri Badu
> > >> ga Maharaja.
> > >>
> > >> Aya naon Ambu ????  Neuning nyeratna ngago huruf kapital sadayana
> > >> Ambek kasaha ?
> > >> ._,___
> > >
> > >
> > > --
> > > d-: dudi herlianto :-b
> > > ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
> > >
> >
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke