dibaudan, disekrupan, di seurian
OBROLAN SAPI JEUNG HAYAM
Hayam : “Heeh Sapi ! Dasar ngarana manusa nya
meuni loba teuing mentingkeun diri sorangan!
Sapi : “Na kunaon kitu bet bisa
ngomong kitu maneh teh ?
Hayam : “Coba weh perhatikeun,
naon coba nu geus dipigawe maranehanana ka kuring !
Sapi : “ Har ! Naha kunaon kitu
?
Hayam : “Kuring teh terus we
ngendog, da hayang boga turunan tea ! Tapi naon coba nu geus dipigawe ku
manusia, unggal
poe endog teh didaharan ku maranehanana, kumaha rek boga turunan atuh urang
teh ! Teu disesakeun hiji-hiji acan endong teh !
Sapi : ”Alaah ! eta parsoalan
leutik atuh !
Hayam : ” Maksudna ?”
Sapi : ”Yeuh dengekeun Kuring !
lamun difikir nasib kuring leuwih goreng. rarasaan mah hayang bunuh
diri jigana !. Coba we Bayangkeun, unggal poe manusia nginum susu kuring tapi
ueweuh hiji-hiji acan geuning nu nyalukan Ema ka kuring !
Hayam : ??
SOSONOAN
Sore sore....aya pasangan anu keur istirahat
bari gogoleran, sarengsena sosonoan di jero kamar !
Teu kungsi lila, kadenge aya sora mobil ngerem, tuluy aya sora panto mobil di
buka, tuluy di gebrukkeun.........
Si awewe ngorejat semu nu reuwas...tuturubun ti tempat tidur bari pokna :
" "Gancang dibaju..........eta sigana salaki urang balik ti
kantor "
Si lalaki ngilu reuwas, manehna tuluy nempo ka jandela, balik deui ningali ka
jero kamar, pokna bari siga nu bingung :" Apanan......lain aing
salaki maneh teh..?"
"wilujeng makalangan kanggo nden ambu diana,...."