ah, nu leres kg roche..... aya oge anu tara mere susu samasakali.... tapi disebut ema.... hampura isun... ....oca tea....
--- On Fri, 8/8/08, agus rohaendi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: agus rohaendi <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] landong baud To: [email protected] Date: Friday, August 8, 2008, 5:32 AM dibaudan, disekrupan, di seurian OBROLAN SAPI JEUNG HAYAM Hayam : “Heeh Sapi ! Dasar ngarana manusa nya meuni loba teuing mentingkeun diri sorangan! Sapi : “Na kunaon kitu bet bisa ngomong kitu maneh teh ? Hayam : “Coba weh perhatikeun, naon coba nu geus dipigawe maranehanana ka kuring ! Sapi : “ Har ! Naha kunaon kitu ? Hayam : “Kuring teh terus we ngendog, da hayang boga turunan tea ! Tapi naon coba nu geus dipigawe ku manusia, unggal poe endog teh didaharan ku maranehanana, kumaha rek boga turunan atuh urang teh ! Teu disesakeun hiji-hiji acan endong teh ! Sapi : ”Alaah ! eta parsoalan leutik atuh ! Hayam : ” Maksudna ?” Sapi : ”Yeuh dengekeun Kuring ! lamun difikir nasib kuring leuwih goreng. rarasaan mah hayang bunuh diri jigana !. Coba we Bayangkeun, unggal poe manusia nginum susu kuring tapi ueweuh hiji-hiji acan geuning nu nyalukan Ema ka kuring ! Hayam : ?? SOSONOAN Sore sore....aya pasangan anu keur istirahat bari gogoleran, sarengsena sosonoan di jero kamar ! Teu kungsi lila, kadenge aya sora mobil ngerem, tuluy aya sora panto mobil di buka, tuluy di gebrukkeun.. ....... Si awewe ngorejat semu nu reuwas...tuturubun ti tempat tidur bari pokna : " "Gancang dibaju...... ....eta sigana salaki urang balik ti kantor " Si lalaki ngilu reuwas, manehna tuluy nempo ka jandela, balik deui ningali ka jero kamar, pokna bari siga nu bingung :" Apanan...... lain aing salaki maneh teh..?" "wilujeng makalangan kanggo nden ambu diana,...."
