Baraya sadaya,
17 Agustus 2008
Merdeka... !
Merdeka tina naon cenah? Nya atuh minimal merdeka yen urang bisa
mieling poean kamerdekaan bangsa urang, 17 Agustus 63 taun anu
kaliwat.
Wilujeng mieling poean kemedekaan bangsa Indonesia,
Wilujeng mieling perjuangan para pahlawan anu tos ngabajoangkeun
kamerdekaan bangsa Indonesia, boh anu kacatet ku ingetan kolektif
masyarakat urang atawa anu henteu kacatet, boh anu tos ngantunkeun
atawa anu masih aya keneh dikieuna,
Alfatihah...!
Khususon ka alm Otista, aya kareueus, kusabab pekik "Merdeka" teh,
kuring yakin, sakumaha pedaran kang Iip dina buku "Otista, The Untold
Stories" (sanajan judulna basa Inggris, tapi eusi bukuna basa
Indonesia). Hatur nuhun juragan, ayeuna mimiti nguniang
pemikiran-pemikiran salira, jeung sigana karasa ku sakabeh komponen
bangsa, yen "nasionalisme anu ngakar" teh memang diperlukeun keur
wangun bangsa anu siga Indonesia. Alfatihah ...!.
Wilujeng ka bangsa Indonesia anu geus mimiti ngebrehkeun jeung
nyalabarkeun mutiara-mutiara buah pikir presiden kahiji bangsa urang.
Anu napel dina ingetan, sakumaha anu maneuh disiarkeun dina tapi
akhir-akhir ieu:"Yen aya hasil anu kacida gedena tina nengetan sajarah
bangsa-bangsa. Eta hasil anu gede teh netelakeun yen kasuksesan jeung
kajayaan hiji bangsa bisa kahontal ngan uku ku gawe anu soson".
Wilujeng ngeunteung jeung neuleuman harti kamerdekaan.
Wilujeng mendakan bagean-bagean anu tacan bener-bener merdeka tur
ngemutan kumaha jalan kaluarna.
Wilujeng
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/