Kamari basa poe Minggu,  di warung saeutik ngobrol ngaler ngidul  soal 
kamerdekaan,  biasa we kuring sok tatanya,  "Naon sih  harti kamerdekaan teh?"
  Dijawab ku tatangga,  (turunan urang kidul),  "Kemerdekaan  itu adalah bebas 
dari belenggu",  kitu cenah. Terus naon atawa  kumaha buktina ? Kumaha contona 
? Manehna rada culang cileung.
  Ceuk cenah urang dijajah ku Walanda 350 taun, diselang ku Inggris sababaraha 
taun, ku Jepang 3 taun.
  Cikan urang bayangkeun, 350 taun dijajah,  lamun seug urang hirup  di jaman 
harita,  ceuk pamikiran kuring mah  tinu sababarapa  puluh juta jelema jaman 
harita,  siganamah anu ngrasa dijajah teh  ngan puluhan rebu jelema, anu aya 
kasadaran kanu "nasionalisme", anu  sejennamah ah siganamah hanteu ngarasa.   
Ari maksudna  kumaha?  Maksudna carita ieu mangrupakeun bahan bandingan jeung  
jaman kiwari,  asanamah saeutik pisan anu ngarasa yen bangsa urang  teh masih 
"terbelenggu" ku bangsa deungeun, dina harti masih keneh loba  katergantungan 
ka bangsa deungeun. Bisa di tingali,  masih loba  jelema resep ka budaya 
deungeun, boh tinu  budaya filem, mode  jeung  gaya hidup, kitu oge tinu 
bahasa.  "enjoy we lah "  cenah.
  Neo Leberalsime anu di pikasieun ku Bang Kusno, sabenerna mah kajadian  jeung 
kaalaman pisan ku bangsa urang ayeuna, naon buktina: bahan  tambang, jeung 
kakayaan alam(hutan) loba dikeruk keur   kapentingan  asing. 
  
  Aya dua kutub politik anu nonjol di jaman ayeuna  nyaeta  kutub  RRC  jeung 
Nagara Amerika. Ari RRC mah "SERBA NEGARA"  (etatisme kapitalis) ari nagara 
Amrik mah  "SERBA   SWASTA"  (liberal kapitalis)  hasilnya,  dua-duana  punjul, 
 kabuktian dina  olimpiade  2008,    2  nagara ieu  paling luhur  dina  
perolehan  mendali. 
  
  Boh Amrik, kitu deui RRC boga rasa nasionalisme anu luhur,   buktina  Amerika 
rada "curang" dinu nyusun perolehan  mendali,  manehna supaya katingali unggul, 
 ngitung mendali  tina jumlah perolehan mendali anu pangloba-lobana, lain   
ditangtukeun ku  beubeunangan mendali emas  anu dimeunangkeun  ku RRC. 
  Mangga we tingal di dieu : http://www.yahoo.com/
  
  Kasimpulannamah,  kacida pisan pentingna rasa nasionalisme eta.
  
  Salam Merdeka !
  mz
  
   
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                      
    Baraya sadaya,
  
  17 Agustus 2008
  
  Merdeka... !
  
  Merdeka tina naon cenah? Nya atuh minimal merdeka yen urang bisa
  mieling poean kamerdekaan bangsa urang, 17 Agustus 63 taun anu
  kaliwat.
  Wilujeng mieling poean kemedekaan bangsa Indonesia,
  Wilujeng mieling perjuangan para pahlawan anu tos ngabajoangkeun
  kamerdekaan bangsa Indonesia, boh anu kacatet ku ingetan kolektif
  masyarakat urang atawa anu henteu kacatet, boh anu tos ngantunkeun
  atawa anu masih aya keneh dikieuna,
  Alfatihah...!
  Khususon ka alm Otista, aya kareueus, kusabab pekik "Merdeka" teh,
  kuring yakin, sakumaha pedaran kang Iip dina buku "Otista, The Untold
  Stories" (sanajan judulna basa Inggris, tapi eusi bukuna basa
  Indonesia). Hatur nuhun juragan, ayeuna mimiti nguniang
  pemikiran-pemikiran salira, jeung sigana karasa ku sakabeh komponen
  bangsa, yen "nasionalisme anu ngakar" teh memang diperlukeun keur
  wangun bangsa anu siga Indonesia. Alfatihah ...!.
  Wilujeng ka bangsa Indonesia anu geus mimiti ngebrehkeun jeung
  nyalabarkeun mutiara-mutiara buah pikir presiden kahiji bangsa urang.
  Anu napel dina ingetan, sakumaha anu maneuh disiarkeun dina tapi
  akhir-akhir ieu:"Yen aya hasil anu kacida gedena tina nengetan sajarah
  bangsa-bangsa. Eta hasil anu gede teh netelakeun yen kasuksesan jeung
  kajayaan hiji bangsa bisa kahontal ngan uku ku gawe anu soson".
  Wilujeng ngeunteung jeung neuleuman harti kamerdekaan.
  Wilujeng mendakan bagean-bagean anu tacan bener-bener merdeka tur
  ngemutan kumaha jalan kaluarna.
  Wilujeng
  
      
                __.

  
      
                                                  

       

Kirim email ke