Pas soal ieu ...asa beuki ngarahul Kang Nong sakanyaho kuring ... Sri Baduga = Jaya dewata Nu hianat = Ki Jongjo = pasukan Nusya Mulya Nusya Mulya = Incuna ti incu Jaya Dewata Satria hideung = pasukan Banten = pasukan Incuna Sunan Gunung Jati = pasukan ti incuna incu Sri Baduga
cag ... On Tue, Aug 19, 2008 at 7:05 PM, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kunaon Pajajaran Leungit ? > > > > - Penghianatan ti jero istana,kalakuan Satria Hideung,leuwih ngora ti > Sri Baduga Maharaja,anak bibina…,lalim,mawa pasukan > rorokidul,siluman-siluman jabrig saawak-awak,bentrok maung jeung pasukan > rupa-rupa bentukna. Pajajaran luhur gunung,dihandapna dikuriling > sawah-sawah,maung-maung diposisi sawah-sawah,dayeuh geus dikepung,luareun > sawah-sawah,euweuh jalan kaluar. Pasukan musuh mawa siluman-siluman. > Dibantuan rorokidul,dayeuh dikepung, Bakal loba korban,Sri Baduga Maharaja > jeung nu tetep satia ngaraleungit,kabur ka kidul,malipir gunung,ngajauhan > dayeuh. > > > > - Dayeuh paburisat,rahayat kalabur,nu nyesa pasukan Satria > Hideung,kabingungan,dayeuh ngemplong euweuh eusian. Musuh ngabagi,ngudag ka > lima jalan,dayeuh molongpong,Ki Santang nutup ku halimunan,jadi leuweung > geledegan. Musuh paburisat beuki teu ngartieun. Ngarumpul di hiji tempat > luareun dayeuh nu nepi ka ayeuna pinuh ku siluman,nungguan mangsa muka > halimunan. Ayeuna eta tempat jadi tempat pamujaan,jang nyegik,melet jeung > sajabana. Nu ku aranjeun dideukeutan kamari bari leumpang opatan. Curug > tujuh.. > > > > - Ti semet eta Ki Santang ngarasa dinyerikeun Nyi Dewi,pangawasa laut > kidul.. Nu ayeuna beuki ngarajalela,ngawut-ngawut akidah manusa. Dayeuh > tetep dikepung. Nu ngadeukeutan atawa boga niat napak tilas ka dayeuh bakal > digoda,dipengkolkeun ka tempat muja. Siluman-siluman disebar neangan nu > bisa > muka dayeuh. Can kapanggih. Eta nu dipikahariwang Ki Santang. Kunaon bet > titah bias nyumput dinu caang. Can kuat ngalayanana,moal bisa ngalawan > siluman-siluman eta ngan ku opatan,komo bari teu yakin mah. Matak cilaka. > Ulah nanyakeun ka Ki Santang kunaon can muka. Tingali ka aranjeun > opatan,tingali diri,can siap anjeun,loba kasieun,teu wani. Padahal geus > waktuna,kudu pageuh pacekel-cekel leungeun. Anjeun teu nyaho naon nu bakal > disanghareupan engkena. Siluman. Nu kungsi ngancurkeun Pajajaran. Ulah > nyalahkeun guru kuring. Anggur giatkeun diri,meungpeung aya keneh umur. > Sing > boga tapak nu mulia jang balarea saencan aranjeun tilar dunya. > > > >
