ngungkabkeun KEBENARAN (TRUTH) anu mendekati ABSOLUT, memang henteu
gampang...
kedah siap...nampi pro - kontra ti palawargi saderek sadaya...anu
balageur...tur...welas asih...
mangga...dilajeng ku Kan Nong...sareng palawargi interaksi ngenaan
KAYAKINAN...nyaketan...Sounding-sounding...anu peryogi
disounding-sounding...
utamina...reketkeun...duduluran...palawargi...sadaya..
Sagala rupi pangalaman, wawasan ti palawargi sadaya...tangtu mangpaatna
karaos ku saha bae oge...
anu neuleuman...hiji perkawis nu nuju janten pembahasan di milis urang
sadaya ieu...
kum ka sadaya palawargi ...hapunten...bilih pribados kirang tata kirang
basa...sok posting...nu
teu pararuguh...nyuhunkeun dihapunten...kana samudaya kalepatan...sok bilih
aya anu 'kagores' batin na...

baktos,

On Wed, Aug 20, 2008 at 8:10 PM, fredy novianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    tos teu kiat uing mah agan beuki lieur,
>
>
> 2008/8/20 ika sukma <[EMAIL PROTECTED]>
>
>>    apan saurna Jig geura narindak, tapi ulah ngalieuk ka tukang?
>> ieu urang pada ngalieuk ka tukang...
>> ngalieuk ka tukang ieu...teu salah teu bener...teu salah...mun dianggo
>> ngaluruskeun...
>> informasi sajarah (sajajar jeung sa arah)...anu henteu
>> tepat...informasi...anu salah boh sangaja boh disangaja...anu muncul dina
>> media...media eta saha anu boga? naha aya kapentingan naon bet
>> sajarah dipengkolkeun...boh sangaja boh teu sangajana ?
>> urang bebenerkeun...sajarah...luruskeun...sajarah...prak balakakeun
>> sajarah...sakumaha ayana...
>> asana teu kedah hariwang...sabab hakekat kanyataan teu bisa direkayasa ku
>> kahayang ayana kapentingan manusa...sabab nu bogana pan anu Maha Kawasa...
>> sangkan teu nyiar kabingung ka palawargi sadaya, khusus nu aya di tatar
>> sunda...
>>
>>
>>
>>
>> On Wed, Aug 20, 2008 at 9:57 AM, Kang Iman <
>> [EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>>>    Pas soal ieu ...asa beuki ngarahul Kang Nong
>>> sakanyaho kuring ... Sri Baduga = Jaya dewata
>>> Nu hianat = Ki Jongjo = pasukan Nusya Mulya
>>> Nusya Mulya = Incuna ti incu Jaya Dewata
>>> Satria hideung = pasukan Banten = pasukan Incuna Sunan Gunung Jati =
>>> pasukan ti incuna incu Sri Baduga
>>>
>>> cag ...
>>>
>>>
>>> On Tue, Aug 19, 2008 at 7:05 PM, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>>
>>>>      Kunaon Pajajaran Leungit ?
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>    - Penghianatan ti jero istana,kalakuan Satria Hideung,leuwih ngora
>>>>    ti Sri Baduga Maharaja,anak bibina…,lalim,mawa pasukan
>>>>    rorokidul,siluman-siluman jabrig saawak-awak,bentrok maung jeung pasukan
>>>>    rupa-rupa bentukna. Pajajaran luhur gunung,dihandapna dikuriling
>>>>    sawah-sawah,maung-maung diposisi sawah-sawah,dayeuh geus 
>>>> dikepung,luareun
>>>>    sawah-sawah,euweuh jalan kaluar. Pasukan musuh mawa siluman-siluman.
>>>>    Dibantuan rorokidul,dayeuh dikepung, Bakal loba korban,Sri Baduga 
>>>> Maharaja
>>>>    jeung nu tetep satia ngaraleungit,kabur ka kidul,malipir 
>>>> gunung,ngajauhan
>>>>    dayeuh.
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>    - Dayeuh paburisat,rahayat kalabur,nu nyesa pasukan Satria
>>>>    Hideung,kabingungan,dayeuh ngemplong euweuh eusian. Musuh 
>>>> ngabagi,ngudag ka
>>>>    lima jalan,dayeuh molongpong,Ki Santang nutup ku halimunan,jadi leuweung
>>>>    geledegan. Musuh paburisat beuki teu ngartieun. Ngarumpul di hiji tempat
>>>>    luareun dayeuh nu nepi ka ayeuna pinuh ku siluman,nungguan mangsa muka
>>>>    halimunan. Ayeuna eta tempat jadi tempat pamujaan,jang nyegik,melet 
>>>> jeung
>>>>    sajabana. Nu ku aranjeun dideukeutan kamari bari leumpang opatan. Curug
>>>>    tujuh..
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>    - Ti semet eta Ki Santang ngarasa dinyerikeun Nyi Dewi,pangawasa
>>>>    laut kidul.. Nu ayeuna beuki ngarajalela,ngawut-ngawut akidah manusa. 
>>>> Dayeuh
>>>>    tetep dikepung. Nu ngadeukeutan atawa boga niat napak tilas ka dayeuh 
>>>> bakal
>>>>    digoda,dipengkolkeun ka tempat muja. Siluman-siluman disebar neangan nu 
>>>> bisa
>>>>    muka dayeuh. Can kapanggih. Eta nu dipikahariwang Ki Santang. Kunaon bet
>>>>    titah bias nyumput dinu caang. Can kuat ngalayanana,moal bisa ngalawan
>>>>    siluman-siluman eta ngan ku opatan,komo bari teu yakin mah. Matak 
>>>> cilaka.
>>>>    Ulah nanyakeun ka Ki Santang kunaon can muka. Tingali ka aranjeun
>>>>    opatan,tingali diri,can siap anjeun,loba kasieun,teu wani. Padahal geus
>>>>    waktuna,kudu pageuh pacekel-cekel leungeun. Anjeun teu nyaho naon nu 
>>>> bakal
>>>>    disanghareupan engkena. Siluman. Nu kungsi ngancurkeun Pajajaran. Ulah
>>>>    nyalahkeun guru kuring. Anggur giatkeun diri,meungpeung aya keneh umur. 
>>>> Sing
>>>>    boga tapak nu mulia jang balarea saencan aranjeun tilar dunya.
>>>>
>>>>
>>>>
>>>
>>
>
>
> --
> http://six4sep.co.cc
>
> 
>

Kirim email ke