Nuhun....... panggeuing, warning.....keur sim kuring saparakanca. Waktu pakait jeung relativitas, duka sabaraha generasi kahareup atawa boa-boa rek eureun di generasi ayeuna sunda teh. Cicing.... teuleum di generasi kiwari. Ikhtiar, leuwih leukeun........ leuwih panjang generasi sunda. Urang sasarengan tegeskeun jeung tegepkeun deui: Nyieun kabajikan, kaadilan jeung kamakmuran nu berkelimpahan di bhwana. salam tirta
----- Original Message ---- From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[email protected]> Sent: Tuesday, August 26, 2008 5:07:42 Subject: [kisunda] (Serat :28)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Deudeuh Teuing Sunda. Deudeuh Teuing Sunda * Kajadian kaluar tina kepungan geus lain kaanehan,loba kaalaman ku jalma-jalma kiwari nu milu peperangan,kunaon bet dianggap carita bobodoan,padahal ngaleungitna eusi dayeuh harita bener kanyataan. Teu kudu bingung kunaon Cirebon menta pipisahan,kajeun sarua Islam tapi besa prakprakan,katambah aya hiji jalma nu hayang kakawasaan,nepi ka tega menta bantuan raja nu ngamusuhan. Teu kudu disumput-sumput ratu laut kidul milu ngarusak Sunda,da kajeun kumaha geus loba pisan buktina,komo dicampur-campur jiga ajaran agama,beuki jauh mengkol hate jalma. Ka sakabeh urang Sunda,nu ngaku atawa henteu anjeun Sunda,sakeudeung deui moal aya bangsa Sunda,sakeudeung deui Sunda tinggal carita. Kuring ngan ukur bisa ngajak nempo diri,kuring ngan ukur nitah geura nempo ciri,saencan leungit ieu nagari,jiga beuki leungitna ngaran Dewi Sri. Geura sosonoan kana kecap Sunda,sabab Sunda bakal euweuh dikieuna,jiga kacontoan ku loba bangsa di dunya,nu ayeuna ngan ukur tinggal ngarana. Deudeuh teuing sobat kuring Siliwangi,sakitu kungsi boga ngaran anu wangi,geuning bangsa anjeun bakal leungit ti ieu bumi,ngabarengan leungitna dayeuh diteureuy bumi. Pileuleuyan Sunda,pileuleuyan Baduga,nasib anjeun teu beda,ngan ukur jadi legenda. Geuning nu wani teu loba,ngan ukur saeutik nu nyaah ka Sunda,moal cukup jang ngalawan angkara,nu hayang keungit ieu Sunda. * Ki Santang lain mahluk abadi,sarua jeung urang sarerea teu abadi,kawatesan ku umur nu ditangtukeun ku Gusti,boa isuk geto Ki Santang mulang ka Gusti Get your preferred Email name! Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
