Tah kang Tirta kenging gelar anyar: water man hehehe. Tiasa bae Kang Nonggerak gaduh katerangan ngeunaan Dewi Sri anu tos diraeh (diadopsi) ku kultur Islam. Apan informasi ti alam jin mah ngawengku ti jaman memeh Islam nepi ka jaman engke. Apanan Jin tea, umurna panjang.
Ayeuna mah urang antosan wae kang Nonggerak anu mindeng nyarioskeun oleh-oleh iformasi ti alam jin neraskeun hanca guaranana. Hanas cenah eta milist kisunda narasumberna ti alam jin ah nya timana wae informasi mah, sanes? da can tangtu kapilih, ngan ari ngupingkeun anu sasauran mah kaetang sae. Malah nyutat tina standar hadist mah, aya SOP -na, aya standar operasionalna atawa aya etikana ngaregepkeun nu sasauran teh, disebatna: kaefa al sima...kumaha caranana ngaregepkeun tea. manAR On Wed, Aug 27, 2008 at 3:30 PM, Waliwis Bodas <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Enya kuring ge jadi lieur ieu teh kang Water Widjaya. Salah nebak kamari teh > geningan. Teu kajudi naon maksudna. > > --- On Wed, 8/27/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> > Subject: Re: [kisunda] (Serat :28)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Deudeuh Teuing > Sunda. > To: [email protected] > Date: Wednesday, August 27, 2008, 3:30 AM > > Ki Nonggerak sim kuring tacan nangkep naha nyambit-nyambit ngaran Dewi Sri > kapan kosmologi sunda kuna mah beda jeung kosmologi islam. > > baktos > Jalak Pakwan > > > ----- Original Message ---- > From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED] com> > To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED] ups.com>; baraya_sunda <baraya_sunda@ > yahoogroups. com>; kisunda <[EMAIL PROTECTED] .com> > Sent: Tuesday, August 26, 2008 5:07:42 > Subject: [kisunda] (Serat :28)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Deudeuh Teuing Sunda. > > > Deudeuh Teuing Sunda > > Kajadian kaluar tina kepungan geus lain kaanehan,loba kaalaman ku > jalma-jalma kiwari nu milu peperangan,kunaon bet dianggap carita > bobodoan,padahal ngaleungitna eusi dayeuh harita bener kanyataan. Teu kudu > bingung kunaon Cirebon menta pipisahan,kajeun sarua Islam tapi besa > prakprakan,katambah aya hiji jalma nu hayang kakawasaan,nepi ka tega menta > bantuan raja nu ngamusuhan. Teu kudu disumput-sumput ratu laut kidul milu > ngarusak Sunda,da kajeun kumaha geus loba pisan buktina,komo dicampur-campur > jiga ajaran agama,beuki jauh mengkol hate jalma. Ka sakabeh urang Sunda,nu > ngaku atawa henteu anjeun Sunda,sakeudeung deui moal aya bangsa > Sunda,sakeudeung deui Sunda tinggal carita. Kuring ngan ukur bisa ngajak > nempo diri,kuring ngan ukur nitah geura nempo ciri,saencan leungit ieu > nagari,jiga beuki leungitna ngaran Dewi Sri. Geura sosonoan kana kecap > Sunda,sabab Sunda bakal euweuh dikieuna,jiga kacontoan ku loba bangsa di > dunya,nu ayeuna ngan ukur tinggal ngarana. Deudeuh teuing sobat kuring > Siliwangi,sakitu kungsi boga ngaran anu wangi,geuning bangsa anjeun bakal > leungit ti ieu bumi,ngabarengan leungitna dayeuh diteureuy bumi. Pileuleuyan > Sunda,pileuleuyan Baduga,nasib anjeun teu beda,ngan ukur jadi legenda. > Geuning nu wani teu loba,ngan ukur saeutik nu nyaah ka Sunda,moal cukup jang > ngalawan angkara,nu hayang keungit ieu Sunda. > > Ki Santang lain mahluk abadi,sarua jeung urang sarerea teu abadi,kawatesan > ku umur nu ditangtukeun ku Gusti,boa isuk geto Ki Santang mulang ka Gusti > > > ________________________________ > New Email addresses available on Yahoo! > Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail. > Hurry before someone else does! > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
