Tapi memang alam gaib teh akrab dina kahirupan urang sarerea, geus jadi kultur. Lamun baheula nyoko kana kosmologi sunda kuna aya bwana niskala terus dina kosmologi islam aya "alam & mahluk gaib", jadi matak wajar patanyaan MH kumaha relasi manusa - alam gaib (jin). Di wetan mah pan Mataram masih kentel ngaku ayana relasi ka nu di gunung jeung nu di laut. Nya di sunda buhun jeung kiwari asana mah relevan ngaguar kumaha posisi relasi jelema - jin teh? baktos tirta ~ experientia docet sapientiam ~
----- Original Message ---- From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, August 27, 2008 20:28:33 Subject: Re: [kisunda] Puasa - Sunda Buhun Ari maca tulisan-tulisan Mh teh sok inget ka nasehat ti Milan Kundera, sastrawan atawa pasna mah budayawan. Ceuk inyana, dina salah sahiji bukuna, kl kieu: "Yen perjuangan manusa ngalawan kakawasaan (maksudna kakawasaan anu nindes) sajatinya eta teh taya lian ti perjuangan ngalawan poho. Enya, poho kana sajarahna, poho kana purwadaksina, poho kana budayana; poho kana jatidirina; kaasup poho kana kalemahan jeung kaunggulanana" . Apan sakitu geus atrana, boh dina kitab suci sewang-sewangan atawa tina peperenian para karuhun urang yen kaunggulan manusa teh kusabab iman jeung elmuna anu ditandaan ku amal salehna. Eta dua ciri utama manusa lamun ilang tangtu baris ngurangan kana kadar kamanusaanana. Dina Al Qur'an- nyoko kana kayakinan sabagean gede warga Jawa Barat- balikta Indonesia - aya kacaritakeun yen bangsa Jin wae diajar ka manusa (inget rombongan jin anu nyumpingan kangjeng Nabi Muhammad saw). Na ari ayeuna bet tibalik, manusa anu guguru ka bangsa jin. Hayu urang wangsulkeun deui ieu forum kana ngaguar dua ciri utama kamanusaan: iman (kayakinan kana bebeneran anu universal) jeung elmu pangaweruh oge indikator utamana tina eta dua ciri utama: amal saleh. manAR On Thu, Aug 28, 2008 at 10:15 AM, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > On Thu, Aug 28, 2008 at 11:03 AM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> > wrote: >> >> Mangga dilajeng wae heula. Keun, memeh beja ti alam nyata model anu >> mindeng katampi ti Mh, lumayan aya beja ti alam jin oge, keur iloeun >> sarerea. >> > > Kang Oman, Kang Tirta, oge baraya nu sadayana, cing pangnyaangankeun > ieu uing. Sugan aya baraya nu tos meunang beja, naha aya kitu hiji > peradaban manusa kiwari anu nanjeur, kaceluk ka awun-awun, kakoncara > ka janapria, kalawan eta peradaban teh diwangun sarta dibantuan ku > bangsa jin jeung balad-baladna. > > Nu pernah kabaca ku uing mah wacana ngawangun peradaban manusa make > bantuan tanaga jin jeung sajabana, kabeh ge bangkar, teu aya nu > ngajadi. Mangga toong dongeng Sangkuriang, apan dayeuh impian pikeun > nedunan pamenta nu geulis kameuemeut Dayang Sumbi, ukur nepi ka mangsa > balebat. > > Nu matak sim uing mah, noong urang Sunda teh, lain hayang boga urang > Sunda nu sakti mandraguna, bisa menta bantuan ka bangsa jin, tapi > bangsa Sunda nu BIASA, nu ngudag kahayangna ku luut-leet kesang meret > tanaga sarta meureut eusi mastaka. > > salam, > mh > > New Email names for you! Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail. Hurry before someone else does! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
