tamba ngagayot gado ...

Jin milu ilubiung dina kabudayaan manusa mah ti baheula
ngan lamun nyababkeun nanjeur mah memang can aya
Aya carita Sangkuriang, Roro Jongrang make bantuan jin .... tapi balangkar
geuning

Aya oge jin anu tunduk ka manusa
nyaeta jaman Nabi sulaeman tea
tapi lain manusa nu menta bantuan ka jin
ngan jin anu sumerah kana kakawasaan manusa eta mah



On Thu, Aug 28, 2008 at 10:15 AM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   On Thu, Aug 28, 2008 at 11:03 AM, oman abdurahman <[EMAIL 
> PROTECTED]<omanarah%40gmail.com>>
> wrote:
> >
> > Mangga dilajeng wae heula. Keun, memeh beja ti alam nyata model anu
> > mindeng katampi ti Mh, lumayan aya beja ti alam jin oge, keur iloeun
> > sarerea.
> >
>
> Kang Oman, Kang Tirta, oge baraya nu sadayana, cing pangnyaangankeun
> ieu uing. Sugan aya baraya nu tos meunang beja, naha aya kitu hiji
> peradaban manusa kiwari anu nanjeur, kaceluk ka awun-awun, kakoncara
> ka janapria, kalawan eta peradaban teh diwangun sarta dibantuan ku
> bangsa jin jeung balad-baladna.
>
> Nu pernah kabaca ku uing mah wacana ngawangun peradaban manusa make
> bantuan tanaga jin jeung sajabana, kabeh ge bangkar, teu aya nu
> ngajadi. Mangga toong dongeng Sangkuriang, apan dayeuh impian pikeun
> nedunan pamenta nu geulis kameuemeut Dayang Sumbi, ukur nepi ka mangsa
> balebat.
>
>

Kirim email ke