nu paling parah ngimpi aya harta karun di situs batu tulis, nepi ka
digalina neangan harta karun pajajaran. rek nagarrimpi deui, tobat
kakang prabu.

tinimbang ngararimpi, mending ge guguru ka ma eroh. aya pesen tersirat
ma eroh, cenah: mun hayang ngising kudu daek ngesang. kulantaran
hayang nyebor sawah, nya kudu ngagali susukan. boa-boa, tah eta ma
eroh teh titisan ni dawit nu nyerat naskah sikskandang karesian.

teh metoda ma eroh nu kudu diturutan mah, upama rek nyukcruk sajarah
pajajaran teh.

salam,
mh

On Sun, Sep 7, 2008 at 12:14 AM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Inget baheula, jaman HMS, teu saeutik pajabat nu ngandelkeun informasi
> keur kaputusan penting di wilayah pamarentahanana dumasar ngimpi.
> Contona, di hiji kabupaten, bupatina ngarobah ngaran hiji jalan
> protokol di kota eta kabupaten ku jenengan isteri HMS. Saurna, eta
> nami anyar keur jalan teh, nami HMS tea, kenging ilapat tina ngimpi.
> Aya nu miwarang ngagunakeun nami HMS keur nami eta jalan, saurna. Aya
> oge kasus-kasus ngimpi pajabat sanesna, anu mataholangna sami: kenging
> ilapat sabudureun nami HMS, nami isteri HMS, jst keur memeres nagara,
> jst.
>
> Kapalihdieunakeun, metode ngimpi teh rada melempem, nepi ka runtagna
> kakawasaan HMS anu geus 30 taunan umurna.Laju, di jaman reformasi nepi
> ka ayeuna, hasil-hasil tina ngimpi teh loba anu dirarobah deui.
> Contona, aran jalan anu aya di kabupaten kasebut di luhur geus diganti
> deui ku ngaran hiji pahlawan anu asalna ti eta kabupaten, nepi ka
> ayeuna. Sigana, metode informasi tina ngimpi teh khas entragan baheula
> alias teu moderen, kajaba lamun ngimpina teh jenis wahyu. Tapi, pan
> wahyu mah keur para nabi as.
>
> Ari ngimpi papanggih jeung maung naon maksudna nya? Naon hubunganna
> jeung sarupaning bukti?
>
> manAR
>
> On Sat, Sep 6, 2008 at 4:15 PM, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> Kanggo Nu Hoyong Buktos
>>
>>
>>
>> Kasakur nu hayang bukti nu nyata,
>>
>> wayahna can waka katedunan ayeuna,
>>
>> kuring ngan ukur bisa nepungan kana ngimpi heula,
>>
>> mangrupa maung tilu rupa.
>>
>>
>
> ------------------------------------
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke