Anu tilu rupa, koneng, bodas jeung hideung teu bisa diklaim hak/boga saurang
jalema kusabab maneh bakal datang kasaha bae anu rancage hatena, ninggang
diparibasa bedog neangan warangka. Dulur uing anu kakara ka papagih
pangumbaraan ge osok ditempungan ku nu tilu rupa eta mah, cacakan jauh ti tatar
sunda malah kudu mentas sagara sagala, datangna ge lain dina ngimpi da acan
sare, disebut dialam nyata ge henteu, disebut halusinasi jajauheun da bisa
diniatkeun papangih, aya tapi euweuh, euweuh tapi aya.
wassalam,
dudi_ss
----- Original Message -----
From: Nong Gerak
To: urangsunda ; baraya_sunda ; kisunda
Sent: Saturday, September 06, 2008 5:15 PM
Subject: [Urang Sunda] (Serat: 41)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Kanggo Nu Hoyong
Buktos.
Kanggo Nu Hoyong Buktos
a.. Kasakur nu hayang bukti nu nyata,
wayahna can waka katedunan ayeuna,
kuring ngan ukur bisa nepungan kana ngimpi heula,
mangrupa maung tilu rupa.