Dulur sadaya, ibukota pajajaran (pakuan/bogor), sanggeus runtag ditarajang Banten, kosong molongpong teu aya kakuasaan (jalmi) salami kirang langkung 100 taun, hal ieu dibuktoskeun dina buku karangan Ua Saleh Danasasmita, nyaritakeun ayana penelitian ti urang Walanda/Jerman (Scorpio) yen pakuan (bogor) harita mangrupi leuweung geledegan, teu aya pamarentahan, pamarentahan anu ngawitan nyaeta menak sumedang Rd Tanuwijaya (taun 1630-an), anu ngabukbak wewengkon anyar di kampung baru, bogor, anu janten pertanyaan kunaon saruntagna pajajaran, bogor teu aya pamarentahan (kepala daerah) wawakil ti Banten, margina biasana upami hiji karajaan (banten) ngaruntagkeun karajaan sanes, kedah aya wawakil (taklukan), contona nalika jakarta (sunda kelapa) dirugrug ku cirebon, banten, di jakarta aya wawakil pamarentahan ti banten, nyaeta Fatahillah, Pangeran Tb Angke atanapi Pangeran Jayakarta, padahal keur mangsa pajajaran acan runtag, jumlah wargana tos 50000 urang, jumlah anu kaasup loba jaman harita, sakali deui kunaon teu aya wawakil pamarentahan ti Banten, aya wagelan naon kitu ?
nuhun
