Upami batu gilang mah aya di Banten Eta mah mung disebatkeun batu singgasana karaton
On Tue, Sep 23, 2008 at 1:04 PM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Nu leres SCIPIO...dongeng anjeunna mimiti napak tilas milarian tilas > karaton kawentar pisan. Nya diantarana anu nafsirkeun "Siliwangi" jadi > maung teh tina catetan Scipio nalika mendakan tilas singgasana karaton > nuju di calikan ku sababaraha ucing badag, kalebet ucing anu nangkring > dina batu gilang tea. Sahenteuna, kitu numutkeun kang Harun anu kungsi > maca literatur basa holland-na. > > manAR > > > On Tue, Sep 23, 2008 at 12:56 PM, mh <[EMAIL PROTECTED]<khs579%40gmail.com>> > wrote: > > SCORPIO atawa SCIPIO? > > > > salam, > > mh > > > > On Tue, Sep 23, 2008 at 10:02 AM, Gunawan Yusuf > > <[EMAIL PROTECTED] <gunawanyusuf68%40gmail.com>> wrote: > >> Dulur sadaya, ibukota pajajaran (pakuan/bogor), sanggeus runtag > ditarajang > >> Banten, kosong molongpong teu aya kakuasaan (jalmi) salami kirang > langkung > >> 100 taun, hal ieu dibuktoskeun dina buku karangan Ua Saleh Danasasmita, > >> nyaritakeun ayana penelitian ti urang Walanda/Jerman (Scorpio) yen > pakuan > >> (bogor) harita mangrupi leuweung geledegan, teu aya pamarentahan, > >> pamarentahan anu ngawitan nyaeta menak sumedang Rd Tanuwijaya (taun > >> 1630-an), anu ngabukbak wewengkon anyar di kampung baru, bogor, anu > janten > >> pertanyaan > >> kunaon saruntagna pajajaran, bogor teu aya pamarentahan (kepala daerah) > >> wawakil ti Banten, margina biasana upami hiji karajaan > >> (banten) ngaruntagkeun karajaan sanes, kedah aya wawakil (taklukan), > >> contona > >> nalika jakarta (sunda kelapa) dirugrug ku cirebon, banten, di jakarta > aya > >> wawakil pamarentahan ti banten, nyaeta Fatahillah, Pangeran Tb Angke > >> atanapi > >> Pangeran Jayakarta, padahal keur mangsa pajajaran acan runtag, jumlah > >> wargana tos 50000 urang, jumlah anu kaasup loba jaman harita, sakali > deui > >> kunaon teu aya wawakil pamarentahan ti Banten, aya wagelan naon kitu ? > >> > >> nuhun > >> > > > > > >
