ieu eusi carita dihandap, duka UJ atanapi US,... sumangga
dibandingkeun,...
yeu ah hatur lumayan, daripada tunduh !
====BINIH KEMBANG====
Dina hiji poe, Bu Ntit nelepon ka Dinas Pemadam Kebakaran."Dupi ieu
Dinas Pemadam Kebakaran?" pokna ka nu di telepon.
"Muhun, leres," ceuk Pa Sujalma, kapala patugas, nembalan dina telepon.
"Kieu ieu teh, Pa," cek Bu Ntit, "di pakarangan rorompok teh simkuring
gaduh kebon anu nembe pisan dipelakan binih kembang..."
"Ari kahuruanana di mana?" cek Pa Sujalma.
"Eta binih-binih anu dipelakkeun teh pijadieun kembang anu kalintang
awis hargana, sarengna deui..." Can kebat Bu Ntit nyaritana, Pa
Sujalma geus ngagebes manten,
"Ibu, dupi Ibu teh bade nyarios sareng Dinas Pemadam Kebakaran atanapi
sareng toko kembang?!"
Kituna teh Pa Kelana bari ngemu kakeuheul."Euh, tangtos bae bade
sasanggem sareng Dinas Pemadam Kebakaran," tembal Bu Ntit.
"Eta... bumi tatangga anu sapaliheun rorompok teh kahuruan. Ibu mah
mung bade ngemutan bae sangkan Bapa katut para patugas sanesna, upami
sarumping ka dieu teh, sing ati-ati ulah dugi ka nincak pabinihan nu
awis tea..nya !"
Wassalam
Adjie
(babaturan sma tea)
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/