Sami Bah Willy, uing ge can kawenehan amprok mah. Ngan kungsi manggih
tapakna, aya urang lembur isuk-isuk, mangsa haneut moyan manggul hulu
uncal nu tandukna ranggakgak, ngan eusi peujitna tos teu aya. Harita
jaman resep ngador, kungsi ngadon jalan-jalan mangsa peuting indit ti
bandung kidul, mapay jalan ngajugjug kawah kamojang,  gunung Guntur.
Kabeneran anjog ka kawasan kawah mangsa meletek panonpoe. Tah harita
panggih jeung urang dinya nu mangul bangke uncal tea. Cenah mangsa
manehna rek ka leuweung, ngadenge sora nu ngoceak. Barang diudag ka
sumber sora, ngan kapanggih bangke uncal. Cenah mah eta teh sesa Macan
Tutul.

salam,
mh

On Sat, Sep 27, 2008 at 9:36 PM, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> From: mh
>> Kang Oman, ari di lembur uing mah sora si belang teh 'ngagerem' katelahna
>> teh.
>> Ambu tah nu sok ngagerem teh, 'ahuuung', 'ahuuung', cenah.
>
> Sarua MH, dilembur kuring oge, cenah sada maung teh ngagerem. Cenah, da acan
> ngadenge langsung, maungna kaburu beak ...hehehehe. Eh ketang kungsi
> papanggih jeung anak macan tutul di Pagunungan Ijen Jatim, kuring dina
> mobil, anak maung meuntas saliwatan. Enya karasa aya hawa "geueuman", sakitu
> kuring dina jero mobil hardtop jeung maungna lain maung lodaya, ukur anakna
> deuih ......
>
> Ari dina pilem-pilem satwa mah, maung, kitu oge dulur misanna, Singa,
> geuningan  lain sato nu boga sifat "kapahlawanan", naklukeun mangsa nu
> paling gagah perkasa tapi ngintip  mangsana nu paling "lemah", Tah nu
> "lemah" ieu nu dikerekeb, sabab ngalawanna moal sabaraha.  Jelas mangkeluk
> ieu dina neangan hakaneun make itungan, keur naon nubruk uncal atawa bagong
> nu jagjag waringkas pisan, nu bisa nyababkeun tatu. Sigana keur bangsa
> maung, teu perlueun  sikep "kapahlawanan" tapi nu penting mah  beuteungna
> kaeusi .......
>
> Kira-kira aya miripna kitu jeung bangsa manusa?
>
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> ------------------------------------
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke