nalika manggih kecap /lalaukan/, nu kabayang sapada harita, ceuk pikir teh, meureun maksudna cocooan kaulinan barudak nu wanguna jiga lauk. ngan sok mindeng oge manggih kecap jiga kieu teh boga harti sejen, nu maksudna kira-kira padungdengan nu pakait jeung hal ihwal lauk.
salam, mh On Mon, Dec 22, 2008 at 12:17 AM, Wahyudi <[email protected]> wrote: > Ass. wr. wb. > > Punten seja ganti topik, muwuh ku kapanasaran ku ki dulur kang Hadian (anu > kamari hadir di gempungan Cigadung, ngan kuring ngadadak aya kaperluan jadi > teu hadir :)), aya ampir opat jamna ngawangkong di rorompok. Biasa awalna > mah ngabahas kalangenan ayeuna nyaeta perkara logam jeung pakarang sarta > ngobrolkeun wangkongan kamari sabtu tea (anu cenah mah rame da aya Kang Tedi > Permadi, Kang Aries, Kang Gun gun, Kang Gibson, Bah Cahya, Kang Jajang Toed, > adi-adi mahasiswa jeung regregan ti kudihyang). Topik pakarang jeung logam > di tutup ku interpretasi si Akang kana 'local genius' karuhun urang dina > ningali bentang ragrah (meteor) anu di ropea jadi pakarang dikaitkeun jeung > kapercayaan bangsa erofa anu aya isitilah nyieun/ngucapkeun pangharepan mun > aya bentang ragrag sarta masalah pamor jeung damascuss stell. > > Tapi wanglongan teh jol melok kana perkara lauk lokal anu aya di tatar Sunda > da gening salah sahiji karesep Kang Hadian teh nguseup (lain mancing cemah, > ari mancing mah ngala lauk biasana di balong ari nguseup mah di > wahangan/walungan), ma'lum aya turunan tinu jadi bapa saurna teh. > > Tina ngaler ngidul masalah mancing (anu keur kurih mah jadi pangaweruh anyar > sarta tumalina jeung ekosistem, gening aya lauk anu bakal rea lamun dicirian > ku ayana siraru, jeung kapercayaan anu tukang nguseup kana jeujeur : cenah > lamun mancing di kidul jeujeurna kudu dikaler, atawa istilah pusaka sero, > jeujer tina pasaran jrrd.) , ieu manawi ka baraya anu aya di ieu milis > terang tur apal kana ngaran-ngaran lauk dihandap ieu sareng upami apal di > walungan mana keneh masih ayana jeung dina wanci/usum naon usumna da kuring > jadi kabita tur hayang apal. > > boboso > balidra > lalawak > hampal > berod > senggal > bogo > betok > beunteur > kancra > arengan > betrik > keting > sidat > nilem > > hatur nuhun pisan sateuacana, > > baktos > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[email protected] mailto:[email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
