Ass. wr. wb. Punten seja ganti topik, muwuh ku kapanasaran ku ki dulur kang Hadian (anu kamari hadir di gempungan Cigadung, ngan kuring ngadadak aya kaperluan jadi teu hadir :)), aya ampir opat jamna ngawangkong di rorompok. Biasa awalna mah ngabahas kalangenan ayeuna nyaeta perkara logam jeung pakarang sarta ngobrolkeun wangkongan kamari sabtu tea (anu cenah mah rame da aya Kang Tedi Permadi, Kang Aries, Kang Gun gun, Kang Gibson, Bah Cahya, Kang Jajang Toed, adi-adi mahasiswa jeung regregan ti kudihyang). Topik pakarang jeung logam di tutup ku interpretasi si Akang kana 'local genius' karuhun urang dina ningali bentang ragrah (meteor) anu di ropea jadi pakarang dikaitkeun jeung kapercayaan bangsa erofa anu aya isitilah nyieun/ngucapkeun pangharepan mun aya bentang ragrag sarta masalah pamor jeung damascuss stell.
Tapi wanglongan teh jol melok kana perkara lauk lokal anu aya di tatar Sunda da gening salah sahiji karesep Kang Hadian teh nguseup (lain mancing cemah, ari mancing mah ngala lauk biasana di balong ari nguseup mah di wahangan/walungan), ma'lum aya turunan tinu jadi bapa saurna teh. Tina ngaler ngidul masalah mancing (anu keur kurih mah jadi pangaweruh anyar sarta tumalina jeung ekosistem, gening aya lauk anu bakal rea lamun dicirian ku ayana siraru, jeung kapercayaan anu tukang nguseup kana jeujeur : cenah lamun mancing di kidul jeujeurna kudu dikaler, atawa istilah pusaka sero, jeujer tina pasaran jrrd.) , ieu manawi ka baraya anu aya di ieu milis terang tur apal kana ngaran-ngaran lauk dihandap ieu sareng upami apal di walungan mana keneh masih ayana jeung dina wanci/usum naon usumna da kuring jadi kabita tur hayang apal. 1. boboso 2. balidra 3. lalawak 4. hampal 5. berod 6. senggal 7. bogo 8. betok 9. beunteur 10. kancra 11. arengan 12. betrik 13. keting 14. sidat 15. nilem hatur nuhun pisan sateuacana, baktos
