Ngiringan ngalamun eh ngalantur..
 
Umpamana we, hiji mangsa manusa (ku proses evolusi), jaradi pinter pisan. 
Khususon dina bidang ilmu kosmologi atanapi ilmu fisika.
Diumpamakeun kieu,  ceuk cenah penyebab sagala gerak("hirup", "usik") atanapi 
gaya 
fundamental anu aya di alam ieu nu ngan opat-2 na (gravitasi, megne/listrik, 
gaya lemah, sareng gaya kuat) parantos kapendak kaitan-kaitan sareng hubungan 
satu sareng nu sanesna, anu katelah GUT (grand unified theory).  Naha masih 
keneh perlu agama?
 
Ceuk Ninik  Karlina Supelli  : "Masih tersisa kah peran bagi Tuhan?" 
 
Ceuk Newton : anu manggihan 3 hukum,  yen aya anu namina gaya tarik(gravitasi) 
nu nyebabkeun, nu ngamatakkeun,  - sanajan urang cicing dinu bumi anu buleud, 
-  teu ragrag atanap teu ngacleng tinu ieu buleudan.  Kasedot ka pusat bumi, 
teu bisa leupas, lamun erek leupas oge kudu make pasawat anu bahan bakarna oge 
kacida gheudena.
 
Geus kalumrahan, anu namina gaya mah,  keuna ku hukum aksi = reaksi, mun dina 
contoh magnet mah aya tukar-menukar muatan (charge exchange ),  diantawis dua 
kutub positip sareng negatif.  Kitu oge dina gaya kuat, atanapi lemah aya 
tuker-tukeuran inti atom
Intinamah alam semesta ieu teh pinuh ku "lautan" gaya,  ngan sapinuh-pinuhna 
gaya ieu, leuwih loba keneh ruang hampa, kekosongan, kesunyataan. Teu saimbang.
 
Balik deui ka gravitasi,  naha manehna(gravitasi)  bisa narik ka materi, kaasup 
ka urang-urang,  naon atuh anu "dipertukarkan" ? Naha ngan 
nyedot/narik hungkul?. Tah pikeun ngajawab ieu patarosan, aya we nu nyieun  
hipotesa yen dina ujud alam ieu aya papasangan tinu materi, nyaeta anti 
materi.  Nya leres hipotesa ieu parantos aya nu ngabuktoskeun (Feynnan, 
asanamah, mun teu salah babaturan uing ngala belut di sawah baheula, 
he..he.he..)
Nu jadi patarosan salanjengna, eta jumlah anti-materi ieu sakedik pisan anu 
tiasa disidikna.  Tungtung-tungtungna,  ceunah ieu oge,  di pusat gugusan 
bintang-bintang tempat urang cicing nyaeta galaksi bimasakti(milkyway), aya 
anti-materi, darkmatter, "blackhole" tea gawena tukang nyedot naon bae,  naon 
bae kasedot "jangankan" materi, cahaya oge kaisep.  Kumargi jarakna 
mangrebu-rebu taun perjalanan cahaya, urang-urang tangtos teu ngarasa kasedot.
 
Si kuring jadi mikir ngahuleng ngaraga meneng, atuh lamun kitumah panonpoe 
tinangtu bakal beak energina, nu numutkeun panalungtikan, panonpoe bakal jadi 
bentang cebol, 
ngan moal jadi "blackhole", kulantaran gaya Gravitasina teu cekap, kirang 
ageung;   geus beak tangtu cahayana bakal leungit, nya kiamat keur dunya/bumi 
plus penghuni-penghunina. Ngan miliaran taun keneh ketang, kalem we.
 
Babaturan ulin uing, kabeneran boga kamampuan ngobrol jeung makhluk ghoib, jin 
tea meureun,  ceuk manehna eta makhluk bisa ngaleutikan bisa ngabadagan, da teu 
boga wujud kasar(materi) siga urang-urang bangsa manusa. Wah,  der we si 
kuring ngalamun deui,  lamun kitumah atuh meureunan,  apan alam semesta anu 
saublug-ablag ieu teh keur
manusa,  sigana lamun geus ditutup ieu lawang kahirupan dunya,  urang-urang 
bakal ditempatkeun di daerah-daerah anu urang teu nyaho,  pokona geus 
disadiakeun sewang-sewangan,  peryogi di emut,  galaksi nu aya wae jumlahna 
jutaan milyar. Keur nempuh eta perjalanan anu sakitu jauhna, tangtosna oge teu 
tiasa nganggo wujud/fisik, atanapi materi.
Nu nyatana dina mangsa jiwa jeung raga geus pipisahan, kakarek bisa "wisata 
alam".
 
Eta ngalamun anu kahiji,  ayeuna ngalamun anu kadua,  lamunan versi agnostik,  
kacaritakeun aya sababara hiji jelema geus pinter pisan, bisa nyiptakeun 
pesawat anu kacepetanana leuwih-leuwih batan kacepetan cahaya, nyaeta  tangtu 
bisa ngaleungit (saking cepetna). Saencana bumi ancur lebur,  maranehanana 
parindah ka susunan planet lain anu siga solar-sistem ieu.  Sebut we aya hiji 
planet nu ngarana planet Bemo.
Kaparengkeun di planet Bemo ieu geus aya makhluk sejen siga jelema, ngan masih 
primitip can bisa baca tulis ngitung, anggap we siga makhluk pithecan thropus 
erectus jawangensis atanapi solongensis. Terus we diajarkeun baca tulis 
ngitung. Iqro.  Saeutik-eutik ti Iqro I dugi ka iqro-VI.  Nya kunu dialajarteh 
eta nu ngajar kulantaran hebat, sakti jeung pinter teu katulungan, disebut we 
elohim,  yahweh, tuhan,  batara tunggal aya oge anu mere ngaran mahaguru 
atanapi dosensuper.
 
Kumargi mahaguruna oge kabujeng ngantunkeun,  nya murid-murid anu  parantos 
gaduh bekel elmu nya sekedik-kedikeun dialajar jeung ngajarkeun,  turun temurun 
beranak pinak, saling diajar silih asih silih asuh ka papada makhluk.  Nya 
lila-lia jaradi pinter deui, siga urang-urang ayeuna.  Beja pa beja beja, 
carita pada carita, eta makhluk ngadongengkeun baheula yen aya mahaguru anu 
ngajarkeun Iqro.  Ngan hanjakal eta hasil Iqro teh teu dijieun buku atanapi 
kitab atanapi tulisan,  ngan beja pabeja-beja we. Cenah jeung cenah.
 
 
Nu katiluna....
 
 
 
 
 
.... geus sia ah  ngalamun teh kabina-bina... bisi kabawa gelo... nuhun ka 
sadaya wargi anu parantos ngiring maca.  punten bilih aya anu kasigeung.  
 
=============================
Ngeureuyeuh nikreuh, neangan nu euweuh.  Euweuh dunu ayana aya dinu euweuhna


--- On Wed, 12/24/08, Aschev Schuraschev <[email protected]> wrote:

From: Aschev Schuraschev [email protected]








Ahli kosmologi pro big bang sareng Stephen Hawking ge sami-sami 
maluruh kumaha wangun munggaran jagat raya. Upami nu pro big bang mah 
approch-na teh bottom-up, mangka Hawking mah nganggo approach top-down teras 
ngagentos dimensi waktu janten dimensi rohang nu ka-4. Nu pro big bang 
nyindekkeun jagat raya kawitna tina hiji titik (teu aya naon-naon) mangka 
Hawking mah nyindekkeun jagat raya teh kawitna sapertos beungeut bal, sanes 
titik awal (waktu enol) atawa wates (boundary). Nya tiasa disaderhanakeun ku 
sim kuring yen numutkeun Hawking jagat raya teh kawitna jiga bal tenis.
 
Masih tersisa kah peran bagi Tuhan?
 
Dijawab: Salaku nu percaya ka Panggeran nu Maha Nyiptakeun, tangtosna bakal 
naros, saha nu nyiptakeun jagat raya nu kawitna jiga bal tennis? Maha Suci 
Pangeran nu Maha Nyiptakeun.
 
Salam baktoz,
Aschev Schuraschev 
 
 







From: Waluya waluya2...@yahoo. co.id

. 
 














      

Kirim email ke