Allah swt nyiptakeun alam nepi ka detil2 na, dibarengan hukum2 alamna.. ngudag elmu supaya ngarti hukum alam wajib hukumna tapi moal ngamatakeun nyingkirkeun nu Nyiptakeuna.. lamun acan nanaon atawa kakara boga elmu saeutik (lain ceuk ukuran manusa) atawa boga lamunan nepi ka tungtungna, geus kumaki/asa aing eta kacida bodona
sabab elmu Allah swt mah euwuh batesna (non limit), jadi sahebat2na manusa moal nepi kana batesna.. tapi lain hartina cicing teu ngudag elmuna. diajar elmu nanon wae jang nimukeun yen bener aya kakawasaan Allah swt nu nyata. --- On Wed, 24/12/08, Maman <[email protected]> wrote: From: Maman <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Fw: Bercanda dengan Tuhan--> Re: Big Bang To: [email protected] Received: Wednesday, 24 December, 2008, 7:50 AM Ngiringan ngalamun eh ngalantur.. Umpamana we, hiji mangsa manusa (ku proses evolusi), jaradi pinter pisan. Khususon dina bidang ilmu kosmologi atanapi ilmu fisika. Diumpamakeun kieu, ceuk cenah penyebab sagala gerak("hirup" , "usik") atanapi gaya fundamental anu aya di alam ieu nu ngan opat-2 na (gravitasi, megne/listrik, gaya lemah, sareng gaya kuat) parantos kapendak kaitan-kaitan sareng hubungan satu sareng nu sanesna, anu katelah GUT (grand unified theory). Naha masih keneh perlu agama? Ceuk Ninik Karlina Supelli : "Masih tersisa kah peran bagi Tuhan?" Ceuk Newton : anu manggihan 3 hukum, yen aya anu namina gaya tarik(gravitasi) nu nyebabkeun, nu ngamatakkeun, - sanajan urang cicing dinu bumi anu buleud, - teu ragrag atanap teu ngacleng tinu ieu buleudan. Kasedot ka pusat bumi, teu bisa leupas, lamun erek leupas oge kudu make pasawat anu bahan bakarna oge kacida gheudena. Geus kalumrahan, anu namina gaya mah, keuna ku hukum aksi = reaksi, mun dina contoh magnet mah aya tukar-menukar muatan (charge exchange ), diantawis dua kutub positip sareng negatif. Kitu oge dina gaya kuat, atanapi lemah aya tuker-tukeuran inti atom Intinamah alam semesta ieu teh pinuh ku "lautan" gaya, ngan sapinuh-pinuhna gaya ieu, leuwih loba keneh ruang hampa, kekosongan, kesunyataan. Teu saimbang. Balik deui ka gravitasi, naha manehna(gravitasi) bisa narik ka materi, kaasup ka urang-urang, naon atuh anu "dipertukarkan" ? Naha ngan nyedot/narik hungkul?. Tah pikeun ngajawab ieu patarosan, aya we nu nyieun hipotesa yen dina ujud alam ieu aya papasangan tinu materi, nyaeta anti materi. Nya leres hipotesa ieu parantos aya nu ngabuktoskeun (Feynnan, asanamah, mun teu salah babaturan uing ngala belut di sawah baheula, he..he.he..) Nu jadi patarosan salanjengna, eta jumlah anti-materi ieu sakedik pisan anu tiasa disidikna. Tungtung-tungtungna , ceunah ieu oge, di pusat gugusan bintang-bintang tempat urang cicing nyaeta galaksi bimasakti(milkyway) , aya anti-materi, darkmatter, "blackhole" tea gawena tukang nyedot naon bae, naon bae kasedot "jangankan" materi, cahaya oge kaisep. Kumargi jarakna mangrebu-rebu taun perjalanan cahaya, urang-urang tangtos teu ngarasa kasedot. Si kuring jadi mikir ngahuleng ngaraga meneng, atuh lamun kitumah panonpoe tinangtu bakal beak energina, nu numutkeun panalungtikan, panonpoe bakal jadi bentang cebol, ngan moal jadi "blackhole", kulantaran gaya Gravitasina teu cekap, kirang ageung; geus beak tangtu cahayana bakal leungit, nya kiamat keur dunya/bumi plus penghuni-penghunina . Ngan miliaran taun keneh ketang, kalem we. Babaturan ulin uing, kabeneran boga kamampuan ngobrol jeung makhluk ghoib, jin tea meureun, ceuk manehna eta makhluk bisa ngaleutikan bisa ngabadagan, da teu boga wujud kasar(materi) siga urang-urang bangsa manusa. Wah, der we si kuring ngalamun deui, lamun kitumah atuh meureunan, apan alam semesta anu saublug-ablag ieu teh keur manusa, sigana lamun geus ditutup ieu lawang kahirupan dunya, urang-urang bakal ditempatkeun di daerah-daerah anu urang teu nyaho, pokona geus disadiakeun sewang-sewangan, peryogi di emut, galaksi nu aya wae jumlahna jutaan milyar. Keur nempuh eta perjalanan anu sakitu jauhna, tangtosna oge teu tiasa nganggo wujud/fisik, atanapi materi. Nu nyatana dina mangsa jiwa jeung raga geus pipisahan, kakarek bisa "wisata alam". Eta ngalamun anu kahiji, ayeuna ngalamun anu kadua, lamunan versi agnostik, kacaritakeun aya sababara hiji jelema geus pinter pisan, bisa nyiptakeun pesawat anu kacepetanana leuwih-leuwih batan kacepetan cahaya, nyaeta tangtu bisa ngaleungit (saking cepetna). Saencana bumi ancur lebur, maranehanana parindah ka susunan planet lain anu siga solar-sistem ieu. Sebut we aya hiji planet nu ngarana planet Bemo. Kaparengkeun di planet Bemo ieu geus aya makhluk sejen siga jelema, ngan masih primitip can bisa baca tulis ngitung, anggap we siga makhluk pithecan thropus erectus jawangensis atanapi solongensis. Terus we diajarkeun baca tulis ngitung. Iqro. Saeutik-eutik ti Iqro I dugi ka iqro-VI. Nya kunu dialajarteh eta nu ngajar kulantaran hebat, sakti jeung pinter teu katulungan, disebut we elohim, yahweh, tuhan, batara tunggal aya oge anu mere ngaran mahaguru atanapi dosensuper. Kumargi mahaguruna oge kabujeng ngantunkeun, nya murid-murid anu parantos gaduh bekel elmu nya sekedik-kedikeun dialajar jeung ngajarkeun, turun temurun beranak pinak, saling diajar silih asih silih asuh ka papada makhluk. Nya lila-lia jaradi pinter deui, siga urang-urang ayeuna. Beja pa beja beja, carita pada carita, eta makhluk ngadongengkeun baheula yen aya mahaguru anu ngajarkeun Iqro. Ngan hanjakal eta hasil Iqro teh teu dijieun buku atanapi kitab atanapi tulisan, ngan beja pabeja-beja we. Cenah jeung cenah. Nu katiluna.... ..... geus sia ah ngalamun teh kabina-bina. .. bisi kabawa gelo... nuhun ka sadaya wargi anu parantos ngiring maca. punten bilih aya anu kasigeung. ============ ========= ======== Ngeureuyeuh nikreuh, neangan nu euweuh. Euweuh dunu ayana aya dinu euweuhna --- On Wed, 12/24/08, Aschev Schuraschev <ascheve...@yahoo. com> wrote: From: Aschev Schuraschev ascheve...@yahoo. com Ahli kosmologi pro big bang sareng Stephen Hawking ge sami-sami maluruh kumaha wangun munggaran jagat raya. Upami nu pro big bang mah approch-na teh bottom-up, mangka Hawking mah nganggo approach top-down teras ngagentos dimensi waktu janten dimensi rohang nu ka-4. Nu pro big bang nyindekkeun jagat raya kawitna tina hiji titik (teu aya naon-naon) mangka Hawking mah nyindekkeun jagat raya teh kawitna sapertos beungeut bal, sanes titik awal (waktu enol) atawa wates (boundary). Nya tiasa disaderhanakeun ku sim kuring yen numutkeun Hawking jagat raya teh kawitna jiga bal tenis. Masih tersisa kah peran bagi Tuhan? Dijawab: Salaku nu percaya ka Panggeran nu Maha Nyiptakeun, tangtosna bakal naros, saha nu nyiptakeun jagat raya nu kawitna jiga bal tennis? Maha Suci Pangeran nu Maha Nyiptakeun. Salam baktoz, Aschev Schuraschev From: Waluya waluya2...@yahoo. co.id . Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a look http://au.docs.yahoo.com/mail/smarterinbox
