Ngiringan ngaramekeun.
Nyuhunkeun dihapunten upami aya babasan sim kuring nu nyugak ka baraya
sadayana. Sugan we tiasa pas kana kalimah "Wattawaa bil haqqi wattawa bissobri".
Dina perkawis kayakinan dina diri sewang-sewangan mah, tangtos ku sadaya wargi
sunda dina ieu rohangan teu patos ngamasalahkeun. Mung upami eta kayakinan anu
di cepeng teras dipaksakeun kanu sanesna bari teu aya dumasar anu tetela,
saukur kira2 jeung sigana, eta namina kayakinan anu teu puguh. Akhirna kabawa
ku sakaba-kaba, pituduhna ngan saukur "sugesti", "kira-kira", katut "sigana".
Husus kanggo Kang Halimun_An, upami leres anjeun ngangken janten urang Sunda,
mangga atuh geura anggo sareng pintonkeun ciciren urang Sunda anu langkung
mayunkeun "RASA" tibatan hayang meunang sorangan jeung hayang "nembak" batur.
Kedah asak jeujeuhan, kedah diemut heula sae awonna nembe dikedalkeun.
Sesepuh2 di ieu rohangan parantos kacida wijaksanana dina mayunan sikep Akang
anu teu katingali ciciren urang Sunda (padahal Akang ngangken nyalira salaku
urang Sunda oge). Sok sanajan Akang nganggo bungkus "kedah naros pami teu
terang", mung dina narosna oge atuh kedah anu merenah supados baraya nu sanesna
teu kasigeung. Sareng deuih patarosan Akang teh henteu acan "fokus". Waleran
anu hiji teu acan rengse, Akang tos naros deui perkawis sanes anu patukang
tonggong jeung patarosan Akang nu ti payun. Teras-terasan muka "front" anyar nu
antukna baraya2 sanes ku Akang diajak kukurilingan teu puguh dugi ka lieur.
Seueur "inkonsistensi" antara patarosan2 Akang sareng waleran2 Akang ka baraya
nu sanes. Janten henteu lepat upami baraya2 sanes ngaraos yen Akang teh seja
nangtang ngadu elmu pangaweruh bari jeung Akangna oge teu tiasa nanaon.
Dina sababaraha waleran nu tos dikintunkeun ku sesepuh2 Sunda sareng waleran2
Akang, tetela tur eces pisan yen Akang teh masih keneh "atah/hejo". Kalahka
seueur geutahna daripada seungitna. (Punten pami karaosna rada heuras, hehehe).
Kuring kacida nganuhunkeun pisan ka baraya2 nu sanes utamina para sesepuh nu
tos tiasa mintonkeun kasabaran, kaluhungan elmu pangaweruh, oge mintonkeun
sikep silih ajenan ka sasama sanajan nu diajenanna beda tingkatanana bari
ngunjukkeun sikep teu ngajenan batur. Eta conto hade sakedahna ditiron oge ku
nu sanes.
Mangga Akang Halimunan lenyepan wejangan2 para sesepuh sadayana, mugi Akang
langkung surti pesen2 moral nu aya dina waleran baraya2 sanesna.
Tabe Pun Paralun
te tilu welas
Mencari semua teman di Yahoo! Messenger? Undang teman dari Hotmail, Gmail
ke Yahoo! Messenger dengan mudah sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[email protected]
mailto:[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/