Assalalmualikum
punten ngiring aub deui,....
Dina sabaraha hal kuring teu pati akur jeung kabiasaan Kang Halimun nu sok
resep 'asal' masihan komentar, bari kirang 'gentle' dina teu tiasa masihan
waleran (muter teu puguh pijakan) kana reaksi kawargian nu gaduh pendapat
benten. Namung ngeunaan 'siliwangi' dihandap kuring satuju sareng pamendakna,
bari ningal sabagian kawargian oge 'keukeuh' teuing dina pamendak nyalira nu
dasar argumen na ge teu jelas (ceu kuring relatif).
Diantawisna:
1.Naon dasar na nu jadi payakinan sabagian kawargian yen Siliwangi teu aya nu
Islam?
> nu jadi masalah, kunaon bet seueur nu keukeuh yen siliwangi sanes islam ?
> buktosna naon juragan ? ku logika we pami memang teu aya peninggalan
> asli kaluaran siliwangi mah.
> terus masalahna naon lamun hiji mangsa kabuktian yen siliwangi teh di
> panungtungan
> hirupna lebet islam ?
> uing mah teu aya masalah nanaon, pami hiji mangsa aya bukti yen siliwangi
> sanes islam...
2. Definisi nu dianggo can sami, Siliwangi nu mana nu diributkeun islam
henteuna?
Numutkeun Ambu Siliwangi the dingawitan
Prabu Siliwangi teh DINASTI anu dianggo kawit ti Prebu Maharaja gugur di
Palagan BUBAT (aos CARITA PARAHIYANGAN) didinya aya ditetelakeun JENTRE, TEGES.
Carita Parahiyangan teh BUKU SAJARAH SUNDA anu OTENTIK tos dibuktoskeun ku
analisis Filologis Prpf.DR.. R.M.NG. Poerbatjaraka (alm) anjeuna teh pelopor
EPIGRAFI INDONESIA
Naskah Carita Parahiyangan ditebitkeun mangrupi Transkripsi (alih aksara)
sareng transliterasi (alih bahasa) ku ATJA (alm) judulna Tjarita Parahiyangan:
titilar Karuhun Sunda Abad Ka -16. Terbitan Nusalarang Bandung tahun 1968
Dina terjemahan Pa Aca ngeunaan siksakanda (tingal oge dina ensiklopedi sunda)
carita ngeunaan Siliwangi tos aya tebih samemeh kajantenan Bubat. Kukituna teu
lepat lamun dina pantun didongengkeun ramana Sang Manarah putu Sang Sempak Waja
oge disebat Siliwangi.
Lamun kareresa masihan lolongkrang kana pendekatan sanes ngeunaan siliwangi.
sanes tina realm epigrafi wae, sapertos pendekatan etnography, tiasa janten
dongeng siliwangi islam henteuna langkung berwarna.
Husus ngeunaan siliwangi jaya dewata Islam (bari kedah dipagodoskeun definisi
islam nu mana nu bade dianggo) kumaha upami kuring gaduh bukti sanes, tapi
nganggo pendekatan etnography aya nu kersa 'nguji' janten partisipan
observer??? Aya nu mendakan 'buktos' sanes ti gunung sunda sareng ti suku
gunung salak.
3.Definisi Islam nu mana nu diaranggo dina ieu obrolan?...dumasar kana definisi
agama, asal kecap, atanapi pemahaman kaum tasauf?
Oge ngeunaan sunda wiwitan atawa asli sunda timana sareng naon referensina bet
aya nu ngangken / ngaraos ngawakilan masihan label sunda wiwitan/ asli sunda
dina obrolan kisunda, nu nga'nilai'sadaya pamendak ngeunaan kayakinan sunda
????
kumaha lamun aya -misalna wae - nu nyekel sareat muhammad tapi diajar ajaran
Rahyang Wastukancana, ajaran kasiliwangian Sri Baduga, jeung ka islaman ti
susuhunan agung kean santang... naha bade dianggap lain sunda nu sanes
ngawakilan sunda dina obrolan di kisunda ???
4. Mana ulikan asli sunda nu enya beda tina ulikan Islam Muhammad ??? Lamun
memang aya disunda nu sarua jeung ti islam Muhammad? Saha nu nuturkeun saha??
---
Perkara aden gaduh kayakinan Siliwangi teh islam sajati kusabab meureunan
ningali aya nu samodel tina ajaranana, teu nanaon, ngan bisa jadi aya urang
Arab nu ngumbara kadieu jeung diajar kasundaan terus disebarkeun di ditu. Atawa
meureunan Muhammad na pisan urang sunda, matak teu bisaeun maca tulisan arab
oge. Jeung adat kalawan rupana oge rada beda ti Urang Arab umumna, kasep,
handap asor, jeung tara linyok bohong. Pan ieu mah kanyataan urang sunda
sapopoe atuh, sapertos conto-conto sanesna anu jadi kabiasaan di Sunda tapi
jadi ajaran di ditu:
-
- Mere maweh: da puguh paredit pisan urang ditu mah, kaayeunakeun oge loba TKW
teu di bayar gajihna
- Getol beberesih (sibeungeut jeung mandi): mandi ge kudu di titah da puguh
hese cai tea
- Sumembah ka pangeran : da aslina mah nyarembah patung, dugi ka Kabah ge pinuh
dijeun tempat nyimpenan patung2
- Handap asor ka sasama: da si eta mah meni asa pang dipikanyaahna ku Pangeran,
jadi adigung adiguna
- Diajar ngarasakeun lapar: da tukang barangdahar wungkul , teu awewe teu
lalaki awakna bareukah
- Ngahargaan ka awewe: di ditue mah awewe teh jadi kelas dua, malahan aya nu
diparaehan ti orokna keneh
- jrrd
Aya nu sarua pamundut Prabu Siliwangi sareng Nabi Muhammad, nyaeta duanana teu
meunang digambarkeun/ dilukis, duka naon kasang tukangna mah.
= = =
Ieu conto 'etnocentris' nu janten ngaburkeun 'objektifitas' kayakinan/elmu.
siga urang sunda nyebut kasar ka batak sabab ngadenge sorana di bandung tapi
can pernah lila jeung urang batak nu gaduh gerak/ucap nu lemes. Atawa nyebut
urang inggris teu gaduh tatakrama dina basa siga di sunda. Padahal english
leubeut ku euphemism.
Etnocentris tiasa ngabiaskeun padungdengan ngeunaan obyektifitas nu pasti
subyektif.
ku nyerat kieu kuring ngaduga bakal seur nu ngarentog,...ku kituna samentawis
mangga sun sim abdi bade ngiring ngundangan....
Baktosna,
Eddy Nugraha
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[email protected]
mailto:[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/