Waduh...loba jelema katipu ku kopi podols ki careuh atuh nya? Ceuk MUI, kopi
luwak teh kaasup mutanajis hartina kopi anu kakeunaan ku najis (kokotor),
tapi, lamun geus diberesihan mah jadi halal.

Ngeunaan lauk, bener, fiqh madzhab mana wae anu kapanggih ku si kuring
nyebutkeun halal. Di daerah Makassar jeung sabudeureunana mah geus biasa
loba anu ngajualan menu makan siang pais jeroan lauk bandeng (ikan bolu).
Jeroan teh saujratna, teu dipisahkeun anu mana peujit, mamanis katut endog
lauk jeung anu mana eusining peujit alias taeun lauk tea. Cenah bergizi
pisan pais "jeroan" ikan bolu teh.

manar

2010/7/20 mh <[email protected]>

>
>
> walah eta kopi tubruk, kumaha ngaregotna, ditubruk heula kitu.
>
>
> 2010/7/20 JB <[email protected]>
>
>
>>
>> kuring resep kopi, tapi teu nyandu
>> sakapendak weh, mun keur hayang nyaa ngopi
>> mun ci enteh mah sok sayagi terus, komo ci enteh nu seungit malati
>>
>> jadina teh, asa kumahaaaaa kitu mun nginum kopi nu mangratus rebu, boro2
>> nu ratusan rebu, dalah nu puluhan oge asa lebar... da ngeunah keneh kopi
>> tubruk, komo mun anyar ngagiling kopi na teh....
>>
>> tapi da ari masalah selera mah ning masalah subyektif, komo mun geus
>> dikaitkeun jeung gengsi mah, ning aya kafe nu ngajual kopi nepi ka 60-70rb
>> nu biasa... asa kurang asup kana akal... :D
>> sapuluh kilo eun beas eung
>>
>> heuheuheu...
>>
>>
>> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, oman
>> abdurahman <omana...@...> wrote:
>> >
>> > Dina jero sababaraha poe akhir2 ieu MUI (Majlis Ulama Indonesia), lian
>> ti
>> > disibukkeun ku pasoalan jeung DPR RI dina masalah ONH anu teu daek
>> patotos,
>> > oge rada diririweuh (atawa ngaririweuh maneh?) ku soal haram/halalna
>> kopi
>> > luwak. Ti heula kungsi dipadungdengkeun soal kopi anu dipulung tina
>> kotoran
>> > careuh ieu di milist ieu dina postingan anu dimimitian ku kang Jungkir
>> > Balik...eh ...ku Mh ketang, Eta geuning, harga kopi luwk teh nepi ka
>> > ngahontal 1 jt sakilona anu garing mah.
>> >
>> > Harga kopi luwak memang fantastis atawa teu kira-kira. Sakilo kopi luwak
>> > atah anu karek nyat pisan dikumpulkeun tina, punten, sakumpulan podol
>> careuh
>> > henteu kurang ti rp 350.000. Laju, lamun geus diproses kari nutuan,
>> hargana
>> > naek jadi rp 700.000/kg, nepi ka lamun geus tingal ninyuh hargana di
>> > produsen nerekel deui jadi antara rp 900.000,- nepi ka rp 1 jt sakilona.
>> Di
>> > luar nagreg...eh ...negeri, harga ieu kopi leuwih gelo deui. Kopi luwak
>> anu
>> > geus ditinyuh dina gelas, kari ngaregot, hargana ngahontal $ 100 atawa 1
>> jt
>> > sagelasna. Nyaan, hiji lahan bisnis anu mokaha. Eta teh kusabab rasana
>> > cenah. Teu aya kopi anu pedona nandingan kopi luwak.
>> >
>> > Mireungeuh hargana jeung kusabab proses ngumpulkeunana anu kudu
>> ngaliwatan
>> > beuteung jeung, punten deui, liang tai careuh, MUI ngarasa perlu
>> ngaluarkeun
>> > fatwa ngeunaan halal atawa haram hukum kopi luwak Hasilna?
>> Alhamdulillah,
>> > tadi dina TV geus diwartakeun pamadegan MUI yen kopi luwak henteu haram
>> > lamun diberesihan heula. Maksudna diberesihan teh nyaeta diberesihan
>> nalika
>> > karek dicokot tina kokotor careuh (Nya tangtu wae, piraku teu
>> diberesihan
>> > heula. Moal kapake ku konsumen padu wae mah atuh :) ). Alesanana, sabab
>> > proses dina beuteung careuh teh, cenah, eta proses fermentasi. Oge siki
>> kopi
>> > anu kaluar tina bujur careuh teh teu cecel bocel alias mulus (henteu
>> > bareulah anu bisa pacampur jeung kotoran sejenna ti sang careuh).
>> >
>> > Kusabab geus jelas ieu kaputusan MUI, kabayang saruka bungahna anu geus
>> > nyarobat jeung careuh atawa miara careuh produsen bahan atahan kopi
>> luwak.
>> > Tadi wae dina salah sahiji siaran TV, nalika keur ngawartakeun fatwa
>> kopi
>> > luwak MUI, tembong aya sababaraha careuh piaraan keur diparaban ku kopi
>> atah
>> > (kopi anu masih aya keneh kulitna) ku nu bogana. Ieu careuh-careuh anu
>> > bijaksana teh teu hawek. Anu dihakan ku maranehna ukur daging kulit kopi
>> > atawa bagian pang luarna tina buah kopi. Anapon siki kopina anu di
>> jerona
>> > engkena aya bubuk kopian tea, disimpen dina beuteung maranehna jero
>> sapoe
>> > dua poe. Para ahli nyebut eta proses nyimpen siki kopi sacara naluri
>> sang
>> > careuh teh ku babasan "fermentasi". Isuk-isuk, nalika careuh geus rengse
>> > modol sakumaha biasana, nu bogana sibuk mulungan siki kopi bahan kopi
>> luwak
>> > tea tina antara - punten deui wae - podol careuh.
>> >
>> > Kusabab produksina saperti ditataan di luhur, nya henteu bisa loba
>> > persediaan kopi luwak teh. Ceuk dina beja TV deui, di dunya teh
>> persediaan
>> > kopi luwak ukur aya 500 kiloan. Lebah dieu aya hiji patarosan: Naha
>> > teknologi kopi luwak ieu teh ngan ukur dipikabisa ku bangsa urang? Lamun
>> > enya teh...kudu aya anu buru-buru ngurus hak paten para careuh...eh anu
>> > mimiti manggihan teknik nyieun kopi luwak yeh, bisi kaburu direbut ku
>> batur,
>> > upamana, ku Malaysia (hehehe, hampura eung, Malay). Sanggeus matenkeun
>> > teknologina, laju teknik budaya careuh kudu jadi kaparigelan. Sanggeus
>> kitu,
>> > nya ngebon kopi sing lega, tiap kebon di lengkepan ku hiji dua kandang
>> > careuh jeung careuh piaraanana, "mesin hirup" kopi luwak tea. Geus kitu
>> mah
>> > dijamin geura, kopi pang pedona sadunya teh jadi...murah hehehe.
>> >
>> > Wilujeng miara careuh sareng melak kopi.
>> >
>> > manar
>> >
>>
>>
>  
>

Kirim email ke