Ari Kajian mah atuh kedah ditingalina ku kacamata ilmiah ulah lumpat kaditu 
kadieu...
apanan mengkaji Alquran ku cara sahih oge Amalan shaleh bahkan ageung 
pahalana...
apanan mikir sakejap leuwih hade ti shalat sapeutingan.
punten yeuh, Akang Ziaulhaq nulis kalimah ieu:

"Nu bakal dipertanggung jawabkeun di "Yaumul Akhir" atawa "Yaumul Hisab", 
waktuna Poe Balitungan Amal Manusa.. Lain ceuk batur. Lain Iman batur. Lain 
Kalakuan Batur. "

eta oge kanggo batur pan, bari kanggo nyalira oge... atuh lamun kanggo nyalira 
wungkul mah teu nulis nu eta . punten bilih lepat koreksi wae.

Kang Adnan, punten ieu tulisan teh tina nanggapan pertarosan kang JB, tah jadi 
we di pertelakeun...
lamun akang awas tina eta... pendapat anu ahlulbaet teh Ali, Fatimah, Hasan 
Husein teh para sahabat nabi, Ulama Suni.. anu mutawatir... jadi sanes ceuk 
kuring atawa ceuik saha. 


jadi sebenerna mah kitu ayana... sanes hayang bener sorangan... ngan eta mah 
kanyataan dina ayatna.
boh ditingali tina konteks atawa teksna... atawa asbabun nuzulna...


asbabun nuzul na teh kitu ayana para sahabat jeung ulama suni teh nyaritakeun 
yen ahlulbaet teh lain istri2 nabi...tah ieu teh teu nyusahkeun...Pangeran teu 
nyusahkeun nu nyusahkeun mah nu nyieun syubhat (keraguan) dina perkara teks 
atawa konteksna. ku nyieun isu lainna bari teu aya dasar
tah supaya teu jauh tafsirna... penelitian hadits musti ayana, ka dua wanoh 
kana 
hubungan bahasa quran jadi aya hubunganana.
Sumber asbabun nuzul ayana tina riwayat, pikeun ningali kondisi jaman nabi oge 
tina riwayat... jadi balik deui kana riwayat... henteu kieu tina riwayat tapi 
kondisi lain ti riwayat.

Jadi lamun disebatkeun mah Allah tos masihan kitu gampangna ku dhamir wae 
jentre 
jelasna, heug we maksakeun nu nyieun karaguan ka masyarakat dhamirna 
dipaksakeun 
ka istri nabi, pan lieur jadina.

Ayeuna lamun Akang alim ningali asbabun nuzul teras alim ningal  arab na (walau 
sakedik) teras kumaha atuh bisa nyimpulkeun ieu teh hese jeung teu hese?tah pan 
akhirna tafsirna kumaha diri urang alias sagampangna urang, meureun kitu...

tah nu dimaksud kuring urang teh paham kumaha ceuk quran kumaha ceuk sumber nu 
aya, lain ceuk kumaha sagampangna urang.
ari dhamir (kata ganti ) samisal : kami jeung anjeun, kuring jeung manehna, 
dia, 
aku, he, she, they, i, we... mah jelas bedana.
lamun tafsir dalilna lemah tertolak---komo deui lamun teu aya dasarmah

punten...





________________________________
From: Muhammad Ziaulhaq <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thu, July 22, 2010 1:56:18 AM
Subject: Re: [kisunda] Ahlulbait siapa (Ali, Fatimah , Hasan HUsein) bag I  
--Kang JB

  
Ceuk kami mah kieu...
Nu bakal dipertanggung jawabkeun di "Yaumul Akhir" atawa "Yaumul Hisab", 
waktuna 
Poe Balitungan Amal Manusa.. Lain ceuk batur. Lain Iman batur. Lain Kalakuan 
Batur. 

Pangeran Bakal ngahisab Lakulampah Ngaing, Kayakinan Ngaing, Pola Pikir Ngaing, 
Ibadah Ngaing. Dek ceuk saha wae, ari dina jeroning hate kayakinan tur 
diamalkeun urang yakinna siga sakumaha nu kaharti ceuk Ngaing, nu karasa ceuk 
Ngaing... Nya eta nu dihisab.
 
Ari ayeuna di dunya mah, amalan shalihan.. "amal anu shaleh" nu bakal 
nyalametkeun urang jeung manusa sejenna. dek kayakinan kumaha oge, ari 
lakulampah dholim mah matak cilaka di dunya: teu kuduh jauh, cilaka tah nu 
kasebut ahli ibadah tapi goreng ka tatangga.

Mun si cepot ditanya, naha ibadah maneh kieu. nya pasti nu sakumaha nu kaharti  
nu si cepot. eta nu dipertanggung jawabkeun! 
Cag! 
Zya..

--- On Thu, 7/22/10, Kumincir Wikidisastra <ia.ad...@gmail. com> wrote:


>From: Kumincir Wikidisastra <ia.ad...@gmail. com>
>Subject: Re: [kisunda] Ahlulbait siapa (Ali, Fatimah , Hasan HUsein) bag I  
>--Kang JB
>To: kisu...@yahoogroups .com
>Date: Thursday, July 22, 2010, 1:36 AM
>
>
>  
>bulak-balik dechoque... anu papada ningali asbabun nuzul, terus konteks 
>masarakat arab baheula, terus ditapsirkeun. .. hasilna? padungdeng deui wae... 
>ningali asbabun nuzul bisa beda2 tapsir, ningali konteks masarakat arab 
>baheula, 
>nya ributkeuneun deui wae... moal anggeus2, gan... ka batur nuduh asa aing 
>pangbenerna, batur nu salah. ari manehna sorangan ngarasa yakin bener, 
>tapsiran 
>batur dianggap ngaco... ari ditanya tapsiran saha nu bener, kusabab sieun 
>dianggap adigung, nya jawabna teh mangga we lenyepan ku nyalira... atuh ari 
>kudu 
>ngalenyepan nyalira mah, meureun kudu diajar deui basa arab, mukaan deui 
>asbabun 
>nuzul... hayoh we kitu... padahal, Pangeran mah cenah moal nyusahkeun umatna...
>
>sikandar
>kumincir.blogspot. com
>
>
>2010/7/22 Ahsa
>hehehe.... ari ceuk kuring mah soal Quran emang eta pedoman; ngan urang ge 
>kedah 
>terang yen kumaha eta ayat2quran teh turun teras maksadna naon? sabab nu 
>kukuring kaalaman diajar ulumul quran di UIN, mun hayang hanyo euisi Quran teh 
>kudu ninggali heula asbabun nuzul teras konteks sosial Aran baheula, mun geus 
>kiti baru urang tiasa ngaleuyeupan maksad ayat teh kanggo urang.... teu bisa 
>harfiah... sabab ari harfiah mah bakal padungdeung terus... teu beres2...
>>sabab ku kitu na kudu aya "otoritas" nu ngajelaskeun eta maksad ayat2 Allah. 
>>Mun teu aya mah... dur-deur teras euweuh tungtungna.. .. ngarasa pang aingna 
>>nu 
>>bener.. batur salah...
>> 

 


      

Kirim email ke