Dulur Milis,Tanggapan kami memang keur kami lain keur dia... ngan ari ngaran komunikasi mah asa wajar lamun "nyampaikeun pamikiran sorangan" ka batur. Ngan nu janten beda, kami mah teu aya upaya ngayakinkeun batur supaya sarua jeung kayakinan sorangan.komo ngagul-ngagul kayakinan sorangan nu tuluy matak nyalahkeun tur ngarendahkeun kayakinan batur mah. teras tanggapan : "Nu bakal dipertanggung jawabkeun di "Yaumul Akhir" atawa "Yaumul Hisab", waktuna Poe Balitungan Amal Manusa.. Lain ceuk batur. Lain Iman batur. Lain Kalakuan Batur. "
Keur mere saran keur dulur Milis kana debatable postingan tentang ahlul bait versi postingan Kang Zen. Dulur Milis jeung sakumna manusa boga akal pikir jeung hate nu bisa mirasa mana nu kudu diamalkeun jeung nu kudu ditinggalkeun, katambah pangalaman hirup nu jadi ibrah. Kitu oge pamahaman "kaislaman" gumantung kana kamampuanna: boh pemahaman maranehna ka Alquran (nu saurna Syiah gaduh Alquran sorangan, versi Ali bin Abi Thalib nu penyusunan surah-surah Alquran berdasarkan asbabunnuzul) atawa pamahaman manehna kana hadits atawa pendapat para Ulama, eta nu dipertanggung jawabkeun. Sabab Pangeran moal pahili ngahisab amal jelema. Salam, Zya. --- On Thu, 7/22/10, Mohammad zen <[email protected]> wrote: From: Mohammad zen <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Ahlulbait siapa (Ali, Fatimah , Hasan HUsein) bag I --Tanggapan To: [email protected] Date: Thursday, July 22, 2010, 3:45 AM Ari Kajian mah atuh kedah ditingalina ku kacamata ilmiah ulah lumpat kaditu kadieu... apanan mengkaji Alquran ku cara sahih oge Amalan shaleh bahkan ageung pahalana... apanan mikir sakejap leuwih hade ti shalat sapeutingan. punten yeuh, Akang Ziaulhaq nulis kalimah ieu: "Nu bakal dipertanggung jawabkeun di "Yaumul Akhir" atawa "Yaumul Hisab", waktuna Poe Balitungan Amal Manusa.. Lain ceuk batur. Lain Iman batur. Lain Kalakuan Batur. " eta oge kanggo batur pan, bari kanggo nyalira oge... atuh lamun kanggo nyalira wungkul mah teu nulis nu eta . punten bilih lepat koreksi wae. Kang Adnan, punten ieu tulisan teh tina nanggapan pertarosan kang JB, tah jadi we di pertelakeun. .. lamun akang awas tina eta... pendapat anu ahlulbaet teh Ali, Fatimah, Hasan Husein teh para sahabat nabi, Ulama Suni.. anu mutawatir... jadi sanes ceuk kuring atawa ceuik saha. jadi sebenerna mah kitu ayana... sanes hayang bener sorangan... ngan eta mah kanyataan dina ayatna. boh ditingali tina konteks atawa teksna... atawa asbabun nuzulna... asbabun nuzul na teh kitu ayana para sahabat jeung ulama suni teh nyaritakeun yen ahlulbaet teh lain istri2 nabi...tah ieu teh teu nyusahkeun.. .Pangeran teu nyusahkeun nu nyusahkeun mah nu nyieun syubhat (keraguan) dina perkara teks atawa konteksna. ku nyieun isu lainna bari teu aya dasar tah supaya teu jauh tafsirna... penelitian hadits musti ayana, ka dua wanoh kana hubungan bahasa quran jadi aya hubunganana. Sumber asbabun nuzul ayana tina riwayat, pikeun ningali kondisi jaman nabi oge tina riwayat... jadi balik deui kana riwayat... henteu kieu tina riwayat tapi kondisi lain ti riwayat. Jadi lamun disebatkeun mah Allah tos masihan kitu gampangna ku dhamir wae jentre jelasna, heug we maksakeun nu nyieun karaguan ka masyarakat dhamirna dipaksakeun ka istri nabi, pan lieur jadina. Ayeuna lamun Akang alim ningali asbabun nuzul teras alim ningal arab na (walau sakedik) teras kumaha atuh bisa nyimpulkeun ieu teh hese jeung teu hese?tah pan akhirna tafsirna kumaha diri urang alias sagampangna urang, meureun kitu... tah nu dimaksud kuring urang teh paham kumaha ceuk quran kumaha ceuk sumber nu aya, lain ceuk kumaha sagampangna urang. ari dhamir (kata ganti ) samisal : kami jeung anjeun, kuring jeung manehna, dia, aku, he, she, they, i, we... mah jelas bedana. lamun tafsir dalilna lemah tertolak---komo deui lamun teu aya dasarmah punten... From: Muhammad Ziaulhaq <em_...@yahoo. com> To: kisu...@yahoogroups .com Sent: Thu, July 22, 2010 1:56:18 AM Subject: Re: [kisunda] Ahlulbait siapa (Ali, Fatimah , Hasan HUsein) bag I --Kang JB Ceuk kami mah kieu...Nu bakal dipertanggung jawabkeun di "Yaumul Akhir" atawa "Yaumul Hisab", waktuna Poe Balitungan Amal Manusa.. Lain ceuk batur. Lain Iman batur. Lain Kalakuan Batur. Pangeran Bakal ngahisab Lakulampah Ngaing, Kayakinan Ngaing, Pola Pikir Ngaing, Ibadah Ngaing. Dek ceuk saha wae, ari dina jeroning hate kayakinan tur diamalkeun urang yakinna siga sakumaha nu kaharti ceuk Ngaing, nu karasa ceuk Ngaing... Nya eta nu dihisab. Ari ayeuna di dunya mah, amalan shalihan.. "amal anu shaleh" nu bakal nyalametkeun urang jeung manusa sejenna. dek kayakinan kumaha oge, ari lakulampah dholim mah matak cilaka di dunya: teu kuduh jauh, cilaka tah nu kasebut ahli ibadah tapi goreng ka tatangga. Mun si cepot ditanya, naha ibadah maneh kieu. nya pasti nu sakumaha nu kaharti nu si cepot. eta nu dipertanggung jawabkeun! Cag! Zya.. --- On Thu, 7/22/10, Kumincir Wikidisastra <ia.ad...@gmail. com> wrote: From: Kumincir Wikidisastra <ia.ad...@gmail. com> Subject: Re: [kisunda] Ahlulbait siapa (Ali, Fatimah , Hasan HUsein) bag I --Kang JB To: kisu...@yahoogroups .com Date: Thursday, July 22, 2010, 1:36 AM bulak-balik dechoque... anu papada ningali asbabun nuzul, terus konteks masarakat arab baheula, terus ditapsirkeun. .. hasilna? padungdeng deui wae... ningali asbabun nuzul bisa beda2 tapsir, ningali konteks masarakat arab baheula, nya ributkeuneun deui wae... moal anggeus2, gan... ka batur nuduh asa aing pangbenerna, batur nu salah. ari manehna sorangan ngarasa yakin bener, tapsiran batur dianggap ngaco... ari ditanya tapsiran saha nu bener, kusabab sieun dianggap adigung, nya jawabna teh mangga we lenyepan ku nyalira... atuh ari kudu ngalenyepan nyalira mah, meureun kudu diajar deui basa arab, mukaan deui asbabun nuzul... hayoh we kitu... padahal, Pangeran mah cenah moal nyusahkeun umatna... sikandar kumincir.blogspot. com 2010/7/22 Ahsa hehehe.... ari ceuk kuring mah soal Quran emang eta pedoman; ngan urang ge kedah terang yen kumaha eta ayat2quran teh turun teras maksadna naon? sabab nu kukuring kaalaman diajar ulumul quran di UIN, mun hayang hanyo euisi Quran teh kudu ninggali heula asbabun nuzul teras konteks sosial Aran baheula, mun geus kiti baru urang tiasa ngaleuyeupan maksad ayat teh kanggo urang.... teu bisa harfiah... sabab ari harfiah mah bakal padungdeung terus... teu beres2... sabab ku kitu na kudu aya "otoritas" nu ngajelaskeun eta maksad ayat2 Allah. Mun teu aya mah... dur-deur teras euweuh tungtungna.. .. ngarasa pang aingna nu bener.. batur salah...
