Teu pati diekspose soal ieu mah.
Da Bima meunang ti Hidimba ge na versi India mah saminggu
gelut; teu aya kacatur ditojos ku kuku Pancanaka.


--- In [email protected], Gunawan Yusuf <gunawanyusu...@...> wrote:
>
> bah, ari Bimasena dina versi india gaduh kuku pancanaka teu?
> 
> 2010/8/18 Abbas Amin <abas_ami...@...>
> 
> >
> >
> > Para Kurawa teh memang ngahaja, rek nganyenyeri Pandawa;
> > maranehanana ngahaja curak2 ngaliwat leuweung tempatna
> > Pandawa nyarepi; barang ngaliwatan ka rombongan Pandawa
> > marehna susurakan mani ayeuh; terus saleuseurian bari nunjuk2
> > ka Pandawa.
> >
> > Sang Gatotkacha amarah sakalangkung; enggal cangcut taliwanda
> > bade nanganan eta para Kurawa; tapi diwagel ku Yudhistira; atuh
> > Gatotkacha teh calik deui bari mentegeg.
> >
> > Kurawa saterasna ngadamel kemah nu teu pati tebih ti tempatna
> > Pandawa; ti harita unggal wengi mani ngungkung kendang sareng
> > goong; tandaning teras2an pesta sareng curak2 nganyenyeri ka
> > Pandawa. Waktos harita Kresna, Baladewa, sareng Satyaki tos
> > marulih ka nagarina masing2.
> >
> > Di leuweung nu caket sareng Kurawa pesta saleresna aya bangsa
> > Genderewo sareng pasukanana. Atuh genderewo nu dipimpin ku
> > Citrasena kacida ambekna; nepi ka dina hiji peuting mah,
> > maranehana ngajorag ka kemah kurawa, padahal ka Pandawa mah
> > maranehanana teh can sakali oge ganggu.
> >
> > Atuh ger we tarung ragot; ngan wae Pasukan Kurawa keur ngeunah2
> > pesta; teu nyangka bakal diserang; atuh amburadul pasukanana di
> > burak barik ku Pasukan Genderuwo; malah Sakuni, Suyudhana,
> > sareng Dursasana tos ditalikung. Ngan Karna nu masih keneh soroh
> > amuk. Ku sabab pasukan Genderewo loba nu ancur ku Karna;
> > Citrasena terus ngancam, yen mun Karna teu nyerah Suyudhana
> > harita keneh bakal disiksa. Atuh kapaksa Karna ge serah bongkokan
> > daek diborogod ku para genderuwo.
> >
> > Caturkeun pasukan Kurawa nu katawuran, aya hiji dua ponggawa nu
> > kabur ka tempat Pandawa; teras careurik nyuhunkeun ditulungan;
> > Yudhistira enggal miwarang Bhima, Arjuna sareng Gatotkacha
> > nulungan Kurawa.
> >
> > "Yooooy, Darmaji kakangku; opo mene kakangku ( make jajawaan);
> > bela2 si kurawa sing duratmaka ?"
> >
> > "Eh Yayi Arya, keun we kabehanana eta teh dulur sagetih keneh;
> > urang kudu sabar; di na waktuna pasti aya wawales nu hade keur urang."
> >
> > "Ah! Kula mah bener2 teu ngarti kana pikiran andika teh kakang !?
> > Tapi masing kalah kumaha Kaula memang can pernah nolak kana
> > parentah sampeyan."
> >
> > "Eh Jenet !  Gatot ........... hayu urang mangkat..............."
> >
> > Enggalna ieu tilu jagoan teh angkat mani jaligrah; kantenan atuh
> > Gatotkacha mah mani bingah pisan, lantaran nya ayeuna anjeunna
> > bakal nembongkeun bebela na ka sadaya sepuh2na.
> >
> > Hanca deui wae....................hehehehehe
> >
> >  
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke