Anggap we TUHAN teh bisa ditarima sabage Bahasa Sunda.
Saminggu nu kalangkung Kang Muhammad Zen tos ngajakan wargi2 kanggo
ngabahas TUHAN ieu; tapi teu aya response ti nu sanesna; mung Abbas Amin
wungkul nu ngaresponse teh.
Tah ku margi diantos antos, teu aya wae nu mitembeyan ka na ieu topik, atuh nya
si abah AA heula we lah ngawani wani maneh. sawios da kapan debatable ieuh.
Jadi sadaya gaduh kabebasan kanggo ngalungkeun pikiranana.
Samemeh kuring nepi ka na definisi atawa deskripsi; urang bahas heula topik
Tuhan teh rek ngabahas naon, eksistensi Tuhan? Atawa dimana Tuhan?
Atawa naon ari Tuhan teh ?
Jadi nyata sebutan TUHAN teh teu gampang kitu wae jadi TOPIK; lantaran can
puguh jejer nu disebutkeun ku si A, sarua jeung Jejer nu disebut ku Si B; di na
hal ieu kudu ditempo heula naon nu rek dicaritakeun teh.
Geus kitu mucunghul masalah lain deui nya eta: naha TUHAN teh nu NYIPTA
manusa, atawa manusa nu NYIPTA Tuhan ?
Wah tambah ngalegaan deui ambahanana.
Masalah eksistensi Tuhan. Naha enya aya kituh Tuhan teh ?
Masalah dimana Tuhan ? nyebut Tuhan2 sababaraha kali. tapi dimana atuh eta
nu disebut Tuhan teh ?
Kuring ayeuna mah maning ge nyaritakeun TUHAN nu sagemblengna, atawa
eksistensi sakaligus dimana Tuhan tea.
Ti mana kuring ngamimitian ieu caritaan ? Kuring bakal ngamimitian ti na Qur_an;
atawa ti na Asmaul HUSNA; lantaran nya ti dinya pisan urang bakal beuki jelas
ka sosok nu disebut TUHAN teh.
Tah ku sakitu, pasti ieu bakal panjang lebar..................
enya ge kuring ngamimitian, tapi can puguh tuntas ; tah di na waktu nulis ieu;
bebas satiap anggota milis nuliskeun pikiranana . Sok mangga.............
HANCA