Sampurasun,

Nyutat kana kasauran Kang Irpan Nupalingningrat yen agam jeung budaya 
ngagaduhan kamar sewang-sewangan. Tah ieu nu jadi masalah di Purwakarta teh, 
ngeunaan patung Bima nu kamari ieu ditarotog ku sawatara warga Puwakarta.

Seja sanes milari saha atawa mana nu bener jeung nu salah, nu jelas geus 
ngajadi pamahaman sawatara urang bangsa Indonesia kitu oge urang Sunda yen 
AGAMA ULAH DIBABAWA KANA POLITIK. Naon anu jadi masalah teh nyaeta aya sawatara 
jalna nu manggih hirup jeung hurip dina hiji perkara sok terus sumarambah kana 
sagala perkara.

Cindekna mun hiji jalma ngarasa panyceg masagi dina hiji perkara sok wawanianan 
meutas kana perkara sejen, yatna sok kuwani meuntas kamar tea. Bener tur panuju 
pisan sim kuring kana pamadegan agama ulah dibabawa kana politik, tah ieu 
pamadegan teh kudu panyceg alias konsisten mun ngeunaan perkara sejenne oge, 
dina hal ieu ngeunaan BUDAYA OGE NYA ULAH DIBABAWA KANA AGAMA.

Naon sabenerna kasus BIMA DI PURWAKARTA? Teu aya sanes nyaeta aya jalma nu 
kumawani meuntas kamar, yatna NAFSIRKEUN BIMA KU SARUPANING TAFSIR KAISLAMAN 
KALAYAN METODE SAKAREP INGSUN......

Sakitu....





Kirim email ke