Hatur nuhun kang Oman. Namung, cenah perang barata teh kapungkur leres 
kajantenan di India, di nagara bagian Haryana, janten sanes fiksi jiga 
startrek. Pamohalan upami jalmi harita tiasa ras clok.

Upami ngarujuk ka wikipedia (http://en.wikipedia.org/wiki/Kurukshetra), 
panjangna wewengkon kurusetra teh ti kulon ka wetan mung 50 km, kaler ka kidul 
mung 25 km. Upami sadaya wadya balad pandawa sareng kurawa tumplek di 
kurusetra, jarak antawis balad pandawa sareng balad kurawa bakal langkung 
pondok deui.



--- On Fri, 8/27/10, oman abdurahman <[email protected]> wrote:

From: oman abdurahman <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] samemeh Bharata Yudha ka-27
To: [email protected]
Date: Friday, August 27, 2010, 1:53 AM







 



  


    
      
      
      Rupina nganggo elmu ras clok tea; ari ras emut, ari clok tos aya payuneun 
jalmi anu dipikaemut. Elmu samodel kieu aya ampir di satiap budaya/agama. 

Conto deukeutna wae, di palemburan, nepi ka ayeuna, juru sunat (tukang ngeureut 
bobogaan si jalu dina sunatan) mindeng ngalarapkeun elmu rasclok. Sabab 
arinyana kudu aya di sababaraha tempat dina waktu anu meh bareng sabab pamenta 
anu nyarunatan teh umumna, di lembur,  hayang rebun-rebun wanci subuh 
ngeureutna teh. Pon kitu deui anu nyunatanana, umumna puruneunana teh dina 
wanci ba'da shubuh. Sigana geus pakemna kitu.


Nilik kana kaayaan kitu, elmu nyunatan teh tangtu diajarkeunana bareng atawa 
sapaket jeung elmu raslok. Siga mahasiwa astronomi, lian kudu diajar bab 
bentang jeung benda-benda langit sejenna, maranahenana oge kudu diajar fisika 
cahaya jeung alat teropong minangka sarana pikeun nalungtik bentang jeung 
anggota tatasurya sejenna.


Cag heula bisi jauh teuing.

manar 

2010/8/27 Aschev Schuraschev <[email protected]>
















 



  


    
      
      
      Punten bah, bade naros, sabaraha jam Yudistira dugi nepangan Bisma margi 
jarakna 500 km (jarak Jakarta - Blora)?





--- On Thu, 8/26/10, Abbas Amin <[email protected]> wrote:


From: Abbas Amin <[email protected]>
Subject: [kisunda] samemeh Bharata Yudha ka-27

To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" 
<[email protected]>

Date: Thursday, August 26, 2010, 5:51 AM







 



    
      
      
      Caturkeun wae dua pihak Kurawa Astina lan Pandawa tos papayun payun di na 
radius 500 KM; tinggal pruk aya Komando peperangan pasti ger jadi.



 




      

    
     



 











      

    
     

    
    






  










    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke