didunya timur mah, mistik teh biasa-biasa saja, geus ilahar mun dibarat dianggap aheng , da teu kataekan. leupas tina mimpi, pamikiran kg irpan oge wajar, sabab metoda atikan urang, ti tk nk ka s3 elmu nu diajarkeun di urang, 99% praktis ti barat, lain goreng tapi dina silabusna , euweuh matakuliahna, da beda sistim coba lamun nyieun universitas anu miangna ti budaya nusantara/timur pasti ka uji ka ahenganana. hn*0catea
2010/8/24 irpan rispandi <[email protected]> > > > Salah sahiji Film paporit kuring nyaeta 300. Film anu nyaritakeun Raja > Leonidas jeung 300 punggawana, maju jurit nempuh pasukan Persia anu mang > juta-juta. Manehna milih basisir Thermophylae anu ngabogaan lawang heureut, > anu cocok pisan pikeun perang anu bertahan. Film eta dumasar kana Perang > Thermophylae di daratan Yunani anu kajadian antara bulan Agustus atawa > September taun 480 Samemeh Masehi (kurang leuwih 2490 taun kaliwat). Yunani > terkenal ku Dewa-Dewana, tapi asa can ngandenge (pedah kuring kurang elmu > he.he..he.) hal-hal mistik-mistikan siga di urang. > > Pajajaran pareum taun 1600 an Masehi (kurang leuwih 400 taun kaliwat), tapi > asa araraheng we carita-carita na teh nya. Anu tilem lah, jadi maung lah. > he..he..he... > > Padahal dina segi elmu pangaweruh, Yunani (baheula) kaitung onjoy, boh > dina tata pamarentahan, boh dina teknologi kahirupan. Siganateh teu make > jin-jinan siga bandung bondowoso nu nyieun lorojongrang. > > Atawa memang bangsa urang mah "Sang Pemimpi" he..he..he... > > > > > -- > R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupalingningrat, teureuh Planet Krypton > > > > > > On 08/24/2010 10:42 AM, oman abdurahman wrote: > > > > Mh, > > Memang kaaslian hiji naskah bisa dipaluruh ku nitenan basa anu > digunakeunana. Kaasup naskah Uga Wangsit Siliwangi oge beunang ditangtukeun > asli atawa henteuna ngaliwatan studi kritis soal basana. > > Baraya, contona kieu: sababaraha waktu kaliwat, kuring manggihan naskah > Wangsit Siliwangi anu dina teksna nyebutkeun kecap "kupat tahu". Terus upama > diasumsikeun kupat tahu can aya di Jabar dna abad 15 M jeung diasumsikeun > eta naskah teh ti abad 15 M mangsa hirupna Prabu Siliwangi, geus bisa > ditarik kasimpulan yen eta naskah teh lain ti Prabu Siliwangi. > > Dina nalungtik kaaslian hiji naskah, bebeneran asumsi perlu disaluyuan > heula (tangtu wae perlu dibuktikeun heula ku data oge). > > Ku postingan anu aya soal wangsit PS ieu, saeutikna si kuring geus > manggihan 3 rupa, diantarana anu nembe dipostingkeun ku ...hilap namina, anu > basana lemes siga basa beh dieu pisan. Tong boroning kitu, wangsit PS anu > dicutat ku Mh ti Ambu (anu mana sarua jeung anu katampi ku kuring ti hiji > sepuh, dina format kertas ketikan), saur kang Nana Munajat mah eta jieunan > sastrawan Sunda, jalmina oge aya keneh dikieuna, sastrawan Sunda anu cukup > kahot. > > Cag heula, ke disambung deui sugan pareng. > > manar > > > > > > > 2010/8/24 mh <[email protected]> > >> >> >> ambu oge baraya sanesna. >> sainget uing ieu naskah geus sumebar di internet, sababaraha taun kaliwat. >> >> cing sugan aya nu apal, timana ieu naskah asalna, atawa rujukanana? >> >> mun nilik bahasa nu digunakeunana, asana basa sunda beh dieu. >> jigana umurna leuwih ngora ti bahasa nu digunakeun dina naskah sanghiyang >> siksa. >> >> nuhun >> -mh- >> >> 2010/8/23 mh <[email protected]> >> >>> meunang nyalin tina fb si ambu. nyanggakeun: >>> >>> =============== >>> UGA WANGSIT SILIWANGI SALENGKEPNA >>> by Richadiana >>> Kartakusuma<http://www.facebook.com/profile.php?id=1537983874>on Monday, >>> August 23, 2010 at 6:58pm >>> >>> *SILIWANGI* >>> >> > . > > > > >
