Alhamdulillah, saena mah saenggalna diusulkeun ka Pemda Jabar+Banten, Pemda.Kab./Kota sa-Jabar+Banten, bari susuganan jadi simpay anyar masyarakat Jabar+Banten.
Cag! On 11/17/10 8:38 AM, "oman abdurahman" <[email protected]> wrote: > Baraya, > > Wilujeng ngalaksanakeun ibadah qurban, mugia sanes korban wae anu berkorban > teh, namung kalebet urang oge kacatet salaku anu berkurban dina ieu kahirupan. > > Nembe pisan abdi nampi sms ti pa Kadisparbud Jabar anu nembe rengse ngaluuhan > acara sidang ke-5 Inter-Governmental Committee di Nairobi, Kenya, 16 Nopember > 2010. Anjeunna netelakeun yen dina sesi "Evaluasi Nominasi untuk Inkripsi 2010 > tentang "Representative List of the Intangible Cultural of Heritage of > Humanity" dina eta sidang, ANGKLUNG ti Jawa Barat (Sunda), Indonesia, kapilih > janten "the representative list of the intangible cultural heritage of > humanity" sadunya. Ieu hiji kareueus keur urang. Kareueus anu kudu saenggalna > disusul ku lengkah nyata ngalaksanakeun eta amanah. > > Salah sahiji amanah tina kapilihna Angklung salaku the world representative of > the intangible cultural of heritage of humanity nyaeta miara jeung ngamumule > angklung salaku warisan budaya urang kalebet awi minangka indungna angklung. > Geus waktuna angklung dihirupkeun deui di sakola-sakola, lingkungan RT jeung > RW, padesaan, kacamatan, kabupaten/kota tug nepi ka tingkat provinsi; dina > rupa-rupa media saperti: Koran, Radio, TV, Radio Komunitas, jst. > > Festival angklung jeung seni tina awi lianna geus meujeuhna diayakeun kalawan > maneuh (unggal taun, upamana). Pon kitu deui, seniman angklung jeung seni > berbasis awi sejenna (Lais, Calung, Karinding, jst) kudu dihargaan. Rupa-rupa > awi kudu dipelak deui (alusna pamarentah Jabar boga kebon rupa2 awi, kaasup > awi endemis Tatar Sunda, "neng" El-el ti Pangalengan tea - maksudna awi anu > namina "El-el" anu endemis Pangalengan, bandung). > > Dina mangsana Pamarentaj Jabar boga beaya jeung dirojong ku gegedena > masyarakat, nya teu aya salahna upama diadegkeun "Museum Angklung jeung Awi > Jawa Barat". Di jero ieu museum lengkep aya rupa-rupa jenis angklung, sajarah > diciptakeunana jeung anu nyiptakeun angklung jeunng rupa kasenian anu bahan > bakuna tina awi. Ieu museum kudu oge dilengkepan ku rupa-rupa jenis awi anu > aya di Tatar Sunda, jeung media pendidikan seni angklung, seni sejenna anu > bahan bakuna tina awi, jeung fungsi awi keur lingkungan. > > Cag heula. > > baktosna, > manar >
